Johannes Latuharhary: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilham AG (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Ilham AG (obrolan | kontribusi)
Baris ka-19:
Ku lantaran aktifitas anti-kolonial Johannes, manéhna dibéré pilihan ku pamaréntah Walanda: mundur salaku hakim atawa eureun milu pergerakan kamerdékaan. Johannes mutuskeun pikeun mundur salaku hakim sarta pindah haluan jadi pangacara.<ref name=":0" /> Ieu kaputusan ngabeuratkeun ékonomi kulawargana – salaku hakim ketua, manéhna digajih 750 gulden nu kawilang gedé jaman harita, tapi teu loba ditabung lantaran béak dipaké donasi ka Sarekat Ambon jeung béasiswa manéhna (Ambonsch Studiefonds). Sanajan kitu, manéhna jadi pangacara nu kawilang kasohor di Jawa Timur sanggeus berhasil mertahankeun hak lahan petani lokal ti pabrik gula, sarta manéhna kapilih jadi anggota ''Regentschapsraad'' (sarua jeung Dewan Perwakilan Rakyat Daérah tingkat Kabupatén) di Probolinggo taun 1934. Tuluy, manéhna jadi DPRD Provinsi Jawa Timur (''Provinciale Raad'') nepi ka taun 1942.<ref name=":0" /><ref>{{Cite book|title=Tokoh-Tokoh Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia|last=Manus, MPB; Ghazali, Zulfikar; Zuhdi,|first=Susanto; Sumardi; Kuswiah, Wiwi|publisher=Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan|year=1993|location=Jakarta|url=http://repositori.kemdikbud.go.id/12970/1/Tokoh%20tokoh%20badan%20penyelidik%20usaha%20usaha%20persiapan%20kemerdekaan%20indonesia.pdf}}</ref>
 
Johannes jadi pupuhu munggaran Jong Ambon, sanggeus organisasi éta diadegkeun dina taun 1936. Manéhna ogé milu dina pemilihan umum anggota Volksraad ngawakilan Ambon dina taun 1939 kalayan kampanyeu dumasar sentimén nasionalismé, sabari ngawangun sababaraha cabang anyar pikeun SA. Tapi, manéhna gagal meunangkeun korsi kursi lantaran éléh ku salah saurang caleg katurunan bangsawan anggota ''Regentenbond''. Johannes ahirna mah jadi anggota [[Partai Indonesia Raya (Parindra)]].
 
=== Jaman Jepang ===
Sanggeus [[Jepang]] datang ka [[Indonésia]], Johannes jeung sababaraha pupuhu Parindra liana dipenjarakeun ku Jepang. Sanggeus opat bulan, istrina bisa ngarayu saurang laksamana Jepang sangkan ngabébaskeun Johannes ti panjara. Dina sasih Septembér 1942, manéhna pindah ka [[Jakarta]] sarta ngurus istri budak [[KNIL]] ti MalkuMaluku jeung Timor nu bapana ditawan Jepang atawa diévakuasi ka [[Australia]].<ref name=":0" />
 
Di Jakarta, Johannes digawékeun Jepang salaku Departemen Urusan Dalam Negeri (''Naimubu'') pikeun ngatur jeung tanggung jawab kana komunitas perantauan Maluku di Jawa.<ref name=":0" /><ref name=":3" /> Johannes dijebloskeun deui ka panjara dina taun 1944 jeung sababaraha perantauan ti Maluku liana lantaran disangka ku [[Kempeitai]] salaku  mata-mata [[sekutu]], jeung ogé lantaran Johannes ngamangpaatkeun jabatanna pikeun tujuan kamerdekaan Indonésia.<ref name=":0" /> Istrina sakali deui ngarayu saurang komandan AL Jepang pikeun ngabébaskeun Johannes dkk.<ref name=":0" /> Masih dina taun 1944, nu katilu kalina, Johannes ditéwak jeung dipenjarakeun, ayeuna mah pedah aya tawanan Maluku nu kabur ti panjara.<ref name=":0" /> Pamaréntah Jepang di Indonesia jaman harita emang geus nyangka perantauan Ambon sanggeus [[Pertempuran MorotaiMorota]]<nowiki/>i jeung pengeboman kota Ambon ku sekutu taun 1944, ditambah deui ku aksi-aksi [[Julius Tahija]] salaku mata-mata sekutu.<ref name=":0" />
 
== Daptar Rujukan ==