Aki Panyumpit: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Ananta G (obrolan | kontribusi)
Kaca anyar: Tokoh nu mindeng muncul dina carita pantun minangka tukang moro sato leuweung. Disebut Aki Panyumpit téh duméh pakarangna maké sumpit. Upama dicaritakeun, biasana babareng...
(taya bédana)

Révisi nurutkeun 22 Nopémber 2007 02.51

Tokoh nu mindeng muncul dina carita pantun minangka tukang moro sato leuweung. Disebut Aki Panyumpit téh duméh pakarangna maké sumpit. Upama dicaritakeun, biasana babarengan jeung pamajikanana nu disebut nini panyumpit. Hasil morona biasana diwadahan dina koja si déngdékpoé. Dina Lutung Kasarung, Aki Panyumpit diperedih pikeun néwak lutung ku Prabu Tapa Ageung geusan anjeuna bobor saum. Sedengkeun dina Budak Manjor mah, aki panyumpit téh dititah pikeun néwak 27 lutung, 25 monyét, jeung jaralang (sarupaning bajing nu buntutna panjang).

Referensi

Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Rosidi, dkk: 2000)