Jalma-jalma nu keur moro

Moro nyaéta kagiatan anu dipigawé ku cara néangan, ngudag, sarta maéhan sato jarah.[1] Dina pakasaban urang Sunda tukang moro sato nu maké tumbak téh biasana disebut pamatang.[2] Dina awalna, kagiatan ieu dipigawé manusa pikeun meunangkeun kadaharan. Tapi, moro ngembang jadi hobi sarta saterusna jadi salah sahiji cabang olahraga.[1] Saluyu jeung kamajuan jaman, tujuan moro turut ngalaman parobahan.[1] Jaman baheula, moro mangrupa pakasaban utama.[1] Ayeuna, jelema moro pikeun nyalurkeun hobi.[1] Di Indonésia, moro geus dipigawé para bangsawan saprak abad ka-17 kalayan numpak kuda.[1] Maranéhanana biasana mibanda tempat moro husus, contona wewengkon leuweung anu dicicingan ku sato nu loba kawas babi leuweung sarta uncal.[1]

Sato nu di MoroÉdit

Sato anu dimoro teu kawates dina sato darat waé (maung, singa, gajah, babi leuweung, uncal, sarta oray) tapi ogé kaasup sato cai (contona paus, lauk, sarta buaya).[1] Sato nu di moro teu ukur didahar atawa dijadikeun hiasan imah pikeunnu moro waé, tapi ogé ditukeur sarta dijualbeulikeun.[1] Kulit buaya sarta oray bisa dimangpaatkeun minangka bahan beubeur, tali jam leungeun, sarta tas. Kulit maung biasna dijadikeun minangka pakéan.[1] Sedengkeun gading gajah dicokot minangka hiasan.[1]

Pamoroan di IndonésiaÉdit

Dumasar aturan Pamaréntah No. 13 Taun 1994, moro dibédakeun jadi tilu macem, nyaéta moro tradisional pikeun kaperluan dahar, moro pikeun keerluan olahraga sarta tropi, sarta moro pikeun kaperluan séjénna.[1] Pamaréntah Indonésia ogé ngatur pas moro jadi sawatara wewengkon, contona taman moro, kebon moro, sarta wewengkon moro. Taman moro nyaéta wewengkon leuweung anu ditetepkeun ku pemrintah minangka tempat moro.[1] Kebon moro nyaéta lahan pikeun moro anu aya di luar taman moro.[1] Sedengkeun wewengkon moro nyaéta tempat moro nu ayana di luar taman moro sarta kebon moro.[1].

RujukanÉdit

  1. a b c d e f g h i j k l m n o (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. Hadi, Drs. Ahmad (1991) Peperenian. Bandung; Geger Sunten. Kaca 32