Pikeun genus sato Ricinus (Insecta, Phthiraptera) , tempo Ricinus (sato).
Kaliki
Tangkal jeung daun kaliki
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Subtribus:
Ricininae[1]
Génus:
Ricinus

Spésiés:
R. communis
Ngaran binomial
Ricinus communis
L.

Kaliki (Ricinus communis) nyaéta tangkal anu hirupna nahun, kembangan, buahna ngaranggeuy tur baruluan, daunna ngan hiji dina sagagang ngarangkadak kawas ramo jumlahna aya 7 nepika 9 ramo, mangrupa hiji-hijana spesies dina genus monotypic, Recininae, Tangkalna ngarungkun, Tangkal kaliki mibanda ngaran daérah anu béda-béda, di Jawa disebut jarak, balacai ternate, paku penuai timor, di Sumatra tangkal kalili disebut Dulang aya ogé anu nyebut Gloah, di Madura disebut Kalek[2]. Mangsa dewasa tangkal kaliki buleudan tangkalna bisa nepikeun ka 10–40 cm, ku bantuan alat-alat moderen tangkal kaliki kiwari keur ditaluntik ngeunaan evolusi tur patula patalina jeung spesies séjén.[3]

Pedaran

édit

Communis ricinus atawa kaliki mibanda loba varietas anu mibanda ciri mandiri séwang-séwangan naha dina kabiasaan hirup atawa dina katempona (variabilitas). Kaliki geus dipelak kalawan dina jumlah anu loba pikeun diala sikina anumangrupa bahan piminyakeun/diolah pikeun diarah minyakna , dina tumuwuhna tangkal kaliki gancang pisan mangrupa rungkun anu nahun tangkalna bisa waé nepika 12 méter hanjakal tangkal kaliki henteu bisa tumuwuh di wewengkon anu tiis.[4]

Sajarah

édit

Siki kaliki geus kapanggih dina kuburan-kuburan di Mesir, minyakna lila hurung loba dimangpaatkeu pikeun cempor, obor, jeung lampu paragi nyaangan anu séjéna. di Yunani dipaké ogé pikeun ubar gosok, ubar nyeri beuteung, jeung paragi nyuburkeun buuk. The Ebers Papyrus nyaéta catetan ubar-ubar jaman Mesir.

Mangpaat kaliki

édit

Anu ilahar dimangpaatkeun tina tangkal kaliki nyaéta:

  1. Daun kaliki mibanda mangpaat pikeun ngubaran bunghak beuteung alatan asup angin ogé nyeuri beuteung alatan hésé miceun
  2. Gagang daun kaliki bisa dipaké ngubaran nyeri ceuli
  3. Geutahna bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran raheut, jeung kulit bolédéh ku sabab sariawan, atawa raheut séjéna
  4. Sikina diarah minyakna pikeun loba kabutuhan[5]

Tutumbu kaluar

édit

Dicutat tina

édit
  1. Rizzardo, RA; Milfont, MO; Silva, EM; Freitas, BM (December 2012). "Apis mellifera pollination improves agronomic productivity of anemophilous castor bean (Ricinus communis).". Anais da Academia Brasileira de Ciencias 84 (4): 1137–45. doi:10.1590/s0001-37652012005000057. PMID 22990600. 
  2. ngaran Jeung mangpaat kaliki
  3. "BSBI List 2007". Botanical Society of Britain and Ireland. Diarsipkan dari versi asli (xls) tanggal 2015-02-25. Diakses tanggal 2014-10-17.  Archived 2016-03-03 di Wayback Machine
  4. Christopher Brickell, ed. (1996). The Royal Horticultural Society A-Z Encyclopedia of Garden Plants. London: Dorling Kindersley. pp. 884–885. ISBN 0-7513-0303-8. 
  5. "Mangpaat geutah kaliki (Di tempo 12 Mei 2016)".  Text "http://manfaatnyasehat.blogspot.co.id/2014/09/manfaat-daun-jarak-pagar-biji-getah-dan.html" ignored (bantuan);