Kamentrian Pangatikan jeung Kabudayaan Indonésia

Citakan:Pendidikan di Indonesia

Kamentrian Pangatikan jeung Kabudayaan Indonésia
Bendera Kementerian Pendidikan, Kebudayaan,
Riset, dan Teknologi
Dasar hukumPeraturan Presiden No. 62 tahun 2021
Nomenklatur saméméhna
  • Departemen Pengajaran (1945–1948)
  • Departemen Pendidikan dan Kebudayaan (1948–1955, 1966–1999)
  • Departemen Pengajaran, Pendidikan, dan Kebudayaan (1955–1966)
  • Departemen Pendidikan Nasional (1999–2009)
  • Kementerian Pendidikan Nasional (2009–2011)
  • Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan (2011–2021)[1]
  • Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Riset, dan Teknologi (2021–sekarang)
SloganTut Wuri Handayani
(basa Indonésia: Dari belakang seorang guru harus bisa memberikan dorongan dan arahan)
Alokasi APBNRp621 triliun
Direktur Jenderal
Guru dan Tenaga KependidikanNunuk Suryani
Pendidikan Anak Usia Dini, Pendidikan Dasar, dan Pendidikan MenengahIwan Syahril
Pendidikan VokasiKiki Yuliati
Pendidikan Tinggi, Riset, dan TeknologiAbdul Haris
KebudayaanHilmar Farid
Kepala Badan
Pengembangan dan Pembinaan BahasaEndang Aminudin Aziz
Standar, Kurikulum, dan Asesmen PendidikanAnindito Aditomo
Staf Ahli
Bidang RegulasiNur Syarifah
Bidang Hubungan Kelembagaan dan MasyarakatMuhammad Adlin Sila
Bidang InovasiJony Oktavian Haryanto
Bidang Manajemen TalentaTatang Muttaqin
Bidang Warisan BudayaLowong
Perpustakaan Nasional Republik Indonesia
Kantor pusatJalan Jenderal Sudirman, Senayan, Jakarta, Indonesia, 10270
Situs webwww.kemdikbud.go.id

Kamentrian Pangatikan jeung Kabudayaan Indonésia ;(id) Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Riset, dan Teknologi (disingket Kemendikbud Risték sok disebut ogé Kemdikbud atawa Kemendikbud) nyaéta hiji kamenterian dijero Pamaréntah Indonésia anu ngalaksanakeun tugas urusan di lapangan dina widang atikan. Ti mimiti atikan satingkat sakola TK, sakola SD, sakola SMP, Sakola vokasi /kajuruan]], jeung atikan Sakola luhur; ngokolakeun kabudayaan; ngaronjatkeun widang panaluntikan/risét jeung téknologi. Ieu kamenterian aya di sahandapeun jeung tanggung jawab langsung ka Présidén Indonésia, ieu kamentrian dipingpin ku Menteri Pendidikan, Kabudayaan, Risét, jeung Téknologi (Mendikbud Risték).

Tugas jeung tanggung jawab

édit

Tugasna tayalian ngalaksanakeun urusan pamaréntahan dina widang atikan, kabudayaan, élmu pangaweruh, jeung téhnologi pikeun ngarojong Présidén dina ngokolakeun pamaréntah nagara.[2]

Enggoning dina prakna ngalaksanakeun tugas, Kamendikbud Risték ngalaksanakeun tanggung jawab pikeun:

  1. Ngarumuskeun jeung netepkeun kawijakan dina widang atikan jeung pangatikna, atikan barudak leutik, atikan dasar, atikan panengah, atikan vokasi, atikan sakola luhur, jeung kabudayaan;
  2. Ngarumuskeun jeung netepkeun kawijakan dina widang élmu pangaweruh (sains) jeung téknologi;
  3. Gawé bareng jeung nyaluyukeun prak-prakanna palebah ngalaksanakeun kawijakan dina widang ipték di paguron luhur dina raraga ngalaksanakeun tridharma paguron luhur.;
  4. Ngalaksanakeun kawijakan dina widang merenahkeun formasi pangatik, mindahkeun, sarta ngamekarkeun karirna ogé mindahkeun pangatik jeung sagala rupana di sakuliah wewengkon propinsi.
  5. Nyusun standar, kurikulum jeung pameunteun dina widang atikan;
  6. Netepkeun standar atikan nasional jeung kurikulum nasional pikeun atikan panengah, atikan dasar, atikan PAUD jeung atikan non-formal;
  7. Prakna ngalaksanakeun kawijakan dina widang paguron luhur;
  8. Ngalaksanakeun kawijakan dina widang élmu pangaweruh jeung téknologi di paguron luhur dina raraga ngalaksanakeun tridharma paguron luhur;
  9. Ngalaksanakeun ngafasilitasi pangatik jeung tanaga ngeunaan pendidikan jeung ngalaksanakeun atikan ka barudak leutik, atikan dasar, atikan panengah, atikan kajuruan/ vokasi, atikan luhur, risét, téknologi, jeung kabudayaan;
  10. Kawijakan dina widang ngalestarikeun cagar budaya jeung ngamajukeun kabudayaan;
  11. Ngalaksanakeun kawijakan dina widang ngamekarkeun ngeunaan film nasional;
  12. Ngalaksanakeun kamekaran, pangapingan, jeung panyalindungan basa jeung sastra;
  13. Ngalaksanakeun ngokolakeun sistim ngeunaan buku;
  14. Ngalaksanakeun pangapingan téknis jeung supervisi ngeunaan prak-prakan urusan atikan jeung kabudayaan di daérah;
  15. Gawé bareng dina prakna ngalaksanakeun tugas, pangapingan, jeung méré pangrojong administrasi ka sakumna unsur organisasi di lingkungan Kamenterian;
  16. Ngokolakeun barang boga nagara anu jadi tanggung jawab Kamenterian;
  17. Ngaroris kana prakna ngalaksanakeun tugas di lingkungan Kamenterian; jeung
  18. Ngalaksanakeun pangrojong substantif pikeun ngahontal tujuan tur sasaran stratégis Kamenterian.

Susunan Organisasi

édit

Dumasar kana Paraturan Présiden Nomor 62 Taun 2021 ogé Permendikbud Risték Nomor 28 Tahun 2021, Kamenterian Atikan, Kabudayaan, Risét, jeung Téknologi dumasar kana:[2][3]

  1. Sékretariat Jénderal
    1. Biro Perencanaan
    2. Biro Keuangan jeung Barang Milik Nagara
    3. Biro Sumber Daya Manusa
    4. Biro Organisasi jeung Tata Laksana
    5. Biro Hukum
    6. Biro Gawé Bareng jeung Hubungan Masyarakat
    7. Biro Umum jeung Pengadaan Barang jeung Jasa
  2. Diréktorat Jénderal Guru jeung Tanaga Pangatikan
    1. Sékretariat Diréktorat Jénderal
    2. Diréktorat Pangatikan Profési Guru
    3. Diréktorat Kepala Sakola, Pengawas Sakolah, jeung Tanaga Kapendidikan
    4. Diréktorat Guru pangatik Anak Usia Dini jeung Pangatik Masyarakat
    5. Diréktorat Guru Pangatik Dasa
    6. Diréktorat Guru Pangatik Panengah sarta Pangatikan Khusus
  3. Diréktorat Jénderal Pangatik Anak Usia Dini, Dasar, sarta Panengah
    1. Sékretariat Direktorat Jénderal
    2. Diréktorat Atikan Anak Usia Dini
    3. Diréktorat Sakola Dasar
    4. Diréktorat Sakola Panengah ka hiji
    5. Diréktorat Sekola Menengah Atas
    6. Diréktorat Pangatik Masyarakat katut Pangatikan Khusus
  4. Diréktorat Jénderal Atikan Vokasi
    1. Sékretariat Diréktorat Jénderal
    2. Diréktorat Sakola Panengah Kajuruan
    3. Diréktorat Kursus jeung Palatihan
    4. Diréktorat Akademik Atikan Luhur Vokasi
    5. Diréktorat Kalembagaan jeung Sumber Daya Atikan Luhur Vokasi
    6. Diréktorat Kamitraan jeung Penyelarasan Dunia Usaha sarta Dunia Industri
  5. Diréktorat Jenderal Atikan Luhur, Risét, jeung Téknologi
    1. Sékretariat Diréktorat Jénderal
    2. Diréktorat Pembelajaran jeung Kamahasiswaan
    3. Diréktorat Kalembagaan
    4. Diréktorat Sumber Daya
    5. Diréktorat Risét, Téknologi, jeung Pangabdian Ka Masyarakat
  6. Diréktorat Jénderal Kabudayaan
    1. Sékretariat Diréktorat Jénderal
    2. Diréktorat Kapercayaan Terhadap Tuhan Yang Maha Esa jeung Masyarakat Adat
    3. Diréktorat Widang film, Musik, jeung Média
    4. Diréktorat Parlindungan Kabudayaan
    5. Diréktorat Kamekaran sarta Pamanfaatan Kabudayaan
    6. Diréktorat Pembinaan Tenaga jeung Lembaga Kebudayaan
  7. Inspéktorat Jénderal
    1. Sékretariat Inspéktorat Jénderal
    2. Inspéktorat I
    3. Inspéktorat II
    4. Inspéktorat III
    5. Inspéktorat IV
    6. Inspéktorat Invéstigasi
  8. Badan Standar, Kurikulum, jeung Asesmen Pangatikan
    1. Sékretariat Badan
    2. Pusat Standar sarta Kawijakan Pangatikan
    3. Pusat Kurikulum dan Pembelajaran
    4. Pusat Asesmen Pangatikan
    5. Pusat Perbukuan
  9. Badan Pengembangan sarta Pembinaan Basa
    1. Sékretariat Badan
    2. Pusat Pengembangan sarta Perlindungan Bahasa jeung Sastra
    3. Pusat Pembinaan Bahasa jeung Sastra
    4. Pusat Penguatan jeung Pemberdayaan Basa

Aya sababaraha puseurna anu di réksa sarta tanggung jawabna ka Menteri ngaliwatan Sékretaris Jénderal.

  1. Puseur Data katut Téknologi Inpormasi
  2. Puseur Pangatikan sarta Palatihan Pagawai
  3. Pusat Prestasi Nasional
  4. Puseur Panguatan Karakter
  5. Puseur Layanan Pembiayaan Pangatikan

Aya ogé sababaraha staf ahli anu aya dina pang réksa sarta tanggung jawab ka Menteri kalawan sacara administratip dikokolakeun ku Sékretaris Jénderal.

  1. Staf Ahli Widang Hubungan Kelembagaan dan Masyarakat
  2. Staf Ahli Widang Inovasi
  3. Staf Ahli Widang Régulasi
  4. Staf Ahli Widang Manajemén Talénta
  5. Staf Ahli Widang Warisan Budaya

Sajarah

édit

Mimiti Kamerdékaan (1945–1950)

édit

Mangsa saméméh kamerdékaan, atikan lain pikeun ngaronjatkeun kaparigelan kaum pribumi, tapi leuwih kana kapentingan kolonial anu ngajajah. Palebah dieu, ngagalurana sumanget ka-Indonésia-an kacida leketna salaku bagian tina ciri diri salaku bangsa merdéka. Alatan kitu henteu kaleuleuwihi mun mangsa harita instruksi menteri ogé aya patalina jeung usaha ngahudangkeun sumanget pajoangan kujalan ngawajibkeun sakolah pikeun ngibarkeun bandera mérah putih unggal poé di buruan sakola, nyanyi lagu Indonésia Raya, sarta ngaleungitkeun ngalakukeun lagu Jepang Kimigayo.[4]

Organisasi kamenterian anu mangsa harita ngarana masih kénéh Kamenterian Pengajaran kawilang basajan. ngan waé, kasadaran pikeun nyayagikeun kurikulum geus dilaksanakeun. Menteri Pangatikan anu munggaran dina sajarah Républik Indonésia tayalian Ki Hadjar Déwantara. Dina Kabinét Syahrir I, Menteri Pangatiakan dipercayakeun ka Mr. Mulia. Mr. Mulia ngalaksanakeun rupa-rupa tarékah saperti nuluykeun kawijakan menteri saméméhna dinawidang kurikulum museur kana wawasan kabangsaan, ngoméan sarana jeung prasarana pangatikan, sarta nambahan jumlah guru.[4]

Mangsa Kabinét Syahrir II, Menteri Pangajaran dijabat ku Muhammad Sjafei nepika tanggal 2 Oktobér 1946. Satuluyna, Menteri Pangajaran dipercayakeun ka Mr. Soewandi nepika 27 Juni 1947. Mangsa kapamimpinan Mr. Soewandi ieu ngadegkeun hiji Panitia Panaluntik Pangajaran Républik Indonésia anu dipupuhuan ku Ki Hadjar Déwantara. Panitia ieu tujuanna pikeun maheutkeun dasar-dasar jeung susunan pangatikan anyar.[4]

Mangsa Démokrasi Liberal (1951–1959)

édit

Mangsa harita bisa disebutkeun kaayaan pulitik keur henteu merenah, kitu deui program anu hayang dijadikeun udagan téh, teu bisa diguar jeung dibéjérbéaskeun. Salila démokrasi liberal ieu, kurang leuwih salapan taun, aya kana tujuh kali gunta-genti kabinét. Kabinét Natsir anu ngadeg tanggal 6 Séptémber 1950, nunjuk Dr. Bahder Johan salaku Menteri Pangajaran Pendidikan jeung Kabudayaan (PP jeung K). Mimiti bulan April 1951 Kabinét Natsir digantiku Kabinét Sukiman anu nunjuk Mr. Wongsonegoro salaku Menteri PP jeung K. Satuluyna Dr. Bahder Johan ngajabat Menteri PP jeung K sakali deui, diganti ku Mr. Mohammad Yamin, RM. Soewandi, Ki Sarino Mangunpranoto, sarta Prof. Dr. Prijono.[4]

Dina ieu période, kawijakan pangatikan mangrupakeun nuluykeun kawijakan menteri période saméméhna. Anu museur dina mangsa ieu tayalian kaluarna payung hukum légal formal dina widang pangatikan, tayalian UU Pokok Pendidikan Nomor 4 Tahun 1950.[4]

Mangsa Démokrasi Terpimpin (1959–1966)

édit

Dékrit Presidén 5 Juli 1959 jadi panungtungan mangsa démokrasi parleménter, digantikeun ku démokrasi terpimpin. Dina mangsa démokrasi terpimpin loba bangbaluh anu tumiba ka bangsa Indonésia. Konfrontasi jeung Walanda dina masalah Irian Barat, nepi ka tumiba G30S/PKI jadi ujian beurat pikeun bangsa Indonésia.[4]

Dina Kabinét Kerja I, 10 Juli 1959–18 Fébruari 1960, status kamenterian dirobah jadi menteri muda. Kamenterian anu ngaréksa pangatikan dibagi ngajadi tilu menteri muda, di antarana: Menteri Muda Bidang Sosial Kultural dicepeng ku Dr. Prijono, Menteri Muda PP jeung K dicepeng ku Sudibjo, jeung Menteri Muda Urusan Pengerahan Tanaga Rakyat dicepeng Sujono.[4]

Mangsa Orde Baru (1966–1998)

édit

Sabada ayana barontak G30S/PKI réngsé ditumpes, dituluykeun ku pindahna tina démokrasi terpimpin ka démokrasi Pancasila. Harita disebutna Orde Baru anu dipingpin ku Présiden Soéharto. Kawijakan dina widang pangatikan mangsa Orde Baru kawilang loba tur rupa-rupa alatan orde ieu kumawasa kawilang lila tayalian 32 tahun. Kawijakan-kawijakan ieu kayaning ayana kawajiban ngawanohkeun P4 pikeun peserta didik, normalisasi kahirupan kampus, ngamekarkeun siswa ngaliwatan OSIS, éjaan Basa Indonésia anu disampurnakeun EYD, Kuliah Kerja Nyata (KKN) pikeun mahasiswa, mitembeyan sakola pangwangunan, jeung réa-réa deui. Mangsa éta, nalika taun 1978, taun ajaran anyar digéser ka bulan Juni. Pangwangunan infrastruktur atikan ogé ngaronjat pisan mangsa harita.[4]

Menteri atikan jeung kabudayaan dina mangsa harita diantawisna Dr. Daud Joesoef, Prof. Dr. Nugroho Notosusanto, Prof. Dr. Fuad Hassan, Prof. Dr. Ing. Wardiman Djojonegoro, sarta Prof. Dr. Wiranto Aris Munandar.[4]

Mangsa Réformasi (1998–kiwari)

édit

Mimiti Mangsa Réformasi

édit

Sabada meunangkeun genepkali Pemilu, Orde Baru pamustunganna nepika ahir lalampahanna. Dina taun 1998, Indonésia kamusibahan ku datangna krisis politik jeung ékonomi. Ayana démonstrasi gedé-gedéan taun harita anu maksa Presidén Soeharto nunda jabatanna. Kabinét munggaran mangsa réformasi tayalian kabinét hasil Pemilu 1999 anu dipingpin ku Presidén Abdurrahman Wahid. Mangsa harita, Departemén Atikan jeung Kabudayaan dirobah ngajadi Departemén Atikan Nasional kalawan nunjuk Dr. Yahya Muhaimin salaku Menteri Atikan Nasional. Dina taun 2001, MPR nurunkeun Presidén Abdurrahman Wahid dina sidang istiméwa MPR sarta ngangkat Megawati Soekarnoputri salaku presidén. Dina pamaréntahan Presidén Megawati, Mendiknas dijabat ku Prof. Drs. A. Malik Fadjar, M.Sc.[4]

Mangsa Pamaréntahan Presidén Susilo Bambang Yudhoyono

édit

Nalika Pemilu 2004 jeung 2009, rakyat Indonésia milih presidén sacara langsung. dina dua kali pemilu éta, Susilo Bambang Yudhoyono hasil kapilih jadi presidén. Salila kapamingpinan Presidén Susilo Bambang Yudhoyono, jabatan Mendiknas sacara tuluy-tuluyan dijabat ku Prof. Dr. Bambang Sudibyo, MBA. jeung Prof. Dr. Ir. Mohamad Nuh. Dina taun 2011 istilah departemén diganti jadi kamenterian sarta dina taun 2012 widang atikan jeung kabudayaan dihijikeun deui ngajadi Kamenterian Atikan jeung Kabudayaan.[4] Kawijakan atikan dina mangsa réformasi diantawisna ngarobah IKIP ngajadi universitas, réformasi undang-undang atikan kalawan kaluarna Undang-Undang Nomor 20 Taun 2003, Ujian Nasional (UN), sértifikasi guru jeung dosén, Bantuan Operasional Sakola (BOS), atikan karakter, jeung réa-réa deui.[4]

Mangsa Pamaréntahan Présidén Joko Widodo

édit

Dina Kabinét Kerja (2014–2019), kamenterian ieu dirombak deui kalawan mindahkeun Diréktorat Jénderal Pendidikan Tinggi ka jero Kamenterian Risét jeung Téknologi kalayan ngarana robah jadi Kamenterian Risét, Téknologi, jeung Pendidikan Tinggi.[5] Sawatara éta, diréktorat jénderal lianna (Ditjén Pendidikan Anak Usia Dini, Nonformal, sarta Informal; Ditjén Pendidikan Dasar; Ditjén Pendidikan Panengah; jeung Ditjen Kabudayaan) tetep aya di Kamenterian Pendidikan jeung Kabudayaan.[6] Nalika ngadegkeun Kabinét Indonésia Maju (23 Oktobér 2019), Diréktorat Jénderal Pendidikan Tinggi balikdeui diasupkeun kana struktur Kamenterian Pendidikan jeung Kabudayaan.

Dina taun 2021, nalika ngarombak Kabinét Indonésia Maju anu ka dua, Kamenterian Risét jeung Téknologi digabungkeun ka Kamenterian Pendidikan jeung Kabudayaan jadi Kamenterian Pendidikan, Kebudayaan, Risét jeung Téknologi (Kamendikbud-Risték). Kamentrian ieu dipingpin ku Nadiem Makarim anu diidtrénan ku Presidén Joko Widodo duba 28 April 2021.[7]

Robahna ngaran

édit

Organisasi

édit


Tempo ogé

édit

Catatan

édit

Referensi

édit

Tutumbu luar

édit

Citakan:Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan RI Citakan:Kementerian Indonesia [[Kategori:]]