Kawih

rakitan basa nu boga birama, wiletan, jeung témpo

Kawih ari kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa'ir (kavya - bujangga).[1] Kawih nyaéta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger).[1] Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan.[1] Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar.[1]

Kawih mah béda jeung pupuh, kawih teu kauger ku rupa-rupa aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh.[1] Rumpaka kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan.ari rumpaka kawih teu béda jeung rumpaka wangun puisi séjénna, ngan kawih mah geus dilengkepan ku aturan titilaras.[1]

Unsur-unsur kawih nyaéta:

édit
  1. Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan sakabéh eusi rumpaka kawih.[1]
  2. Nada nyaéta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, handap asor, sombong, jsb.[1]
  3. Rasa téh ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih.[1]
  4. Amanat nyaéta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku nu ngawih atawa nu ngarangna.[1]

Rupa-rupa kawih , nyaéta:

édit
  1. Kawih buhun atawa tradisional. Buhun artina kuno, jaman baheula atawa kecap séjén tina bahari. Période kawih buhun aya dina kurun waktu saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Lagu anu kaasup kawih buhun, di antarana nyaéta lagu "Banjar Sinom", jsb.[1]
  2. Kawih jaman Jepang, dimimitian kira-kira Jepang datang ka Indonesia taun 50-an. Sababaraha kawih nu aya di jaman Jepang di antarana lagu " Es Lilin", " Balon Ngapung", "Gehgér soré", "Bandowati", jsb.[1]
  3. Kawih wanda anyar atawa kawih jaman kiwari nyaéta kawih jaman ayeuna. kurun waktu kawi wanda anyar dimimitian ti taun 50-an nepi ka kiwari. Kawih wanda anyar di antarana nyaéta lagu "Anggrek Japati", "Cinta Nusa", "Angin Priangan", "Hujan Munggaran", jsb.[1]


 



Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l m Sumarsono Tatang, Dkk 2014. Pamekar Diajar Basa Sunda kelas XI (Jilid ka-II), Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.