Kecap lemes pisan
Kecap lemes pisan (aksara Sunda baku: ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮜᮨᮙᮨᮞ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪, palapalan basa Sunda: [kəcap ləməs pisan], ogé dipikawanoh minangka kecap luhur/luluhur nyaéta kosakecap basa Sunda anu dipaké pikeun ngaajénan mitra wicara/pihak katilu anu keur diomongkeun, anu mana kalungguhannana téh luhur pisan, contona baé para ménak kayaning Bupati, Raja samalah dipaké ogé pikeun nyaritakeun Gusti,[1][2] jinis kecap ieu leuwih prah dipaké pas keur jaman féodal.[1]
Kaayeunakeun, ieu kecap geus tara dipaké deui jeung biasana dianggap sarua baé siga kecap lemes anu biasa.
Dina sababaraha buku tatabasa Sunda anu nyatet ieu jinis kecap, kecap lemes pisan biasana ditandaan ku LP atawa lp.
Kosakecap
éditIeu di handap mangrupa conto kecap lemes pisan (anu dikandelan) jeung sasaruaannana dina kecap loma jeung kecap lemes:[3]
Loma | Lemes | Lemes pisan |
---|---|---|
diuk | calik | linggih |
datang | sumping | rawuh |
ngaran | jenengan | kakasih |
haté | manah | galih |
kolot | sepuh | sepah |
ngomong | nyarios | ngandika |
surat | serat | tétésan |
Tempo ogé
éditRujukan
éditCatetan suku
édit- ↑ a b Ardiwinata 1984, pp. 2.
- ↑ Kats 1982, pp. 6.
- ↑ Coolsma 1985, pp. 14.
Daftar Pabukon
édit- Coolsma, S. (1985) [1904]. Tata bahasa Sunda. Jakarta: Djambatan. OCLC 13986971.
- Ardiwinata, D.K. (1984) [1916]. Tata Bahasa Sunda. Jakarta: Balai Pustaka. OCLC 559541903.
- Kats, J; Soeriadiraja, M (1982) [1921]. Tata Bahasa dan Ungkapan Bahasa Sunda. Jakarta: Djambatan. OCLC 69116948.