Kecap lemes dusun

kosakecap basa Sunda

Kecap lemes dusun (aksara Sunda baku: ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮜᮨᮙᮨᮞ᮪ ᮓᮥᮞᮥᮔ᮪, palapalan basa Sunda: [ləməs dusun]) nyaéta salah sahiji kandaga kecap basa Sunda anu mangrupa jinis kecap lemes rékaan/anyar anu teu baku, ieu kecap kacipta alatan kurangna panganyaho saurang panyatur basa Sunda dina ngagunakeun tatakrama basa Sunda kalawan bener, ogé kapangaruhan ku alam pikiran pikeun ngagunakeun kecap lemes sagemblengna dina hiji wacana. Sajaba ti éta, wangenan "lemes dusun" ogé ngawengku perkara kasalahan dina ngalarapkeun aturan tatakrama basa Sunda, siga salahna pamakéan kandaga kecap lemes/sedeng, misalna ngagunakeun kecap lemes pikeun diri sorangan (sawadina pikeun batur) atawa ogé pamakéan kecap sedeng pikeun batur (kuduna mah pikeun diri sorangan). Pamakéan kecap lemes dusun mah biasana ngan ukur kapanggih di sababaraha wewengkon komunitas panyatur basa Sunda.[1]

Conto ilustrasi paguneman basa Sunda anu maké kekecapan lemes dusun dina sempalan gambar komik Webtoon anu dimodifikasi.

Karakteristik

édit

Kecap lemes dusun lolobana kacipta ku cara nganalogi tina kecap lemes séjénna (anu lulugu) anu ngan ngarobah sora engang tungtung (ultima) kecap loma.[2] Misalna robahna sora engang tungtung a → i dina kecap "tampa" jadi "tampi". Robahna éta sora tuluy dijadikeun alesan pikeun nyieun kecap lemes séjén anu can aya. Conto prosés pangbentukan kecap lemes dusun nyaéta kecap "tatangga" anu euweuh lemesna dilemeskeun jadi "tatanggi". Salian ti robahna sora engang tungtung kecap kalawan dumasar kana kecap séjén, pangbentukan kecap lemes dusun ogé dilakukeun ku cara sagawayah anu euweuh dasarna, kayaning dilemeskeunna kecap "engké" jadi "engkin" (engang tungtung -ké robah jadi -kin), tuluy aya ogé kecap anu kajieun ku cara ngagésér ma'na hiji kecap atawa nginjeum kecap lemes séjén anu mibanda ma'na padeukeut, kayaning kecap "saeutik" anu asalna tina kecap "sa-" jeung "eutik", éta kecap "eutik" tuluy dirobah ku kecap lemes séjén anu hartina ampir sarua nyaéta "alit", nu matak kecap "saeutik" dilemeskeun jadi "saalit".[3]

Jeung, aya ogé sababaraha kecap anu sabenerna mah geus lemes atawa kaasup kana kecap sedeng, tapi dilemeskeun deui pikeun ngéndahkeun kecap,[4] contona kecap "dongkap" dirobah jadi "dongkip".

Kecap

édit

Pangbentukan

édit

Ieu di handap mangrupa conto kecap lemes dusun (dicétak kandel) anu geus cukup lumbrah diparaké, boh dina ragam lisan atawa tulisan sarta prosés pangbentukanna jeung sasaruaanna dina kecap loma jeung lemes anu lulugu (mun aya).

Dasar Loma Euweuh

panta-pantana

Lemes (baku) Lemes dusun Catetan
Proses pembentukan Conto kecap baku
rarangkén tukang -ma jadi -mi utama-utami agama agami
rarangkén tukang -di jadi -nten jadi janten *geus prah digunakeun dina tulisan
rarangkén tukang -ra jadi -wis antara-antawis samentara samentawis
rarangkén tukang -tu jadi -tos tangtu-tangtos bantu bantos *geus prah digunakeun dina tulisan
rarangkén tukang -u jadi -on pangku-pangkon Minggu Minggon *"minggon" aslina wancahan tina "mingguan"
rarangkén tukang -na jadi -nten nyana-nyanten mana manten
rarangkén tukang -ka jadi -ki langka awis-awis langki
rarangkén tukang -ga jadi -gi prayoga-prayogi harga pangaos hargi
vokal a jadi i cukup cekap cekip
ngagésérna ma'na kuring abdi pribados *nginjeum tina kecap pribadi-pribados.[3]
vokal a jadi o hayang-hoyong sayaga sayagi sayogi
rarangkén tukang -mi jadi -nten badami-badanten upama upami upanten *kacatet dina sababaraha karya sastra.[5]
rarangkén tukang -o jadi -é pikeun kanggo kanggé
rarangkén tukang -ya jadi -nten percaya-percanten supaya supados supanten *kacatet dina sababaraha karya sastra.[6]

Lemes dusun pikeun ngaran wewengkon

édit

Pangbentukan kecap lemes dusun kadang ogé dilarapkeun kana ngaran-ngaran wewengkon kayaning kota/kabupatén, kacamatan, désa atawa ngaran-ngaran tempat séjénna, ngaran-ngaran wewengkon anu sok dilemeskeun di antarana nyaéta:[3]

Ngaran wewengkon Lemes dusun
Majalengka Maosléngka
Jatiwangi Jatoswangi
Cimahi Cicekap
Cipaganti Cipagentos
Astanaanyar Astanaénggal
Dayeuhkolot Dayeuhsepuh
Balonggedé Émpang Ageung
Sarijadi Sarijanten

Sanajan kecap lemes dusun mah lain kecap lemes anu baku, pamakéanna masih dima'lum dina paguneman informal anu maké ragam basa hormat, boh éta basa hormat ka batur atawa ogé basa hormat ka sorangan (sarua siga kecap lemes énténg).

Tempo ogé

édit

Rujukan

édit

Catetan suku

édit
  1. Adiwijaya 1951.
  2. KERN 1906, pp. 394.
  3. a b c Rosidi 2007, pp. 138.
  4. KERN 1906, pp. 397.
  5. Apipah 2018, pp. 92.
  6. S. Ekadjati & 1993 Masduki, pp. 55.

Daptar Pabukon

édit

Tutumbu kaluar

édit
Tempo Kategori:Kata lemes dusun dina Wikikamus, kamus bébas.
 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan