Kromatofor nyaéta sél nu ngandung pigmén sarta mantulkeun cahya nu aya dina organismeu ampibi, lauk, réptil, krustaséa, jeung sefalopoda. Sél ieu pisan anu biasana ngahasilkeun kelir kulit jeung panon dina sato getih tiis. Kromatofor sawawa digolongkeun kana sababaraha subkelas dumasar kelirna: santofor (konéng), éritrofor (beureum), iridofor (mantul), leukofor (bodas), mélanofor (hideung/coklat), jeung sianofor (biru). Ieu istilah ogé bisa nujul ka vesikel baktéri fotosintétik anu warnaan.

Kromatofor lauk sébra jadi alat nyamuni di nu poék (luhur) jeung di nu caang (handap).

Sababaraha spésiés sato bisa robah warna gancang pisan maké mékanismeu mindahkeun pigmén jeung ngarobah pantulan pelat dina kromatofor. Cara ieu, mindeng disebut hiji tipeu kamuflaseu, diistilahkeun parobahan warna fisiologis. Cephalopoda kawas gurita boga organ kromatofor kompléks anu disetir ku otot, sedengkeun vertebrata kawas londok mah ku sinyal sél. Ieu sinyal bisa mangrupa hormon atawa neurotransmiter nu bisa diinisiasi ku parobahan mood, suhu, setrés, sarta parobahan lingkungan.

Teu kawas sato getih-tiis, mamalia jeung manuk ngan boga sakelas tipeu sél kawas kromatofor: nyaéta mélanosit. Sasaruaan mélanosit nu aya di sato getih-tiis, mélanofor, diulik ku para élmuwan pikeun neuleuman kasakit manusa sarta dipaké alat pikeun nalungtik ubar.

Baktéri édit

Kromatofor ogé aya dina mémbran baktéri fototrof, dipaké utamana pikeun fotosintésis sabab ngandung pigmén baktérioklorofil jeung karoténoid[1].

Rujukan édit

  1. Salton MR. Bacterial membrane proteins. Microbiol Sci. 1987; 4:100-5. PMID 3153178

Tumbu kaluar édit