Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon Sunda.[1] Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja sarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram. Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkeun seukeutna anu miboga lambang kakuatan dina kahirupan sarta wawanén pikeun ngadegkeun bebeneran.[2]

Wangun

édit
 
Rupa-rupa kujang jeung badi dina laporan Hurgronje taun 1904

Kujang anu sampurna mah miboga kalengkepan anu ilaharna ngawengku sababaraha bagian di antarana :

  • papatuk atawa congo, nyaéta bagian congona méncos, biasana sok dipaké pikeun nyokél.
  • eluk atawa siih, nyaéta eluk-eluk dina waruga kujang anu gunana pikeun mencabik-cabik awak lawan.
  • waruga nyaéta awak atawa sabudeureun kujang.
  • kujang panon nyaéta liang leutik anu aya dina waruga anu jumlahna rupa-rupa, ti 5 nepi ka 9 liang. Aya ogé kujang anu euweuh panonan disebut kujang buta.
  • tonggong, nyaéta sisina seukeut anu perenahna aya dina tonggong kujang.
  • tadah, nyaéta eluk leutik anu perenahna di belah beuteung kujang.
  • paksi, nyaéta buntut kujang anu bentukna léncop.
  • combong, nyaéta liang anu perenahna aya dina gagang kujang.
  • ganja atawa landaian nyaéta sudut nu léncop anu mangaruhan ka belah sisi kujang.
  • kowak atawa sarung kujang anu dijieunna tina kai samida anu miboga ambeu anu has tur bisa nambahan perkara goibna.
  • pamor bentukna guguratan (sulangkar) atawa tutul anu aya gambaran dina luhur waruga kujang. Sulangkar atawa tutul dina waruga kujang, miboga ajén artistik pikeun neundeun racun.[3]

Rupa-rupa kujang

édit

Dumasar kana jelema nu mibogana

édit

Aya genep macem kujang anu nyirikeun darajat jelema nu mibogana. Kahiji, kujang ciung anu biasa dipaké ku raja, bangsawan, kokolot. Kadua, kujang kuntul anu biasa dipaké ku patih. Katilu, kujang jago (bentukna jiga hayam jago) anu jadi pakarang andelan panglima perang. Kaopat, kujang bangkong anu biasa dipaké ku guru jeung para ahli. Kalima nyaéta kujang badak. Kagenep, kujang naga anu biasa dipaké ku para demang.[4][5]

Dumasar kana kagunaan

édit

Aya parobahan dina bentuk jeung fungsi kujang sajalan jeung kamajuan téhnologi, budaya, sosial jeung ékonomi masyarakat Sunda. Kujang anu awalna janten pakakas pertanian[6], ayeuna geus robah janten pakarang anu disakralkeun. Dumasar kana fungsina, kujang teh aya opat jenis nyaeta kujang pusaka anu nyimbolkeun kaagungan jeung kasalametan, kujang pakarang anu biasa dipaké keur perang, kujang pangarak anu biasa dipaké keur upacara, kujang pamangkas anu janten pakakas andelan ngahuma.[7]

Baca ogé

édit

Dicutat tina

édit
  1. Garuda Eduka, I Made; Tim (2021). Modul Resmi PPPK Non-Guru - Pranata Komputer 2021-2022. Jakarta: Cmedia. p. 107. ISBN - Check |isbn= value (bantuan). 
  2. Indonesia, Ensiklopedia. "Kujang: Jati Diri Pusaka Tanah Pasundan". Diakses tanggal 12 Juli 2022. 
  3. Budaya, Sejarah. "Mengenal Bagian dan Filosofi Pusaka Kujang Khas Pajajaran". Diakses tanggal 12 Juli 2022.  Archived 2022-07-12 di Wayback Machine
  4. Nugraha, Sigit Wahyu (2017). Potret Negeriku: Budaya Unik. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. p. 113. ISBN 978-602-424-238-1. 
  5. Intan, Ruhaeni. "Mengenal Kujang, Senjata Tradisional dari Tlatah Pasundan". Diakses tanggal 12 Juli 2022. 
  6. Nurfaiziah, Fida. "Kujang: Senjata Tradisional Spiritual dari Jawa Barat". museumnusantara.com. Diakses tanggal 12 Juli 2022. 
  7. Kemdikbud, Dirjen Kebudayaan. "Kujang". https://kebudayaan.kemdikbud.go.id/. Diakses tanggal 12 Juli 2022.