Mésolitikum nyaéta jaman batu pertengahan, anu di mana harita manusageus mikawanoh tatanén.[1] Jaman Mésolitikum miboga ciri-ciri nyaéta : Moro sato jeung ngala lauk, ngamimitian hirup di hiji tempat saperti gua-gua /guha(Abris souc Roche) atawa teu pundah-pindah, ninggalkeun runtah pawon (kjokken moddinger), geus maké pakakas saperti Kampak anu dikeupeul (peble),Kapak pondok (Bache Courte).[1] Nu kaasup kana kabudayaan mésolitikum nyaéta :

Abris sous roche imah di jaman mesolitikum

Tokoh anu nimukeunna nyaéta P.V. Van Stein Callenfels.[1] Sabot mangsa mésolitikum, nu nyicingan Indonésia geus mimitian hirup ku cara ngageugeuh sarta geus mimiti tatanén sacara basajan pikeun minuhan kaperluan kadaharan maranéhanana, iwal ti éta ogé pikeun nyumponan kaperluan hirup masarakat harita geus bisa moro sato sarta néwak lauk.[2] Tempat ancik anu maranéhanana biasana di basisir (kjokkenmoddinger) sarta goa-goa (abris sous roche).[2] Kjokkenmoddinger nyaéta runtah pawon anu eusina siput, kerang sarta barang-barang hasil kabudayaan kawas kapak genggam, kapanggih di sapanjang basisir wétan Pulo Sumatera.[2] Abris sous roche nyaéta goa nyarupaan ceruk batu karang anu dipaké manusa minangka tempat ancik.[2] Kapanggih diwewengkon Madiun, Besuki, Timor sarta Rote.[2]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f (id)Tradisi Sejarah Masyarakat Indonesia (diaksés tanggal 20 November 2011)
  2. a b c d e (id)Zaman Batu Pertengahan (mesolitikum)[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 20 November 2011)