Naturalismeu (sastra)
Naturalismeu atawa naturalisme nyaéta aliran sastra nu karya-karyana salawasna méré gambaran kahirupan manusa sacara gembleng.[1] Naturalismeu téh enas-enasna mah lain dina lebah nyipta wanda karangan wungkul, tapi corak fiksi anu dimekarkeun ku paham atawa aliran pangarang luyu jeung tangtungan filosofina.[1] Buah pikiranana mangrupa terusna paham Darwin dina biologi (pertengahan abad ka-19) yén manusa téh sagemblengna kakurung ku susunan alam, teu ngabogaan jiwa (soul atawa hubungan séjén jeung agama atawa jeung dunya spiritual di luar alam/jagat raya).[1] Ku lantaran kitu, manusa téh ngan ukur sato tahap-luhur emu pasipatan jeung nasibna ditangtukeun ku dua rupa kakuatan alami, warisan, jeung lingkungan.[1] Nampa warisan sipat-sipat pribadi jeung naluri atawa insting napsu, utamana napsu lapar jeung napsu birahi jeung teu daya dina nyanghareupan panéka ékonomi di tengah kahirupan kulawarga, lingkunganana, jeung masarakatna.[1] Ieu kasang tukangna anu matak karya-karya naturalismeu réa ngumbar segi-segi napsu birahi, adegan-adegan tragis, karasana resag, kasar, tanpa tédéng aling-aling.[1]
Conto
éditRujukan
édit- ↑ a b c d e f Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.
- ↑ a b c "Aliran dalam Sastra Indonesia" (dalam bahasa en-US). Cikancah-Cyber.com. https://www.cikancah-cyber.com/2016/03/aliran-dalam-sastra-indonesia.html. Diakses pada 2018-01-02 Archived 2017-11-29 di Wayback Machine