Prosa nyaéta karangan dina rakitan basa sapopoé; lancaran, tanpa ngolah atawa ngatur intonasi anu matok.[1] Wanda prosa aya nu heubeul jeung aya nu anyar.[1] Karya sastra anu heubeul dina wangun prosa nyaéta Dongéng.[1] Dongéng rupa-rupa pisan jenisna . Aya Fabel, Farabel (Pamuk, jalma-jalma teu ilahar, mite, sage, legenda jeung jurig).[1] Karya sastra anu kaitung anyar nyaéta carita pondok, roman jeung novél.[1] Wanda karangannana tangtu waé lisan.[1] Carita pondok ogé aya anu disebut carpon (short story), carita pondok pisan (short short story), jeung carita pondok nu panjang (long short story).[1] Wanda karanganna nu ieu mah sumebarna ngaliwatan tulisan, aksara, teks.[1] Nu disebut carita pondok di urang ilaharna panjang karanganna 4-6 kaca 1,5 spasi.[2] padahal di Barat mah éta kaasupna short short story ( carita pondok pisan ).[2] Upama maké standar Manglé nu disebut carita tilu bagian téh ilaharna 10-15 kaca, carita dua bagian téh biasana 7-10 kaca.[2] Carita dua bagian ieu nu meujeuhna disebut short storydi Barat, sedengkeun Cartibag éta leuwih méré nah disebut long short story ( malah di leuwih ti 15 kaca, meureun nepi ka 20 kaca ).[2] Kitu deui novél tangtu baé panjang pisan.[2] Novél-novél aripis dina karya sastra Sunda nu umumna 60-100 kaca, éta méré nah disebut Novellet,novél-novél pondok.[2] Wangenan novél jeung Roman,ku Wellek jeung Warren dibédakeun hartina dumasar kana pamanggih Clara Reeve.[2] Novél mah réalistis, Roman mah puitis jeung epis sipatna leuwih mitos.[2]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h (id)Retty Isnendes. Panyawangan Sastra. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI. Bandung 2009.
  2. a b c d e f g h (id)A.Teeuw. Sastera dan Ilmu Sastera. Pt Pustaka Jaya. Jakarta 1984.