Nyi Ageng Sérang

pahlawan nasional Indonesia


Radén Ajeng Kustiah Wulaningsih Retno Édi[1] nu leuwih dipikawanoh ku ngaran Nyi Ageng Sérang (gumelar di Sérang, Sragén, Jawa Tengah taun 1752 – tilar dunya taun 1828 dina umur 76 taun[1][2][3]) nyaéta saurang pahlawan nasional nu asalna ti Jawa Tengah.[3] Anjeunna ogé saurang panglima perang jeung ahli stratégi anu kawilang mahér.[3] Nyi Ageng Sérang ditetepkeun minangka pahlawan nasional dumasar SK Présidén RI Nomor 084/TK/1974 dina tanggal 13 Désémber 1974.[2]

Radén Ajeng Kustiah Wulaningsih Retno Édi
Nyi Ageng Sérang
GumelarKustiah Wulaningsih Retno Édi
1914
Sérang, Sragén, Jawa Tengah
Tilar dunya1828 umur 76 taun
Ngaran landianNyi Ageng Sérang

Kustiah dibabarkeun di lingkungan bangsawan anu patriotis.[rujukan?] Bapana Pangéran Notoprojo anu diangkat jadi bupati di Sérang.[3] Nyi Ageng Sérang kungsi mingpin pasukan ngalawan Walanda nu antukna ditangkep ku Walanda sarta dibawa ka Yogyakarta, tapi teu kungsi lila, Walanda ngabébaskeun deui ka Sérang.[3] Pikeun sababaraha waktu, Nyi Ageng Sérang hirup minangka pamingpin masarakat jeung ngengkeun kahayangna pikeun ngusir Walanda.[3]

Perjuangan

édit

Dina abad ka-19 kakawasaan Walanda mingkin kuat.[3] Walanda mimiti pipilueun kana urusan pangangkatan raja-raja sarta pangawasaan jeung pangokolaan taneuh-taneuh rahayat.[3] Hal ieu anu jadi cukang lantaran bijilna Perang Diponegoro.[3] Nyi Ageng Serang anu ti mimitina teu resep kana kadatangan Walanda, ngilu ngahiji dina Perang Diponegoro, padahal harita, anjeunna umurna geus kolot.[rujukan?] Nyi Ageng Serang pernah mingpin ku sorangan pasukanna sacara langsung dina perang gerilya di désa Beku, Kulonprogo.[3] Pasukanna ogé pernah meunang pancén ti Pangéran Diponegoro pikeun mertahankeun daérah Prambanan.[3] ku sabab geus kolot, Nyi Ageng Serang sok dipanggul maké tandu mun ka mana waé anjeunna indit.[3]

salah sahiji strategi jétuna ngalawan Walanda nyaéta ngagunakeun daun kaladi dina patempuran.[3] Pasukanna diparéntahkeun pikeun diharudum ku daun kaladi sangkan ti kajauhan mah katémbongna siga kebon kaladi.[3] Mun geus deukeut, musuh bakal diserang jeung diancurkeun.[3] Pangéran Diponegoro ngaku kana kaandalan stratégi Nyi Ageng Serang, nikakeun ngangkat anjeunna jadi salah sahiji panaséhatna.[3] Perang Diponegoro lumangsung kénéh nalika Nyi Ageng Sérang tilar dunya dina umur 76 taun ku sabab meunang kasakit.[3][4]

Rujukan

édit
  1. a b Indonesia Indonesia. 2015. Serial Pahlawan Nasional: Nyi Ageng Serang. Diaksés 18 April 2015.
  2. a b Kementrian Sosial Republik Indonesia. 2015. Daftar Nama Pahlawan Nasional Republik Indonesia. Diaksés 18 April 2015.
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q Jasa Terpadu Telematika. 2015 Nyi Ageng Serang. Diaksés 18 April 2015.
  4. Hudiono, Esthi Susanti; Bodjawati, Seruni (2019). Perempuan-Perempuan Menggugat (Literasi Rupa Sejarah Perempuan Indonésia). Yogyakarta: Media Pressindo bekerjasama dengan Komunitas Inklusi Sosial dan Perdamaian Indonésia. pp. 31–35. ISBN 978-623-7254-10-2.