Pénisilin
Ngaran sistimatik (IUPAC)
?
Identifiers
Nomer CAS ?
Sandi ATC ?
PubChem ?
ChemSpider none
Data kimia
Rumus C9H11N2O4S 
Mass. mol. ?
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas ?
Metabolisme Hepatik
Waktu paruh antara 0.5 dan 5.6 jam
Eksresi Ginjal
Therapeutic considerations
Kat. kehamilan

B(US)

Legal status

Prescription only

Jalur Intravena, intramuskular, melalui mulut

Penisilin (Inggris:Penicillin atau PCN) nyaéta hiji kelompok antibiotik β-laktam anu digunakeun dina penyembuhan panyakit nu disebabkeun ku inféksi baktéri, anu biasana digolongkeun kana baktéri Gram positif.[1] Penisilin bekerja ku ngahambat kabentukna dinding sel baktéri, ku ngahambat ngagabungna asam N-asetilmuramat non esensial ka struktur mukopeptida anu biasana nyieun sel leuwih kuat. Cara kerja ieu hartina penisilin ngan aktif dina satuan patogen anu keur aktif tumbuh.Salah ngutip: Tag <ref> harus ditutup oleh </ref> Penicillium notatum, jeung Penicillium chrysogenum, nu matih keur ngubaran panyakit nu dilantarankeun ku baktéri.[2]

Pénisilin lain salah sahiji tina kéajaiban manusa anu diciptakeun ku saurang jenius ti laboratorium.[3] Ieu téh salah sahiji ti kéajaiban-kéajaiban alam sorangan.[3] Pénisilin nyaéta ngaran anu dibikeun kana zat anu pohara kuat anu merangan baktéri sarta anu dimekarkeun ku jamur-jamur nu tangtu.[3] Zat éta téh "antibiotik", anu hartina hiji zat anu dihasilkeun ku organisma hirup sarta anu numpes organisma-organisma atawa baktéri-baktéri anu ngabahayakeun.[3]

Ahéngna, sakabéh gagasan ngeunaan pénisilin lain gagasan anu anyar.[3] Jauh dina taun 1877, kakuatan antibiotik kapanggih ku Louis Pasteur, sarta sagala rupa zat antibiotik anu dipaké pikeun ngubaran inféksi-inféksi.[3] Sabenerna jamur-jamur sarta fungi sorangan dipaké pikeun ngubaran infeksi-infeksi sarta pohara meureun yén jamur anu ngahasilkeun pénisilin dipaké pikeun numpes infeksi mangtaun-taun anu tuluy, tapi henteu saurangpun nu nyaho naon pénisilin téh.[3]

Dina taun 1928, Sir Alexander Fleming nyaéta jelema kahiji anu ngécéskeun sarta nanamkeun zat anu ahéng ieu, "pénisilin".[3] Pénisilin kapanggih ampir sacara kabeneran, tapi kalayan gancang jadi jejer studi anu intensif.[3] Kapanggih yén jamur-jamur nu tangtu ngahasilkeun zat ieu anu miboga éfék anu pohara kuat sarta déstruktif ka sawatara baktéri anu umum anu matak keuna ka manusa, samentara éta, zat éta henteu miboga éfék ka bakteri-bakteri séjénna.[3] Hiji hal anu pohara penting ngeunaan pénisilin geus kapanggih.[3] Sanajan zat éta bisa ngalawan baktéri kalayan pohara kuat, zat éta henteu miboga éfék anu ngabahayakeun ka sél-sél manusa.[3] Ieu téh penting alatan kabéh zat antiseptik séjén dina pamakéan umum miboga éfék anu leuwih badag ka sél-sél manusa tinimbang ka baktéri-baktéri anu ngabahayakeun.[3]

Pénisilin pohara seléktif dina kakuatanana.[3] Ieu hartina yén zat éta miboga éfék anu pohara kuat ka sawatara baktéri sarta saeutik atawa henteuna ka baktéri-baktéri séjénna.[3] Ieu lain ubar serbaguna anu bisa dipaké pikeun maéhan kabéh jenis baktéri, sakumaha pamadegan masarakat.[3] Pénisilin miboga tilu jenis éfék anu béda ka baktéri-baktéri.[3] Pénisilin boga sipat "baktériostatis", anu hartina zat éta ngeureunkeun tumuwuhna baktéri-baktéri.[3] Pénisilin boga sipat "bactéricidal", anu hartosna zat éta maéhan baktéri-baktéri.[3] Sarta dina sawatara hal, pénisilin larut jeung baktéri-baktéri.[3]

Rujukan

édit
  1. Madigan, MT; Martinko JM, Dunlap PV, Clark DP. Brock Biology of Microorganisms (12 ed.). San Francisco: Pearson Benjamin Cummings. p. 795. ISBN 9780321536150. 
  2. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama kamus1
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press