jmpl|150px|kiri|Keruing Bunga

Palahlar/Keruing Bunga
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
D. hasseltii
Ngaran binomial
Dipterocarpus hasseltii
Dipterocarpus hasseltii Blume

Palahlar (Dipterocarpus hasseltii Blume) nyaéta salah sahiji tutuwuhan ti golongan Dipterocarpaceae anu mangrupa penghasil kai utama di leuweung hujan tropis di Asia Tenggara. Aya kira-kira 70 spésiés tutuwuhan ieu di sakuliah dunya. Sebaranna ngawengku Semenanjung Thailand, Dangkalan Sunda; Malaysia Tengah jeung Kalér; Sumatra (Simalur jeung Kapuloan Mentawai); Jawa Barat, Kapuloan Sunda Kecil (Bali); Kalimantan Kidul jeung Wétan nepi ka tenggara Sabah; jeung Filipina kaasup Palawan. [1]

Di Indonésia aya rupa-rupa jenis palahlar sarta disebutna béda-béda di unggal daérah, contona langan (Aceh), keruing bunga (Simalur), klalar, plalar, keruing gunung (Jawa), jati ora (Sumbawa), atawa temparau (Kalimantan). Hasil panalungtikan Istomo dkk ti Fakultas Kehutanan IPB nuduhkeun lolobana spésiés keruing asalna ti Kalimantan. Di pulo ieu saeutikna aya 41 jenis keruing. Sajaba ti éta, aya opat spésiés kapanggih di Pulo Jawa, nyaéta D. hasseltii, D. gracilis, D. retusus, jeung D. littoralis nu ngan aya di Nusakambangan.[1]

Sacara umum, palahlar tumuwuh subur di sabudeureun leuweung primér nu luhurna 600 nepi ka 1.500 m dpl. Sanajan lolobana tumuwuh sumebar, sababaraha spésiés tangkal ieu kapanggih hirup di grup atawa di habitat unik, kayaning spésiés D. littoralis. Spésiés ieu tumuwuh di leuweung primér kalawan taneuh subur. Lahanna biasana rada beueus jeung ayana di daérah lebak atawa léréng pasir. Kadang-kadang palahlar ogé aya di daérah kapur sakitar 600 méter di luhur permukaan laut. Palahlar tumuwuh dina kelompok, sarta rada hésé dibudidayakeun.[2]

Palahlar / Keruing / Dipterocarpus

Dumasar morfologina, palalar téh ukuranana sedeng nepi ka gedé, tur bisa diidentifikasi tina pokona nu ngabogaan banir atawa akar-akar anu bijil ka luar kawas pungkal tangkal. Palahlar bisa nepi ka 50 méter jangkungna kalayan diaméter nepi ka 1,5 méter. Jangkungna kanopi bisa nepi ka 65 méter. Batangna lempeng tur buleud gilig kalayan gema ngahontal leuwih ti 150 nepi ka 260 séntiméter. Batang tangkal palahlar nangtung, méncos, sarta akarna rata. Kulit luar tangkal katingalina kawas sisik nu teu teratur, batangna coklat atawa coklat beureum. Daun palalar digolongkeun kana daun tunggal anu téksturna kaku (kawas kulit). Wangun daunna lonjong nepi ka rada lonjong, luhurna ngagurilap sareng handapna opak. Tangkal palahlar kembangna malai, sedengkeun buahna buleud. Bagian tina buah dilengkepan sababaraha jangjang; nyaéta dua jangjang badag jeung tilu jangjang leutik. Lamun urang tatu batang jeung dahan, palahlar bakal ngaluarkeun damar.[3]

Mangpaat édit

Palahlar digolongkeun kana bahan wangunan anu alus. Kai loba dipaké bahan konstruksi, lantai jeung bantalan. Kayu palahlar miboga kelas daya tahan II jeung kelas kakuatan II. Beurat jini kai sakitar 0,70, ku kituna digolongkeun kana kai sedeng-beurat. Lamun teu awétkeun, kai ieu kirang tahan kana pamakéan dina kontak jeung taneuh. Ku alatan éta, palahlar mindeng dipaké pikeun nyieun kusén, tihang jeung tangga. Tapi lamun diawétkeun, kualitas jeung kakuatan kai palahlar jadi kacida alusna, sabab bisa tahan nepi ka 20 taun pamakéan. Kai palahlar mindeng dipaké tihang listrik, pilar jeung bahan kapal. Résin atawa damar tina palahlar ogé alus pisan pikeun nutupan sela-sela parahu sangkan teu nembus cai.

Di sagigireun kapaké dina séktor industri, palahar ogé mangpaat minangka tutuwuhan ubar. Kulit jeung daunna ngabogaan sipat antibakteri. Hanjakal, sanajan mangpaat pisan salaku komoditi jeung kaséhatan, budidaya palahlar teu ilahar di masarakat. Éta ngan ukur dilebetkeun salaku obyék observasi di kebon ékspérimén. IUCN Red List malah nempatkeun spésiés tutuwuhan ieu dina kategori Kritis atawa Endangered Species.

Referensi édit

  Pamaké ieu salaku pamilon di palatihan nulis #WikiLatih pada tanggal 21 Pébwari 2022.