Pamaréntahan Darurat Républik Indonésia
Pamaréntahan Darurat Républik Indonésia (PDRI) nyaéta penyelenggara pamaréntahan Républik Indonésia dina période 22 Desember 1948 nepi ka 13 Juli 1949. PDRI dipingpin ku Syafruddin Prawiranegara, puseurna di Bukittinggi, Sumatera Kulon. PDRI didirikeun ku sabab sababaraha inohong kamerdékaan Indonésia saperti Soekarno jeung Mohammad Hatta diasingkeun Walanda ka luar Jawa[1][2].
Pemerintahan Darurat Republik Indonesia |
||||
---|---|---|---|---|
Ibu kota | Bukittinggi | |||
Pamaréntah | Pemerintahan sementara |
Kasang Tukang
éditAgrési Militér Walanda II
éditTeu lama sanggeus Agrési Militér Walanda II dina 19 Désémber 1948, Walanda ngawasaan Ibukota Yogyakarta. Dina mangsa nu sama, inohong kamérdékaan saperti Soekarno, Mohammad Hatta, Sutan Syahrir, jeung Agus Salim diasingkeun Walanda ka luar Jawa. Saacan ditawan, Soekarno ngayakeun rapat Istana Nagara keur ngarencanakeun pamaréntahan darurat di Sumatera. Sababaraha inohong pamaréntahan saperti Mohammad Hatta, Laksamana Soerjadi Soerjadarma, jeung Johannes Leimena dilibatkeun dina rapat ieu[1].
Télégram paréntah ieu dikirim ka Syafruddin Prawiranegara di Sumatera jeung A. A. Maramis di New Délhi. Stratégi ieu dipaké mun Syafruddin gagal ngadirikeun pamaréntahan darurat, pamaréntah pangasingan luar negeri kudu didirikeun[1].
Dibentukna PDRI
éditSanggeus Yogyakarta dikawasa Walanda jeung sababaraha inohong diasingkeun, Menteri Panerangan Syafruddin Prawiranegara jeung Panglima Tentara jeung Teritorium Sumatera Kolonel Hidayat nepungan Teuku Mohammad Haasan, Gubernur Sumatera di imahna. Sanggeus éta, sakabeh inohong angkat ka Halaban keur ngarundingkeun pamaréntahan darurat. Dina tanggal 22 Désémber 1948, Pamaréntahan Darurat Républik Indonésia didirikeun[1][2]. Kabinét pamaréntahan disusun, sababaraha pejabat ngarangkep sababaraha jabatan, kaasup Syafruddin Prawiranegara.
Ahir PDRI
éditPamaréntah PDRI réngsé sanggeus Pajangjian Roem-Royen disapukkeun ku pamaréntah Indonésia jeung Walanda dina 1 Juli 1949. Pajangjian ieu nyebutkeun yén tawanan pulitik anu diasingkeun Walanda dilepaskeun tanpa syarat jeung dibalikkeun ka Yogyakarta. Di tanggal 13 Juli 1949, Soekarno jeung Moh Hatta balik ka Yogyakarta[2].
Susunan Pamaréntahan
éditTeu lama sanggeus PDRI didirikeun, Syafruddin Prawiranegara ngabentuk kabinét darurat dina susunan jeung jabatan diantarana nyaéta[1]:
Jabatan | Inohong | Foto |
---|---|---|
Présiden PDRI/Menteri Panerangan | Mr. Syafruddin Prawiranegara | |
Wakil Présiden PDRI/Menteri Kehakiman/Menteri Pembangunan jeung Pamuda | Mr. Susanto Tirtoprojo | |
Menteri Luar Negeri | Mr. Alexander Andries Maramis | |
Menteri Dalam Negeri/Kesehatan | dr. Sukiman Wirjosandjojo | |
Menteri Keuangan | Mr. Lukman Hakim | |
Menteri Kemakmuran/Pengawas Makanan Rakyat | Mr. Ignatius J. Kasimo | |
Menteri Agama | Kyai Haji Masykur | |
Menteri Pendidikan, Pengajaran, dan Kebudayaan | Mr. T. Moh. Hasan | |
Menteri Perhubungan | Ir. Indracahya | |
Menteri Pekerjaan Umum | Ir. Mananti Sitompul | |
Menteri Perburuhan dan Sosial | Mr. Sutan Mohammad Rasjid | |
Panglima Besar Angkatan Perang RI | Letnan Jenderal Soedirman | |
Panglima Tentara & Teritorium Jawa | Kolonel Abdul Haris Nasution | |
Panglima Tentara & Teritorium Sumatra | Kolonel R. Hidajat Martaatmadja | |
Kepala Staf Angkatan Laut | Kolonel Mohammad Nazir | |
Kepala Staf Angkatan Udara | Komodor Udara Hubertus Suyono | |
Kepala Kepolisian Negara | Komisaris Besar Polisi Umar Said |
Rujukan
édit- ↑ a b c d e Matanasi, Petrik. "Apa Jadinya Jika Tak Ada PDRI?". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-08-29.
- ↑ a b c Media, Kompas Cyber. "Sejarah dan Peran PDRI Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-08-29.