Pajangjian Roem-Royen nyaéta rundingan nu dijieun ku Indonésia jeung Walanda di tanggal 07 Méi 1949 pikeun nganggeuskeun konflik di awal kamerdékaan.[1][2]

Saacanna, Indonésia geus dua kali ngayakeun diplomasi jeung pamaréntah Walanda, nyaéta ngaliwatan Pajangjian Linggarjati di taun 1946 jeung Pajangjian Renville di taun 1948. Pajangjian ieu lumangsung ampir sabulan, ti tanggal 14 April 1949 nepi ka tanggal 7 Mei 1949 di Hotel Des Indes, Jakarta.[3]

Sajarah

édit

Ngaran Pajangjian Roem Royen ieu dicokot tina masing-masing délégasi. Pajangjian ieu dipimpin ku Merle Cochran, Délégasi ti Indonésia di wakilan ku Mohammad Roem, sarta wakil Délégasi Walanda ku Dr. JH. Van Royen. Pajangjian ieu lumangsung lila nepi ka ngahadirkeun Mohammad Hatta nu keur diasingkeun di Bangka, sarta Sri Sultan Hamengkubuwono IX ti Yogyakarta.[2][3]

Wanci éta Yogyakarta masih kéneh jadi puseur Ibu Kota Indonésia sarta mangrupa sasaran utama dina Agrési Militer Walanda II. Sabab éta, ayana Sri Sultan Hamengkubuwono IX dina parundingan Roem Royen mére pangaruh gedé. Kaberhasilan Pajangjian Roem Royen ngahasilkeun pangakuan kadaulatan pinuh Walanda pikeun Indonésia ngaliwatan Konferensi Meja Bundar (KMB) nu diayakeun di Dén Haag, di taun 1949.[3][4]

Isi Pajangjian Roem Royen

édit

Isi pajangjian Roem Royen mangrupa kasepakatan perdamaian ti dua belah pihak saacan ditandatangan dina tanggal 7 Mei 1949.

Ieu di handap mangrupa eusi Pajangjian Roem Royen ti délégasi Indonésia jeung Walanda:[3]

Isi Pajangjian Délégasi Indonésia

édit
  • Indonésia bakal maréntahkeun Angkatan bersenjatana pikeun ngeureunkeun sakabéh aktivitas perang gerilya.
  • Pamaréntah Indonésia ménta Walanda hadir dina Konferensi Meja Bundar di Dén Haag.
  • Indonésia jeung Walanda bakal gawe bareng pikeun malikeun katartiban, kaamanan, jeung ngajaga perdamaian.

Isi Pajangjian Délégasi Walanda

édit
  • Pamaréntah Walanda nyatujuan Pamaréntah Indonésia balik ka Yogyakarta.
  • Pamaréntah Walanda ngabébaskeun tanpa sarat sakabéh tahanan politik.
  • Pamaréntah Walanda nyatujuan Républik Indonésia mangrupa bagéan ti Nagara Indonésia Serikat.
  • Pamaréntah Walanda nyatujuan KMB diayakeun sagancangna sanggeus Pamaréntahan Indonésia balik ka Yogyakarta.

Hasil Pajangjian Roem Royen

édit

Tekenan ti dunia Internasional pikeun Agresi Militer Walanda II méré dampak serius ke Walanda. Kabuktian sanggeus kahontalna Pajangjian Roem Royen, Walanda nyumponan sakabéh kasapakatan nu dijieun jeung Indonésia.[3][4]

  • Dina tanggal 6 Juli, Soekarno jeung Hatta dibalikkeun ti pangasingan ka Yogyakarta nu mangrupa puseur dayeuh kota samantara Républik Indonésia.
  • Dina tanggal 13 Juli, Moh. Hatta ngasahkeun Pajangjian Roem Royen jeung nunjuk Sjafruddin Prawiranegara salaku Presiden PDRI (Pamaréntahan Darurat Républik Indonésia) di tanggal 22 Desember 1948.
  • Dina tanggal 3 Agustus, gencétan sanjata Walanda Indonésia munggaran mimitian di Jawa jeung Sumatera, KMB ngahasilkeun persetujuan ngeunaan sakabéh masalah di agénda pertemuan, kecuali masalah Papua-Walanda.
  • Pihak Walanda malikkeun Pamaréntahan RI ka Yogyakarta dina tanggal 24 Juni 1949.
  • Pasukan Walanda ditarik mundur ti Yogyakarta dina tanggal 1 Juli 1949.
  • Bahasan ngeunaan eureunna pamusuhan dibahas sanggeus pamaréntahan RI dibalikeun deui ka Yogyakarta.

Tokoh Pajangjian Roem Royen

édit

Kaberhasilan rundingan ieu tangtu teu leupas ti tokoh-tokoh kunci Pajangjian Roem Royen. Tokoh-tokoh bangsa ieu nyaéta:[3]

Referensi

édit
  1. Media, Kompas Cyber. "Perjanjian Roem-Royen: Latar Belakang, Isi, dan Dampaknya Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-08-29. 
  2. a b "PERUNDINGAN ROEM-ROYEN". Museum Perumusan Naskah Proklamasi (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-08-29.  Archived 2021-08-29 di Wayback Machine
  3. a b c d e f Tim. "Sejarah Perjanjian Roem Royen dan Tokoh Delegasinya". nasional (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-08-29. 
  4. a b Iqbal, Muhammad. "Perjanjian Roem-Royen & Pertentangan di Kalangan Pemimpin Republik". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-08-29.