Pertamina Tower

wangunan pencakar langit di Indonésia

Pertamina Tower (disebut ogé Pertamina Energy Tower, ditarjamahkeun jadi Munara Pertamina) nyaéta wangunan pencakar langit nu perenahna di Jakarta Kidul, Indonésia. Ieu wangunan didesain ku Skidmore, Owings & Merrill LLP (SOM) nu atos direncanakeun ti 2012,[1] tapi ditunda pangwangunanna dina taun 2014.[3] Ieu wangunan direncanakeun miboga luhur 523 méter jeung 99 lantéy nu diwangun ku gabungan sababaraha sistem struktur. Salian éta, Pertamina Tower didesain ku konsep high performance green buildings nu manfaatkeun sababaraha énérgi ramah lingkungan pikeun kabutuhan listrikna, saperti géotérmal, cai, panon poé, angin, jeung gas.[4] Ieu wangunan difungsikeun pikeun kantor anyar Pertamina nu dilengkepan ku fasilitas pandukung saperti paviliun, masjid, jeung puseur pambangkit listrik.[5]

Pertamina Energy Tower
Informasi umum
Statusditunda
Tipekantor, énérgi
LokasiKav. Rasuna Off Park (ROP) Unit XO-02, Jl. HR. Rasuna Said -, Jakarta Kidul, Indonésia
Koordinat6°12′56″S 106°49′47″E / 6.2155350°S 106.8296520°E / -6.2155350; 106.8296520Koordinat: 6°12′56″S 106°49′47″E / 6.2155350°S 106.8296520°E / -6.2155350; 106.8296520
Mimiti diwangun2013
Lengkep2020 (rencana mimiti)
Luhur
Arsitéktur523 metres (1,716 ft)[1]
Punclut523 metres (1,716 ft)[1]
Detil téhnis
Jumlah lantéy99
Aréa lantéy540,000 m2 (5,812,500 sq ft)[2]
Rarancang jeung konstruksi
ArsitékSkidmore, Owings & Merrill LLP (SOM)[1]
Insinyur strukturSkidmore, Owings & Merrill LLP (SOM)[1]

Sajarah édit

Pertamina Tower dirancang ku Skidmore, Owings & Merrill LLP (SOM) dina taun 2012 sarta ngalibatkeun Turner International salaku konsultan manajemén proyék jeung Rider Levett Bucknall salaku konsultan survéyor kuantitas. Lian ti éta, proyék pangwangunan ieu ngalibatkeun PT Airmas Asri salaku konsultan arsiték jeung PT Wiratman & Associates salaku konsultan struktur. Dina pangwangunan puseur pambangkit listrik, dilibatkeun PT Pembangunan Perumahan (PP) jeung PT Hutama Karya salaku palaksana proyék.[6]

Sataun saanggeusna, tepatna dina ping 9 Désémber 2013, ieu wangunan mimiti diwangun nu ditandaan ku ngaletakkeun batu pangmimitina.[7] Pangwangunan ieu difokuskeun ka fasilitas panunjang nu rencanana réngsé dina ahir taun 2014. Pertamina Tower sorangan direncanakeun réngsé dina taun 2020.[2] Tapi, pangwangunanna dihentikeun di ahir taun 2014. Panyetopan pangwangunan ieu wangunan téh disababkeun ku Pertamina nu ngubah prioritas fokusna ka ningkatkeun produktivitas hulu jeung kapasitas kilang lantaran kondisi harga minyak atah dunya nu keur turun.[3][8] Salian éta, harga séwana bakal mahal, kurang leuwih $70 AS per méter pasagi, ku sabab nilai invéstasina nu gedé ogé, nu nyampé $1,7 miliar AS pikeun 99 lantéy. Ku kituna, pangwangunan dihentikeun jeung bakal ditinjau deui sarta aya rencana nu bakal ngurangan jumlah lantéy sangkan harga séwana leuwih murah.[6][9]

Dina taun 2019, PT Patra Jasa, anak pausahaan Pertamina, ngaanyarkeun rancangan indukna jeung bakal ngaganti Pertamina Tower ku E-Polis nu nimbangkeun Pertamina Tower nu teu layak sacara finansial. Rencana ieu bakal ngubah konsépna jadi kawasan komérsial nu diwangun ku sababaraha gedong jeung fasilitas. E-Polis ieu didesain ku firma arsitéktur Woods Bagot jeung bakal ngayakeun kerja sama jeung PT Wika Realty.[10]

Desain édit

Pertamina Tower nu dirancang miboga luhur 523 méter jeung 99 lantéy ieu didesain ku konsép high performance green buildings.[4] Sareng ieu konsép, Pertamina Tower jadi pencakar langit supertall pangmimitina nu desain utamana boga téma énérgi. Lantaran Pertamina Tower bakal dijadikeun ikon énérgi, sababaraha énérgi ramah lingkungan bakal diaplikasikeun dina ieu wangunan, saperti géotérmal, cai, panon poé, angin, jeung gas.[2] Panganggoan ieu énérgi ramah lingkungan nyababkeun Pertamina Tower bakal jadi pencakar langit nu nét énérgina positip ku cara manfaatkeun desain fasad sangkan cahya bisa asup ka jero tapi tetep tiis, ku kitu ngurangkeun beban énérgi pikeun pancahyaan jeung panirisan rohangan. Salian éta, sistem HVAC jeung pancahyaan ogé dibuat éfisién.[4]

Bagéan pangluhurna ieu wangunan (luhurna 530 méter) dibuat kabuka pikeun nempatkeun turbin angin sumbu vértikal. Bagéan ieu didesain ngabentuk "corong angin" sangkan angin nu ngaliwatan turbin leuwih gancang tur énérgi nu bisa dibangkitkeun jadi leuwih gedé.[5] Di bagéan handap ieu wangunan, dipasang panél panon poé dina atap jalur pajalan kaki nu luasna 1.750 méter pasagi sangkan listrik bisa dibangkitkeun ti énérgi cahya panon poé.[4]

Struktur édit

Sistem struktur Pertamina Tower disusun ku tilu subsistem struktur. Struktur dina bagéan tengah wangunan mangrupa beton bertulang nu boga sipat daktil sarta rangka momen baja di luarna. Rangka momen ieu disusun ku kolom jeung balok baja komposit. Dina tiap 30 lantéy, bagéan tengah jeung luar sistem struktur dihijikeun ku 3 lunjureun jeung beubeur baja. Hiji sistem nu lian nyaéta sistem gravitasi nu miboga peran pikeun nyalurkeun beban ka struktur tengah jeung kolom. Ieu sistem disusun ku pelat beton dina dék logam nu didukung ku balok baja komposit.[11]

Fasilitas édit

Lian ti fungsi utamana pikeun kantor nu nampung 20.000 pagawé jeung kagiatan komérsial, aya sababaraha fasilitas pandukung dina aréa Pertamina Tower di luar wangunanna, di antarana paviliun paméran jeung patunjukan seni, masjid, sarta puseur pambangkit listrik. Ieu paviliun miboga auditorium nu ngamuat 2.000 korsi pikeun kagiatan kuliah jeung patunjukan seni. Lian ti éta, puseur pambangkit listrik miboga fungsi pikeun tempat ngabangkitkeun énérgi nu disuplai ka kasaluruhan kawasan ieu wangunan. Fasilitas-fasilitas ieu jeung wangunan utama dihubungkeun ku jalur lindung pajalan kaki nu bisa ngabangkitkan énérgi liwat sél fotovoltaik di luhurna.[5]

Panghargaan édit

Dina taun 2014, Pertamina Tower menangkeun Panghargaan Emas dina MIPIM Asia Awards katégori Best Futura Mega Project.[12]

Rujukan édit

  1. a b c d e "Pertamina Tower". The Skyscraper Center. Déwan Wangunan Luhur jeung Habitat Urban. Diakses tanggal 10 Désémber 2019. 
  2. a b c "Pertamina Energy Tower, Gedung Tertinggi di Indonesia". Pertamina. 16 Désémber 2013. Diakses tanggal 10 Désémber 2019.  Archived 2019-12-10 di Wayback Machine
  3. a b Djumena, Erlangga, ed. (1 Juni 2015). "Pembangunan Pertamina Tower Ditunda". www.kompas.com. Diakses tanggal 11 Désémber 2019. 
  4. a b c d Kibert, Charles J. (April 2016). Sustainable Construction: Green Building Design and Delivery (4th ed.). Wiley. ISBN 978-1-119-05517-4. 
  5. a b c "Pertamina Energy Tower". Skidmore, Owings & Merrill LPP. Diakses tanggal 10 Désémber 2019. 
  6. a b Idris, Muhammad (1 Séptémber 2019). "Tarif Sewa Kemahalan, Pertamina Tower Batal Dibangun 99 Lantai". www.detik.com. Diakses tanggal 11 Désémber 2019. 
  7. Latief (12 Désémber 2013). "Setinggi 530 Meter, Inilah Tampilan Pertamina Energy Tower". www.kompas.com. Diakses tanggal 11 Désémber 2019. 
  8. Fajriah, Lily Rusna (17 Pébruari 2019). "Pembangunan Gedung Tertinggi Pertamina Ditunda". www.sindonews.com. Diakses tanggal 11 Désémber 2019. 
  9. Wicaksono, Bayu Adi (1 Séptémber 2015). "Pertamina Batal Bangun Gedung Pencakar Langit 99 Lantai". www.viva.co.id. Diakses tanggal 11 Désémber 20019. 
  10. Alexander, Hilda B. (20 Juli 2019). "Proyek Jumbo E-Polis Jakarta Dirancang Arsitek Dunia". www.kompas.com. Diakses tanggal 11 Désémber 2019. 
  11. Besjak, Charles; Biswas, Preetam; Petrov, Georgi I.; Streeter, Matthew; Devin, Austin (2017). "Effects of Perimeter to Core Connectivity on Tall Building Behavior". International Journal of High-Rise Buildings (Déwan Wangunan Luhur jeung Habitat Urban) 6 (1): 1-9. doi:10.21022/IJHRB.2017.6.1.1. 
  12. "SOM Wins Top MIPIM Asia Awards for 2014". Skidmore, Owings & Merrill LPP. 12 Pébruari 2014. Diakses tanggal 11 Désémber 2019.