Buka ménu utama

Prasasti Kebantenan nujul ka lima lémpéng tambaga nu kapanggih di Kebantenan, Bekasi. Ieu prasasti kiwari disimpen di Musieum Nasional, Jakarta, dinomeran E.42-a (I), E.42-b (II), E.43 (III), E.44 (IV), jeung E.45 (V). Ieu papanggihan kungsi dilaporkeun dina NGB. 1886:30 jeung NBG. 1911. XXVIII. Prasasti Kebantenan eusina maké basa Sunda kuna jeung tanpa titimangsa, tapi dumasar gaya jeung jenis aksarana katut ngaran raja nu disebutkeun, kanyahoan yén ieu prasasti téh dikaluarkeun ku Sri Baduga Maharajadiraja nu ngawasa Pakuan Pajajaran (1482-1521).

EusiÉdit

Éta lima lémpéng prasasti téh, anu tilu aya tulisanana bulak-balik, sedengkeun nu dua ukur sabeungeut.

Lémpéng E.42-aÉdit

  • Hareup
//0// om awighnamastu nihan sakakala ra
hiyang wastu kancana pun/turun ka ra
hiyang ningrat kancana/maka nguni ka susuhunan ayeu-
na di pakwan pajajaran pun/ mula mo mihape

  • Tukang
dayeuhan di jayagiri/ deung dayeuhan di sunda sembawa
aya ma nu ngabayuan inya ulah dek ngaheuryanan
inya ku na dasa/ calagara/ kapas timbang/ pare
dongdang pun/ mang[k]a ditudi[ng] ka para muhara/ mula dek men-

Lémpéng E.42-bÉdit

  • Hareup
taan inya beya pun. kena inya nu purah dibuhaya
mibuhayakeunna kacarita pun. nu pageuh ngawaka-
nna dewa sasana pun 0.0.

Lémpéng E.43Édit

  • Hareup
//0// pun ini piteket sri baduga maharaja ratu haji
di pakwan sri sang ratu dewata/nu dipitekatan mana (baca:nana) le-
mah dewasasana di sunda sembawa/ mulah waya nu ngubahya/
mulah waya nu ngaheuryanan/ tebeh timur hanggat ciraub
ka sanghiyang salila/ ti barat hanggat ruseb ka munjul ka ci
bakekeng, ciho[n]je. ka muhara cimuncang pun. ti kidul

  • Tukang
hanggat ka leuweung comon. mulah mo mihape ya. ke
na. dewa sasana sanggar kami ratu. sapaah jalan gede
kagirangkeun. lemah larangan pigeusaneu para wiku
pun. ulah ek waya nu keudeu dibeunangng ing ngagurat ke
aing heman. di wiku pun

Lémpéng E.44Édit

  • Hareup
ini piteket nu seba di Pajajaran. miteke
tanna kabuyutan di sunda sembawa aya ma nu ngaba
yuan mulah aya nu nyekapan. mulah aya
nu munah-munah inya. nu ngaheuryanan lamun aya nu

  • Tukang
keudeu paambahna lurah sunda sembawa. ku aing dititah dipaeh
han. kena éta lurah kawikwan

Lémpéng E.45Édit

//0// pun ini piteket sri baduga maharaja ratu haji di pakwan sri sang ratu
dewata. nu dipiteketan mana lemah dewa sasana. di gunung samaya sugan aya
nu dek ngaheuryanan inya. ku palulurahhan mulah aya
nu ngaheuryanan inya. ti timur ha[ng]gat ciupih ti barat ha[ng]gat cilebu
ti kidul ha[ng]gat jalan gede pun mulah aya nu ngaheuryanan inya ku[na] da
sa calagara upeti panggeureus reuma ulah aya nu me[n]taan inya
kena sanggar kami ratu purah mibuhayakeunna ka ratu pun nu pageuh ngawakan
na dewa sasana pun 0.0

RujukanÉdit