Pocong nyaéta hiji jurig anu wujudna pocong, atawa di Malaysia ieu jurig téh kasohor ogé salaku jurig bungkus sabab awakna buni ku lawon bodas.[1] Ngan ayeuna gambaran pocong téh geus rupa-rupa variasina, aya nu ngomongkeun yén pocong miboga beungeut nu pulas héjo jeung panonna euweuh hihideungan.[1] Masarakat lianna ngagambarkeun yén pocong téh beungeutna rata jeung miboga liang panon wangunna rongga jiga akar atawa katutupan ku kapas jeung beungeutna bodas pias.[1]

Sabab Ayana

édit

Maranéhna nu percaya ku ayana ieu jurig boga sawangan yén matak jadi jurig pocong téh ku sabab protés ti mayit anu poho teu dibuka talian lawon bodasna ku pangurus mayit anu nguburkeunana saméméh kuburanana diasupan jeung ditutp ku taneuh.[1] Sanajan di film-film pocong mindeng digambarkeun leumpangna ku cara luluncatan, mitos ngeunaan pocong malah ngomongkeun yén pocong téh cara leumpangna kakalayangan.[2]

Gambaran dina Film

édit

Ieu hal bisa dipikaharti ku masarakat nu lalajo film pocong, sebab di film-film nu maén jadi pocong henteu bisa ngomé sukuna nepi ka leumpangna kudu luluncatan.[2] Ieu kaayaan ogé anu ngayakeun hiji sawangan anu bisa dipaké pikeun ngabédakeun pocong asli jeung pocong palsu di masarakat. Kapercayaan bakal ayana pocong ngan mekarna di Indonésia, utamana di Jawa jeung Sumatera.[1] Sanajan gambaranana ngilu kana tradisi muslim, umat agama séjén ogé geningan bisa ngiluan eksistensi ieu jurig.[1]


 


Referensi

édit
  1. a b c d e f Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. a b Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.