Saung ranggon; dangau nyaéta saung anu perenahna rada jangkung paranti nungguan huma, kebon, atawa sawah.[1] Saung ranggon ilaharna mibanda tihang leuwih jangkung sangkan bisa nyerangkeu atawa nempo ka tempat anu leuwih anggan, saung ranggon ogé nunjuk kana saung anu dijieun dina tangkal paranti ngintip/ngadodoho sato boroan sangkan henteu ngagamahan ogé gampil ngincerna. [1]

Saung ranggon paragi tunggu huma


Di sawah édit

Saung ranggon anu perenahna di sawah ngahaja dijieun pikeun nungguan paré sangkan teu diganggu ku hama, kayaning manuk, beurit, bagong, careuh, jeung sajabana. [2] Dina palebah tihang maké tali panjang kaluar meuntasan sawah, di tungtungna ditalikeun kana bebegig maksudna sangkan gampil ngendag-ngendag bebegig ti saung tempo aya manuk atawa hama sangkan kagamahan/nyingsieunan. [3] Saung ranggon anu aya di sawah sok katempo tikajauhan kénéh ogé, keur mah nénggang katurug-turug kaayaan leuwih jangkung ti sabudeureunna.[4] Saung ranggon wangunan basajan, tihang dijieun tina awi leunjeuran atawa kai leutik, hateupa tina jarami, eurih atawa injuk.[4] Sagigireun dipaké tunggu, saung ranggon dipaké leleson atawa ngaso, ngiuhan, sarta murak timbel atawa opieun bari ngawaskeun tatanén. [5]

Dongéng édit

 
Saung ranggon paragi tunggu sawah

Dina dongéng perang bubat ogé ka kocap cenah, "Dayang Sumbi keur ninun di saung ranggon, tuluy aya nu ragrag pakakas tinuna". [2][6]

Dicutat tina édit

  1. a b Eko Purnomosidi, Bangbang (2020). Pun boncel : transliterasi cerita beraksara hanacara dan catatan-catatannya. UGM: CV Jejak (Jejak Publisher). p. 47. ISBN 9786232474147.  Disungsi23 Maret 2021
  2. a b Merdeka permana, Aan (2009). Perang Bubat: Tragedi di Balik Kisah Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka. University of Wisconsin - Madison: Qanita. p. 13. ISBN 9789793269870.  Disungsi23 Maret 2021
  3. Herayati, Yetti (1989). Peralatan produksi tradisional dan perkembangannya daerah Jawa Barat. Depdikbud: Departement Pendidikan dan Kebudayaan, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Proyek Inventarisasi dan Pembinaan Nilai-Nilai Budaya. pp. 54 – 55.  Disungsi23 Maret 2021
  4. a b Muchtar, Muchtar (2016). Cerita rakyat: (mite dan legende) : daerah Jawa Barat. University of Wisconsin - Madison: Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah (Indonesia). p. 13.  Disungsi23 Maret 2021
  5. Departemen, Aan Pendidikan dan kebudayaan (2019). Adat istiadat daérah Jawa Barat. University California: Depdikbud. p. 95.  Disungsi23 Maret 2021
  6. Suhardi Ekajati, Wahyu Wibisana, Ade Kosmaya Anggawisastra, Edi (1985). Naskah Sunda lama kelompok babad. University California: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan,. p. 95.  Disungsi23 Maret 2021