Selulosa (C6H10O5)n nyaéta karbohidrat polimér polisakarida rantay panjang béta-glukosa. Selulosa ngawangun komponén struktural utama dina tutuwuhan nu teu bisa dicerna ku manusa.

Selulosa, polimér liniér D-glukosa nu ditumbukeun ku beungkeut glikosida-β(1→4).

Sajarah jeung larapan

édit
 
Selulosa dina wangun tilu-diménsi, némbongkun opat unit glukosa (hideung = karbon; beureum = oksigén; bodas = hidrogén).

Selulosa mangrupa bahan ilahar na dinding sél tutuwuhan, munggaran kacatet taun 1838. Dina wujud ampir murni, selulosa alami ukur aya dina serat kapas; ari dina lolobana tutuwuhan mah pacampur jeung lignin sarta hémiselulosa. Selulosa mangrupa biomassa panglobana (Crawford, R. L. 1981. Lignin biodegradation and transformation, John Wiley and Sons, New York). Selulosa, hususna cotton linters, dipaké dina industri nitroselulosa, nu baheula dipaké pikeun mesiu tanpa haseup.

Sababaraha sasatoan, hususna ruminan (sato nu "ngamamah biak") jeung rinyuh, bisa nyerna selulosa ku ayana mikroorganisme simbiotik - tempo métanogén.

Selulosa diolah pikeun nyieun selofan jeung rayon, kabéhdieunakeun Modal, tékstil nu diturunkeun tina selulosa beechwood.

Selulosa ogé dipaké di laboratorium salaku substrat bentuk padet dina kromatografi lapis ipis.

Selulosa mangrupa bahan dasar utama kertas.

Kimia

édit

Monomér selulosa (béta-glukosa) ditumbukeun ngaliwatan beungkeut glikosida 1,4. Na mikrofibril, gugus-gugus hidroksidana ngawangun beungkeut hidrogén antara hiji jeung nu lianna, sahingga rantayna pageuh. Kakuatan ieu penting pikeun pinding sél, nu nganyam matriks karbohidrat, sahingga tutuwuganana heuras.

Dina bahan selulosa, bagian nu teu leyur na natrium hidroksida (NaOH) 17.5% nu hawana 20 °C disebut Selulosa Alfa, nu mangrupa selulosa nu sabenerna; bagian nu leyur lajeng ngendap nalika diasamkeun disebutna Selulosa Béta, sedengkeun bagian nu leyur tapi teu ngendap disebut Selulosa Gama.

Tempo ogé

édit