Polisakarida nyaéta karbohidrat "teu amis" nu kawilang pajeulit. Polisakarida mangrupa polimér nu diwangun ku loba monosakarida nu silihsambungkeun (nyaéta poli-sakarida). Ku kituna polisakarida mah kaasup molekul badag pisan, malah ngarangkadak. Sipatna teu leyur na cai sarta teu ngabentuk kristal, contona nyaéta aci, selulosa, jeung glikogén.

Struktur

Polisakarida mibanda rumus umum:

-[Cx(H2O)y)]n-

nu mana y biasana = x - 1.

Aci mangrupa polimér glukosa nu unit glukopiranosana kabeungkeut ku tumbu-alfa. Amilosa diwangun ku sababaraha ratus molekul glukosa ranté-lempeng. Amilopéktin nyaéta molekul rangkadak nu disusun ku sababaraha réwu unit glukosa.

Aci teu leyur na cai, bisa disiksik ku hidrolisis nu dikatalisan ku énzim nu disebut amilase, nu bisa megatkeun tumbu-alfa. Manusa jeung sato séjénna boga amilase, sahingga bisa nyerna aci. Kentang, béas, gandum, jagong, jeung sampeu mangrupa sumber aci na dahareun manusa.

Glikogén

édit

Glikogén, polimér rangkadak glukosa, mangrupa bentuk simpenan glukosa dina sato. Glikogén bisa dibeulah jadi substrat pikeun réspirasi ngaliwatan prosés glikogénolisis. Ieu ngawengku megatkeun beungkeut C-O-C antarmolekul glukosa ku ditambahkeunana fosfat, gaganti cai na hidrolisis. Prosés ieu ngahasilkeun molekul glukosa kafosforilasi, nu métabolismena bisa ngahasilkeun hiji molekul ATP.

Sélulosa

édit

Komponén struktural tutuwuhan diwangun utamana ku sélulosa. Kai diwangun ku sélulosa jeung lignin, sedengkeun kertas jeung kapas méh murni sélulosa. Sélulosa mangrupa polimér nu dibentuk ku ulangan unit glukosa nu kabeungkeut ku tumbu-béta. Manusa sarta lolobana sato séjénna teu boga/kakurangan énzim pikeun megatkeun tumbu-béta, sahingga teu bisa nyerna sélulosa. Sababaraha sato bisa nyerna sélulosa sabab boga sélulasena.

Polisakarida asam

édit

Polisakarida asam nyaéta sagolongan polisakarida nu ngandung gugus karboxil jeung/atawa gugus éster sulfat.