Seureuh
Salambar daun seureuh
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. betle
Ngaran binomial
Piper betle

Seureuh nyaéta ngaran sabangsaning tuwuhan areuy, daun sarta buahna didahar ku jelema ku cara digayem babarengan jeung gambir, jambé sarta kapur. Seureuh dipaké minangka pepelakan ubar (fitofarmaka); kacida pentingna dina kahirupan sarta sagala rupa upacara adat bangsa Indonésia.

Sirih dipikawanoh dina unggal basa kalawan ngaran anu has, nyaéta: suro (Jawa), sireh (Melayu), bido (Ternate), base (Bali), jeung amo (Ambon).[1]

Gambaran

édit

Tuwuhan ngareuy (ngarambat) ieu bisa ngahontal jangkung 15 méter. Tangkal seureuh boga warna coklat semu héjo, bentukna buleud, ngandung buku sarta mangrupa tempat kaluarna akar. Daunna anu tunggal bentukna jiga jantung, boga tungtung nu seukeut, tumuwuh selang-seling, gagangan, sarta ngaluarkeun ambeu anu seungit lamun dirames. Panjangna kira-kira 5 - 8 cm sarta rubak 2 – 5 cm. Bentuk buahna buleud sarta boga warna héjo semu kulawu. Akarna tunggang, buleud sarta boga warna coklat semu konéng.

Kandungan sarta mangpaat

édit

Minyak atsiri tina daun seureuh ngandung betiephenol, seskuiterpen, sari, diatase, gula sarta zat samak jeung chavicol anu mibanda daya maéhan jaram, antioksidasi sarta fungisida, anti jamur. Seureuh boga hasiat ngaleungitkeun ambeu awak anu diakibatkeun ku baktéri sarta jamur. Daun seureuh ogé boga sipat nahan perdarahan, nyageurkeun tatu dina kulit, sarta gangguan peujit. Sajaba ti éta, ogé boga sipat ngariutkeun, ngaluarkeun reuhak, ngéncérkeun ciduh, hemostatik, sarta ngeureunkeun getih nu ngocor.

Pamakéan pikeun ubar

édit
  1. Batuk
  2. Sariawan
  3. Bronchitis
  4. Jerawat
  5. Keputihan
  6. Nyer huntu alatan bolong
  7. Panas tiris campur getihan
  8. Bau sungut
  9. Haid henteu tartib
  10. Bengék
  11. Borok genggerong
  12. Gugusi bareuh (geutahna)[2]

Pamakéan ubar luar

édit
  1. Éksim
  2. Tatu kabeuleum
  3. Koréng (pyodermi)
  4. Kurap suku
  5. Bisul
  6. Mimisan
  7. Nyeri panon
  8. Gugusi getihan
  9. Ngurangan produksi ASI
  10. Ngaleungitkeun ateul

Katerangan

édit

Biasana pikeun ubar mimisan, dipaké 2 lambar daun seger Piper betle, dikumbah, digulung saterusna diasupkeun kana liang irung.

Wawadi

édit

Nyapék seureuh geus dikaitkeun jeung panyakit kanker sungut sarta genggerong squamous cell carcinoma.

Rujukan

édit
  1. Crawfurd, John (2017). Sejarah Kepulauan Nusantara: Kajian Budaya, Agama, Politik, Hukum dan Ekonomi 1. Yogyakarta: Penerbit Ombak. p. 292. ISBN 9786022584698. 
  2. Savitri, Astrid (2016). Savitri. Indonesia: Bibit Publisher. p. 14. ISBN 9786026805232.  Disungsi10 Januari 2022

Tumbu ka luar

édit