Sifilis nyaéta salah sahiji panyakit anu pangpicilakaeunna.[1] Inféksi anu lumangsung dina rarangan bagian luar kasebut nu disababkeun ku bakteri Treponema Pallidium.[1] Sifilis bisa mekar ka tahap sékunder sarta téersier anu hésé pisan dititénan.[1] Sifilis sekunder tépa pisan, sedengkeun sifilis tersier ngabalukarkeun sagala rupa karuksakan dina bagian awak sajaba rarangan kawas otak, jantung, pembuluh getih sarta haté.[1] Sifilis anu diepakeun indung ka anakna waktu ngalahirkeun bisa ngabalukarkeun lolong sarta pati.[1] Sifilis bisa diubaran kalayan penisilin dosis nu gedé, tapi karuksakan raramat anu lumangsung salila infeksi teu bisa dicageurkeun deui.[1] Mangsa inkubasi tampa tanda-tanda lumangsung 3-4 minggu, komo nepi ka 13 minggu.[2] Sanggeus éta kaluar bénjolan dina sakuriling rarangan.[2] Sakapeung dibarengan rasa lieur, sarta nyeri tulang kawas gejala flu, anu baris leungit sorangan tampa diubaran.[2] Aya totol-totol leutik rada beureum dina awak kira-kira 6-12 minggu sanggeus inféksi.[2] Tanda-tanda ieu baris leungit ku sorangan sarta mindeng pisan nu gering téh teu ngarasakeunana.[2] Salila 2-3 taun kahiji panyakit ieu teu némbongkeun tanda-tanda, atawa disebut mangsa laten.[2] Sanggeus 5-10 taun panyakit sifilis baris narajang susunan saraf otak, pembuluh getih sarta jantung.[2] Dina awéwé nu keur hamil, sifilis bisa ditépakeun dina orok anu aya dina kandunganna sarta orok kasebut bisa lahir jeung karuksakan kulit, haté, limpa, sarta cacad méntal.[2]

Rujukan édit

  1. a b c d e f (id) Jati, Wijaya. 2007. Aktif Biologi. Jakarta: Ganeca exact. Kaca 223
  2. a b c d e f g h (id) Syamsuri, Istamar. Biologi Jilid II Untuk SMA Kelas XI Semester 1. Jakarta: Erlangga. Kaca 157