Simpanseu
Simpanseu (sering disingget dina basa Inggris, chimp), nyaéta ngaran umum pikeun dua spésiés anu masih hirup tina monyét dina genus pan.[1] Walungan Kongo ngawangun wates tempat cicing alamiah tina dua spésiés:
- Simpanseu biasa, pan troglodytes (Afrika Barat jeung Afrika Tengah)
- Bonobo, Pan panissus (Leuweung Républik Kongo)[1]
Simpanseu nyaéta anggota ti kulawarga Hominidae, sarua jeung gorila, manusa ogé orangutan.[1]
Simpanseu mangrupa salah sahiji jenis primata anu teu boga buntut.[2] Ukuran awakna gedé, anu jalu jangkungna 77–92 cm, sedengkeun dantenna kira-kira 70–85 cm.[2] Beuratna maksimal 50 kg, awakna katutup ku mantel bulu anu panjang jeung kandel, warnana hideung semu abu-abu.[2] Bentuk beungeut jeung gado rada ngagantung, biwir ipis, jeung bagian halisna nonjol kalawan jelas.[2] Sato ieu ngabogaan ceuli anu ukuranna rélatip gedé, dadana lega, anggota badanna katingali paranjang, sanajan ari ramona mah parondok.[2] Leungeunna kuat, beungeut anak simpanseu mirip jeung indungna dibédakeunna ceuli anak simpanseu mah katingali semu beureum jeung buluna teu kandel, carang kénéh.[2]
Klasifikasi Simpanseu
éditKlasifikasi simpanseu nyaéta:
Tempat Cicing (Habitat)
éditSimpanseu sumebar di Aprika Barat jeung Aprika Tengah anu ngawengku Zaire, Sinegal, jeung Tasmania.[2] Primata ieu biasana cicing d leuweung tropis, tapi kapanggih ogé di leuweung awi, rawa, jeung sakapeung di tegalan jukut.[5] Simpanseu biasana cicing dina tatangkalan sarta ngagunakeun daun pikeun sayangna.[5]
Sistem Réproduksi
éditAsakna Séksualitas simpanseu dina umur 5-6 taun, usum perkawinana sapanjang taun.[3] Simpanseu bikang ngalaman siklus ménsturasi salila 35 poé, kalayan mangsa évolusina 6 poé.[3] Mangsa reuneuhna 200-260 poé, kalayan anakna rata-rata hiji maksimalna dua.[3] Simpanseu bikang bakal ngalayanan sababraha hiji simpanseu jalu, sarta bakal ngasuh anakna nepi ka umur 4 taun.[2]
Kadaharan
éditDi tempat hirupna, simpanseu ngadahar rupa-rupa bungbuahan jeung dangdaunan.[2] Dina usum halodo simpanseu bakal ngadahar sisikian, kembang jeung bagian tatangkalan anu hipu, karesepna kana tonjolan kai anu tapak supa.[2] Sajaba ti ngadahar bagian tina tutuwuhan, simpanseu ogé ngadahar sababaraha rupa sasatoan.[2]
Pola Hirup Simpanseu
éditKadaharan simpanseu umumna vegetarian, sanajan sakapeung sok nyerang ka sasatoan laleutik, atawa ngadahar seranga.[3] Musuh hiji-hijina anu sok sering nyerang simpanseu nyaéta oray.[3] Kahirupan sosialna, simpanseu hirup babarengan ngawangun kulawarga, sarta dibandingkeun jeung sato séjénna simpanseu ngabogaan hubungan sosial anu kaitung maju.[3]
Simpanseu mangrupa sato sosialis, hirupna ngagorombol nepi ka 50 anggota.[5] Sakelompokna mangrupa gabungan 3-6 kulawarga anu cicing babarengan.[5] Simpanseu nuturkeun sistem hirarki dina gorombolanna, jalu anu pangkuatna jadi kapalana, bikang déwasa dianggap bagian tina gorombolan anu béda.[5] Simpanseu ngabogaan aturan ketat patali jeung wilayahna, bakal timbul huru-hara gedé saupama gorombolan séjén nyerang ka wilayah nu séjénna.[5]
Panangtayungan Simpanseu
éditSimpanseu nyaéta sato anu rawan, deukdeut kana musnah sarta ngabutuhkeun panangtayungan anu total.[3] DIna danget ieu kira-kira aya 250.000 simpanseu, tapi jumlahna condong ka turun.[3] Conto tempat panangtayungan simpanseu nyaéta di pulo Ngamba di dano Victoria.[6] Pulo Ngamba dianggap hadé pikeun cicing simpanseu lantaran tempatna mencil jauh tina jangkowan manusa.[6] Pulo simpanseu Liberia, ogé salah sajiji pulo anu dikawasa ku simpanseu.[7]
Sajarah Sacara Evolusi
éditGénus Pan dianggap bagian tina sub-kulawarga Homininae di mana manusa ogé kaasup salah sahijina.[1] Dua spésiés ieu mangrupa sadulur pangdeukeutna jeung manusa sacara évolusi anu masih kénéh hirup[1] Panalungtikan Mary-Claire King dina taun 1973 manggihan 99% sasaruaan DNA antara manusa jeung simpanseu, sanajan kitu ieu panalungtikan geus diralat jadi 94% sasaruaanna, kalayan sababaraha bébédaan aya dina non-coding DNA.[1]
Geus diajukeun yén troglodytes jeung panscus bareng jeung sapiens aya dina génus homo, daripada dina pan.[1] Salah sahiji alesanna ngeunaan ieu hal nyaéta spésiés diklarifikasi deui jadi génus anu sarua dumasar sasaruaan génétis, upamana anu aya dina manusa jeung simpanseu.[1]
Pakta Unik Simpanseu
édit1. Simpanseu mangrupa sato anu asalna ti Aprika.[8]
2. Manusa jeung léopard mangrupa ancaman pikeun lumangsuna hirup simpanseu.[8]
3. Simpanseu resep hirup ngagorombol.[8]
4. Normalna simpanseu ngagunaleun dua leungeun jeung dua sukuna, tapi simpanseu ogé bisa leumpang ajeg ngagunakeun dua sukuna.[8]
5. Simpanseu méakeun waktuna pikeun dahar jeung saré dina tatangkaleun.[8]
6. Simpanseu bikang mangsa réproduktifna nepi ka umur 13 taun.[8]
7. Umur simpanseu 50-60 taun.[8]
8. Simpanseu mangrupa sato nu mampuh ngagunakeun alat dina kagiatan sapopona, conto nalika néngan kadaharan, nyieun sayangna, mesék kacang ku batu, ngagunakeun daun jang nginum, jrrd.[8]
Rujukan
édit- ↑ a b c d e f g h (dalam bahasa id) Simpanse. 2018-02-10. https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Simpanse&oldid=13690821.
- ↑ a b c d e f g h i j k Zoo, Gembiraloka. "Gembira Loka Zoo". gembiralokazoo.com. Diakses tanggal 2018-02-11. Archived 2018-01-08 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l Atlas binatang: Mamalia (dalam Indonesian). Tiga Serangkai. 2007. ISBN 9789793307930.
- ↑ a b c d e "apa saja taksonomi simpanse, orangutan dan lutung?" (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-11.
- ↑ a b c d e f "6 Fakta Menarik tentang Simpanse yang Perlu Anda Ketahui" (dalam bahasa en-US). Amazine.co. 2014-05-06. https://www.amazine.co/31969/6-fakta-menarik-tentang-simpanse-yang-perlu-anda-ketahui/. Diakses pada 2018-02-11 Archived 2016-04-23 di Wayback Machine
- ↑ a b Liputan6.com. "Perlindungan Simpanse di Pulau Ngamba". liputan6.com. http://global.liputan6.com/read/70475/perlindungan-simpanse-di-pulau-ngamba. Diakses pada 2018-02-11[tumbu nonaktif]
- ↑ "9 Pulau yang Dikuasai Hewan, dari Babi sampai Ular Berbisa". CNN Indonesia. Diakses tanggal 2018-02-11. Archived 2017-06-02 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h "Fakta-fakta Tentang Simpanse". infohewan.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-13. Archived 2018-02-10 di Wayback Machine