Sunan Kudus atawa Ja'far Sodiq nyaéta putra ti Radén Usman Haji kalawan gelar Sunan Ngandung di Jipang Panolan. Gumelar kaping 9 Séptémber 1400 sarta maot kaping 5 Méi 1550.[1]

Masjid Munara Kudus minangka titinggal ti Sunan Kudus.

Sunan Kudus salaku carogé ti Syarifah Déwi Rahil binti Sunan Bonang nyaéta rama ti 10 putrana.[rujukan?] Sunan Kudus dakwah ti désa ka désa. [rujukan?] Kacatet lalampahana ti Jipang Panolan, Blora ka Sragén, Simo nepi ka Gunung Kidul. [rujukan?] Di kalangan wali, Sunan Kudus disebut wali al-'ilmi atawa wali nu boga wawasan sarta pangaweruh nu jembar utamana dina widang fikih, usul fikih, tafsir sarta mantiq atawa logika.[2]

Sunan Kudus kungsi diajar di bait al-Maqdis.[rujukan?] Anjeuna kungsi boga jasa gedé ka masarakat Paléstina mangsa harita.[rujukan?] Taun 1549 anjeuna nyieun masjid di daérah Loran kalawan dibéré ngaran Masjid Al-Aqsha atawa Al-Manar (Masjid Munara Kudus).[rujukan?] Ti dinya ceunah asal ngaran Kota Kudus, ngaran nu diwanohkeun ku Sunan Kudus kalawan nyoko ka ngaran hiji kota di Paléstina, Al-Quds (basa Arab) atawa Jerussalem (basa Yahudi).[2]

Pikeun nyanghareupan umatna di Kudus nu mimitina Hindu jeung Buddha, anjeuna ngalakukeun pamarekan ka masarakat ngaliwatan ngamangpaatkeun simbol-simbol tradisi jeung kapercayaan masarakat.[rujukan?] Buktina masih katempo nepi ka ayeuna nyaéta wangunan jeung gayana Masjid Kudus. [rujukan?]Munara, gerbang jeung wangun pancuran (pikeun wudhu) di Masjid Kudus saenyana minangka lambang dalapan jalan Buddha.[rujukan?] Ieu jadi bukti yén dina dakwahna Sunan Kudus teu langsung nolak ka kapercayaan masarakat di dinya.[2] Iwal ti dinya, Sunan Kudus ogé dipercaya pikeun jadi senopati atawa Panglima Perang di Karajaan Islam Demak.[3]

Rujukan

édit
  1. Mustopo, Habib. dkk. 2002. Sejarah 2 SMA Kelas XI. Jakarta: Ghalia Indonesia
  2. a b c Faizi, M. 2007. Kisah Teladan Walisongo. Jakarta: IndonesiaTera
  3. Shihabuddin, A. 2013. Membongkar Kejumudan: Menjawab Tuduhan-Tuduhan Salafi Wahhabi. Jakarta: Noura Books