Urang Trunyan
Urang Trunyan nyaéta salah sahiji kelompok séké sélér nu aya di pulo Bali.[1] Urang Trunyan disawang kurang kapangaruhan ku kabudayaan Jawa Hindu Majapahit jeung agama Hindu Dharma.[1] Lokasi nu disawang salaku wewengkon asli urang Trunyan nyaéta di pasisian setu Batur.[1]
Déskripsi
éditUrang Trunyan disawang minangka urang Bali nu kurang kapangaruhan kabudayaan Jawa Hindu zaman Majapahit jeung agama Hindu Dharma.[1] Sanajan saeutik pangaruh Hindu Dharma, dina prasasti nu aya di Trunyan, katempo yén urang Trunyan ngadopsi sababaraha sesebutan urang Hindu Dharma.[1] salah sahijina katempo tina prasasti nu aya di pelinggih nu ayana di kuil utama Trunyan minangka salah sahiji bukti pangaruh sumebarna agama Hindu abad ka-10 maséhi.[1] Di pulo Bali, urang Trunyan ieu dipikawanoh ogé ku sebutan Bali Aga atawa Bali Mula.[1]
Asal Kecap
éditUrang Trunyan disebut ogé Bali Aga atawa Bali Mula.[1] Urang Trunyan sorangan nyoko kana désa panglinggihan urang Trunyanna sorangan nyaéta désa Trunyan.[1] Sebutan Bali Aga nyoko kana harti urang Bali ti pagunungan.[1] Sedengkeun Bali Mula boga harti Bali Asli.[1] Ngaran Bali Aga sorangan dijieun ku urang Bali nu ngagem agama Bali Hindu.[1] Sedengkeun urang Trunyana sorangan teu mikaresep kana sebutan Bali Aga, leuwih resep lamun disebut Bali Mula atawa Bali Turunan.[1] Ngaran Bali Turunan disebut minangka kapercayaan nu diagemna yén kokolotna turun ti langit ka buana Trunyan.[1] Urang Trunyan sorangan nyebut urang Bali Hindu kalawan sebutan Bali Suku sabab Bali Hindu disawang datang ka Bali ti Jawa kalawan leumpang.[1] Suku sorangan nyoko kana kecap dina basa Bali.[1]
Agama
éditDina prasasti didésa Trunyan nu taunna 813 Caka jeung 833 Caka aya babandingan antara dua agama nyaéta agama nu disumebarkeun ku Brahmana jeung agama masarakat Trunyan.[2] Urang Trunyan boga kayakinan yén maranéhna nitis ti déwa pangluhurna nu disebut Betara Gedé Pancering Jagat jeung déwi Ratu Ayu Pingit Dalem Dasar.[3]
Agama Urang Trunyan
éditDéwa Betara Gedé Pancering Jagat jeung déwi Ratu Ayu Pingit Dalem Dasar disebut ngumbara jeung linggih di désa Abang Dukuh jeung Kedisan.[3] Numutkeun prasasti di Trunyan, iwal ti ngébréhkeun ngeunaan agama, ogé ngajelaskeun ngeunaan kawajiban urang Trunyan lamun nyanghareupan acara-acara Brahmana.[2] Urang désa dipimeunang pikeun ngadegkeun pura pikeun Betara Datonta, déwa nu dipihormat ku masarakat désa Truntan.[2] Maranéhna dibébaskeun ti pajak nalika maranéhna ngayakeun hari raya Pamili nyaéta upacara Magha Mahanawami.[2] Di poé séjén maranéhna diwajibkeun pikeun mayar pajak salaku sumbangan ka Brahma Wangsa (Brahmana nu boga kulawarga).[2] Tuluy diwajibkeun pikeun ngariksa jeung mikahormat Goa Jala Lingga minangka hiji patapaan ti Bhiksu di Gunung Batur.[2] Salajengna diwajibkeun pikeun méré sumbangan ka Bhiksu Cudha Genitri nyaéta Brahmana nu teu boga kulawarga.[2]
Agama Brahmana
éditDina prasasti nu kapanggih di pura Kehen Bangli yén Brahmana dipimeunang pikeun ngadegkeun patapaan deukeut ka Hyang Kari Mama nu watesna Pura Hyang Api.[2] Dina prasasti Gobleg nu angka tauna 836 Caka jeung prasasti Anggasari ogé ngébréhkeun ngeunaan diadegkeuna patapaan di Indra Pura jeung pangwangunnan Pura Hyang Api.[2]
Kaayaan Lingkungan jeung Basa
éditDésa Trunyan sorangan dibagi ku lima bagéan désa (tempek) nyaéta Trunyan, Madia-Pangkungan, Bunut, Puséh jeung Mukus.[2] Désa Trunyan sorangan ayana di sisi pasir salah sahiji pasisian sétu Batur.[2] Kalawan hawa nu sejuk temperatur 12-19 darajat celcius.[2] Basa Bali nu dipaké ku urang Trunyan disawang minangka dialék basa Bali nu dicap minangka basa Bali kasar.[2] Taun 1923 urang désa Trunyan 1.416 urang.[1]
Réferénsi
édit- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q Melalatoa, M. Junus. 1995. Ensiklopédia Suku Bangsa di Indonésia. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan
- ↑ a b c d e f g h i j k l m Shastri, Narendra Dev Pandit. 1963. Sejarah Bali Dwipa. Bali: Bhuvana Saraswati Publishing
- ↑ a b Bunanta, Murti. 2003. Indonesian Folktales. United States of America: Libraries Unlimited.