Radén Haji Uton Muchtar Syaféi . (Balubur, Limbangan, Garut, 14 nopember 1900-Bandung, 1980). pangarang dina bahasa sunda, indonésia jeung jawa.[1] uton masih miboga kénéh duduluran jeung pangarang sunda R. Candra Praja (tjandrapreja) R.E suriadireja (soeriadiredja).

Riwayat Atikan édit

Uton mimmiti asup sakola kelas dua sabari diajar di pasantren. taun 1915, manéhna pindah kelas IV HIS di Majalengka. opat taun saenggeusna, pindah ka sukabumi, keur neruskeun ka sakola tatanen.

Lalampahan Karir édit

tahun 1923, gawe di kebon téh jeung kina di daerah cianjur. sataun saenggeusna, pindah ka kahutanan Pejaten di Cepu. pindah deui ka semarang,Gundih, Bojonegoro, jeung solo. taun 1939, pindah ka jawa barat. nalika jaman panjajahan jepang, gawe di kebon téh P&T Subang. taun 1948, manéhna di tarik ka jawatan kahutanan di jakarta, terus dibere tugas nyepeng kahutanan bogor jeung Federal Distrik jakarta, leuweung-leuweung nu aya di muara, taun 1960, uton pengsiun ti pagawe kahutanan,tingkat I. nalika diuk dina bangku sakola tatanen, Uton jadi anggota jong jawa. tuluy mimpin paguyuban Sekar Rukun di sukabumi. sanggeus gawe, manéhna tetep aktif di organisasi perserikatan kaom sekerja Boswezen. uton ngawitan nulis taun 1928. tulisana dina bahsa belanda dimuat dina surat kabar De Vorsten Landen, anu bahasana jawa di muat keur disebarkeun sumangeut, sedemgkeun anu bahasa indonesia dimuat dina varia. mangrupa pangarang anu bisa disebut produktif tulisan-tulisan Uton anu bahasa sunda nyebar ka s.k SIPATAHOENAN, warga CANDRA, BARANANG SIANG, jeung MANGLE. sababaraha tulisanna tuluy aya nu diterbitkeun jadi buku , diantarana Mustika leuweung (1951), lalakon carmad, Koboy carmad, kamalinaan, pondok jodo di dododho, Dodoja tinemu bagja, tilu dongeng. tulisana nu judulna carmad diangkat jadi sinetron ku TVRI. Bersama H,W, Ranulaksana (KI UMBARA), Uton nerbitkeun Modana (1977), nyaéta buku anu eusina kumpulan karangan tata cara kawinan sunda. taun 1957, nalika cicing di bogor, jeung pamajikanna, R.H.E Rohamina Sudarmika, Uton nerbitkeun majalah bahasa sunda Mangle. carita-carita nyambungna dimuat kana majalah nu medal jeung di pimpin, dina tulisan-tulisan na, Uton osok ngagunakeun ngaran samaran Candrahayat, Harum, Gendrayana, Tundrapraja,atawa ALB.

Rujukan édit

  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.