Seni mangrupa sarana komunikasi perasaan jeung pangalaman batin hiji jalmakana kelompok masarakatna dina rangka minuhan kabutuhan pribadina.[1] Seni kalebet seueur kagiatan manusa dina nyiptakeun karya visual, audio, atanapi pagelaran anu nganyatakeun imajinasi, ideu, atanapi katerampilan téknis anu ngadamelna, supados diapresiasi ku kageulisanana atanapi kakuatan émosina. Kegiatan ieu umumna dina bentuk kreasi seni, kritik seni, studi sajarah seni sareng éstetika seni.

Pakakas Kasenian Musik Sunda

Wangenan Seni

édit

Seni nyaéta cabang élmu anu miboga multy tafsir atawa rupa-rupa pamadegan ti sawatara ahli dina widang kasenian.[rujukan?] Hal éta ditunjukeun ku ayana wangenan seni dumasar sawatara ahli anu nénjo tina sudut pandangna sewang-sewangan.[rujukan?] Tapi tina ayana rupa-rupa wangenan seni jeung sudut pandang anu béda- béda téh, ngajadikeun seni leuwih éndah.[rujukan?] Sabab, ku ayana wangenan seni anu béda ieu nyirikeun yén para ahli leuwih ngamahaman kana hakékat seni.[rujukan?] Hal ieu bakal ngarojong lobana mangpaat tina seni atawa kasenian, nu ahirna seni téh lain ngan ukur jadi media panghibur wungkul.[2]

Dihandap ieu mangrupa pamadegan wangenan seni dumasar sawatara ahli :

  1. Schopernhauer
    Nilik kana sudut pandang musik, seni mangrupa prosés nyiptakeun wangun anu gumbira nepi ka sakabéh jalma téh mikaresep kana kasenian musik, sabab sanajan seni musik mangrupa seni abstrak tapi musik ogé mangrupa bagian tina kasenian.[rujukan?]
  2. Ki Hajar Dewantara
    Sakabéh aktivitas jeung tindakan manusa anu muncul tina hirup jeung perasaanana sarta miboga sipat kaéndahan nepi ka mampuh ngagerakeun perasaan jeung jiwana.[rujukan?]
  3. Alexander baum Garton
    Seni mangrupa hiji kaéndahan jeung miboga udagan positif anu mampuh ngajadikeun penikmat seni téh ngarasa bagja.[rujukan?]

Wangun Seni

édit

Kasenian téh kabagi jadi opat cabang anu utama, nyaéta [3] :

  1. Seni Musik
    Seni musik nyaéta seni anu ngamangpaatkeun media sora boh sora manusa atawa sota pakakas seni anu nimbulkeun “bunyi” atawa sora.[3]
  2. Seni Tari
    Wangenan gerak di dieu nyaéta gerakan anu miboga irama anu jelas jeung teratur sarta nimbulkeun kaéndahan anu komposisi.[rujukan?] Komponén penting dina seni gerak nyaéta irama, gerak, ekspresi jeung penghayatan.[rujukan?] Kaopat hal éta mangrupa hal penting sangkan gerakan bisa disebut éndah. Seni gerak di antarana téh nyaéta seni tari.[3]
  3. Seni Drama
    Dina seni drama ampir sarua jeung sei gerak mung dina seni drama mah ngalakukeun gerak anu moboga maksud atawa acting. Conto seni drama nyaéta pantomim.[3]
  4. Seni Rupa
    Mangrupa salah sahiji cabang seni anu ngawujud anu bisa ditempo sacara langsung.[rujukan?] Seni rupa sering disebut hiji réfleksi batin sarta pangalaman éstetis nu ditepikeun ngaliwatan media garis, warna volume, sarta komposisi gelap- terang. Contona baé seni mahat patung, seni lukis jeung seni ukir.[3]

Mangpaat Seni

édit

Dina mangpaatna, seni kabagi jadi dua mangpaat nyaéta :

  1. Pikeun dirina sorangan
    Dina kaitanana seni méré peran dina nyiptakeun peradaban manusa.[rujukan?] Lian ti éta seni ogé bisa ngébréhkeun unsur emosional nu nyiptana sacara positif.[rujukan?]
  2. Pikeun sosial atawa jalma lian
    Diwidang sosial seni bisa méré warna dina sagala aspek kahirupan.[rujukan?] Ngaliwatan seni urang bisa nepikeun pesan- pesan kaagamaan jeung moral ka papada jalma. Ngaliwatan seni ogé urang bisa nepikeun pesan budi pekerti pikeun nunjang prosés pangajaran.[rujukan?]

Tempo ogé

édit

Rujukan

édit
  1. Sulistianto, Harry dkk. 2006. Seni dan Budaya. Bandung:GRAFINDO ISBN 9797583694
  2. http://www.anneahira.com/pengertian-seni-menurut-para-ahli.htm Archived 2011-09-24 di Wayback Machine
  3. a b c d e "Pengertian Seni dan 5 Cabang Seni". ilmusaku.com (dalam Indonesian). 2021-04-24. Diakses tanggal 2021-04-25.  Archived 2021-04-25 di Wayback Machine