Épifit nyaéta tatangkalan anu hirupna gumantung kana tangkal anu séjén.[1] Asal ngaranna tina basa Yunani epi anu ngandung harti luhureun atawa tutup phyton tangkal atawa pepelakan.[1] Béda jeung mangandeuh (benalu) atawa parasit.[2] Épifit sagemblengna hirup mandiri henteu gumantung kana tangkal anu kumanéhna dicicingan.[1][3]

Kembang angrék conto tutuwuhan épifit

Cara Hirup édit

Tutuwuhan épifit hirup napel kana tutuwuhan séjén pikeun kabutuhan nutrisina henteu kudu "nyokot" hara tina tutuwuhan inangna.[4] Sanajan kitu, épifit bisa jadi lawan anu (ngarugikeun) dina kana kaayaan kurangnacahaya ku lantaran (ngahieuman) tangkal anu dicicingana.[4] Akar épifit ogé sakapeung nutupan jeung nembus dahan atawa tangkal anu dicicingan sahingga ngaruksak kasaimbangan fisiologi tutuwuhan inangna.[4] Conto tutuwuhan épifit nyaéta angkrék jeung paku-pakuan.[4] Béda jeung parasit, épifit bisa sapinuhna mandiri. Leupas tina taneuh salaku panahan jeung panyadia pikeun kahirupanana atawa tina hara anu disadiakeun tutuwuhan séjén.[4] Kabutuhan cai pikeun hirup ngamangpaatkeun cai hujan jeung ibun/uap cai.[3] Hara mineral meunang tina kebul / hasil dékomposisi batang sarta sésa-sésa bagian tutuwuhan séjén anu buruk.[4][3]


References édit

  1. a b c Winata Gunawan, Livy (1986). Budidaya anggrek. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 21. ISBN 9789798031847. Diakses tanggal (disungsi – 6 Juni 2020). 
  2. (id)Wikipedia Bahasa Indonesia
  3. a b c A Champble, Neil (1986). Biologi Jl. 2 (lux) Ed. 5. Jakarta: Erlangga. p. 351. ISBN 9789796884698. Diakses tanggal (disungsi – 6 Juni 2020). 
  4. a b c d e f (id)Tumbuhan Epifit Archived 2014-12-24 di Wayback Machine diakses 20 Juli 2015