Buka ménu utama

Atje Bastaman. (Padaherang, Ciamis, 8 Agustus 1912). pangusaha jeung wartawan. Saeungges tamat Schkal School (bahasa inggris éta teh) di ciamis, Atje nuluykeun ka MULO di Bandung terus pindah ka Bogor. Saengges tamat Atje nuluykeun dei ka AMS di Jakarta. Karesepna kana widang pers nges kaciri tibahela. Maklum manehna cicing di imah mamangna anu langganan koran Parahiangan jeung Sipatahoenan. Di MULO Bandung Atje aktif jadi anggota Indonesia Muda, pakumpulan nu karen diresmikeun di Solo, jeung mangrupa pusat tian organisasi kapamudaan nu sifatna kadaerahan. Atje ogé kantos jadi ketua pakumpulan indonesia muda cabang bogor nu ngges nerbitkeun majalah sorangan anu ngarana Garoeda (1930-1932).[1]

Mamangna aceng nawaran gawe jadi wartawan Sipatahoenan nu harita nges terbit unggal poé di bandung harita teh. ku sabab samemehna Atje osok ngabantuan surat kabar éta basa keur di ciamis, antukna gampang we Atje ditarima ku éta parusahaan surat kabar. Dina wanci panjajahan jepang/nipon, di bandung ngan s.k. Cahaya (tjahaja) hungkul anu diijinkeun terbit, harian ieu dipimpin ku R. Otto Iskandardinata (nu samemehna pimpinan ti harian Sipatahoenan). Babareungan jeung wartawan nu sejen dibandung, Atje milu nimrung jeung ngalola harian Suara Mardeka (soeara merdeka) anu mimitinamah di bandung tapi pas agresi militer walanda 1 Juli 1947 "ngungsi" ka tasikmalaya.

Saenggeus parjanjian Renville , Ace babarengan sareng R.S Suradireja jeung Swarha Hasan Wiratman (1948) nerbitkeun dei harian Sipatahoenan. Ngamimitian Ace ngajabat janten Pimpinan Redaksi, salajeungna ngarangkap janten pamingpin umum. Salaku wartawan Ace pernah menang uleman ka amerika jeung eropa (1953).

RujukanÉdit

  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.