Kota Bandung

ibukota Propinsi Jawa Kulon, Indonésia

Kota Bandung (Éjahan Basa Indonésia heubeul: Bandoeng) mangrupa ibukota propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Aya di dataran luhur plateau 768 méter (mean sea level) di luhureun laut, di daérah kalér luhurna nyaéta ±1050 msl, di belah kidul luhurna nyaéta ±675 msl, ti kordinat 107° BW (Bujur Wétan) jeung 6° 55’ LK (Lintang Kidul), lega kota Bandung ± 16.767 héktar, dikurilingan ku pagunungan, mangrupa cekungan (Bandung Basin) sésa situ Bandung anu kawangun alatan bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 juta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupa daérah "sub-urban" disagédéngeun Kota Bandung.

Kota Bandung

ᮊᮧᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ
Liané transkripsi
 • Basa IndonésiaKota Bandung
 • Basa Sundaᮊᮥᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ
 • Sunda Pégonكَوتا باندوڠ
 • Basa Cina萬隆市
 • Basa WalandaStad Bandoeng
Ti luhur Ka handap: Gedung Saté, Masjid Agung Bandung, Bandung peuting, Jembatan Pasupati, Gedung Merdéka
Ti luhur Ka handap: Gedung Saté, Masjid Agung Bandung, Bandung peuting, Jembatan Pasupati, Gedung Merdéka
Bandéra Kota Bandung
Bandéra
Ségel resmi Kota Bandung
Ségel
Ngaran jujuluk: 
basa Indonésia: Kota Kembang
Basa Walanda: Parijs van Java
Motto: 
Basa Sunda: ᮌᮨᮙᮂ ᮛᮤᮕᮂ ᮝᮤᮘᮝ ᮙᮥᮊ᮪ᮒᮤ
basa Indonésia: Bersih Makmur Taat Bersahabat
Basa Inggris: Clean, Prosperous, Devout, Friendly
Lokasi di Jawa Kulon
Lokasi di Jawa Kulon
NagaraBandéra Indonésia Indonésia
RégionJawa
Propinsi Jawa Kulon
Sajarah karésidénan Parahiangan Karésidénan
Netep1488
Konsolidasi25 Septémber 1810
(salaku Gemeente Bandoeng)
Pamaréntahan
 • BadanPamaréntah Daérah Kota Bandung
 • WalikotaOded Muhammad Danial
 • Wakil WalikotaYana Mulyana
Lega
 • Total167,67 km2 (6,474 sq mi)
 • Métro
1.876,8 km2 (7,246 sq mi)
Luhurna
768 m (2.520 ft)
Pangeusi
 (2014)
 • Total2,575,478 (Ke 3)
 • Metro
8,495,928 (Ke 2)
Démonim
Démografi
 • Grup étnis
 • Ageman[1]
Zona wanciUTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon)
Kode pos
401xx, 402xx, 406xx
Kode aréa022
Régistrasi tutumpakanD
IPM 0.801 (Citakan:Fontcolor)
Kacamatan panggedéna ku aréaKacamatan Gedébagé – 9.58 square kilometres (3.70 sq mi)
Kacamatan panggedéna dumasar populasiKacamatan Babakan Ciparay (147,388 – 2015 ngirakeun)
Ramatlokaportal.bandung.go.id

Sajarah

édit

Taun 1488, wewengkon nu kiwari disebut Bandung téh mangrupa wewengkon kakawasaan karajaan Sunda-Pajajaran. Dina mangsa dijajah Walanda, pamaréntah kolonial Hindia-Walanda nyieun jalan pikeun nyambungkeun Batavia (kiwari Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Cirebon. Hal ieu penting pikeun mekarna Kota Bandung. Malah pamaréntah jajahan geus ngarencanakeun yén wewengkon Bandung téh rék dijadikeun puseur pamaréntahan Hindia-Walanda, ngan teu jadi alatan kajadian Perang Dunya II. Can aya panalungtikan kumaha dijieuna kota Bandung. Nu jelas, kota ieu diwangun lain dumasar paréntah Daendels (gubernur jéndral Hindia-Walanda). Kota Bandung diwangun dumasar paréntah Bupati R.A.A. Wiranatakusumah II. Sanggeus Indonésia merdika, Bandung jadi ibukota propinsi Jawa Barat.

Jaman kolonial Hindia Walanda

édit

Dina abad ka-17 jeung ka-18, VOC ngadegkeun hiji wewengkon perkebunan leutik di Bandung kusabab taneuhna subur. Jalan nu nyambungkeun ka Batavia (ayeuna Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang jeung Cirebon diwangun dina 1786. Dina taun 1809, Louis Napoleon, nu harita jadi pangawasa Walanda jeung jajahan-jajahanana, maréntahkeun Gubernur Hindia Walanda H.W. Daendels pikeun ngaronjatkeun sistem pertahanan pulo Jawa ngalawan ancaman Inggris. Daendels ngawangun jalan 1000 km nu ngahijikeun pesisir kulon jeung wétan Jawa. Kusabab bagian kalér Jawa Barat keur harita lolobana rawa, jalanna dialihkeun ngaliwatan Bandung.[2] The Great Postweg (ayeuna Jalan Asia-Afrika) diadegkeun dina taun 1810.

Jalan Raya Pos boga pangaruh gedé lain ukur kana kamekaran Pulo Jawa tapi ogé kota-kota nu diliwatanana.[3] Bandung salah sahiji contohna. Mimitina, Jalan Raya Pos jarakna 11 km kaléreun Krapyak, ibukota Kabupatén Bandung harita. Daendels maréntahkeun ka Bupati Bandung ka-6 R.A. Wiranatakusumah II (1794-1829) ngawangun ibukota anyar Bandung dina sabudeureun jalan eta.[4]

Wiranatakusumah II tuluy milih lokasi di deukeut hiji mata air anu disebut Sumur Bandung, anu ayeuna jadi 'alun-alun. Sajalan jeung konsép tata ruang tradisional, Bupati R.A. Wiranatakusumah II jeung sajumlah rahayatna ngawangun istana, masjid agung, jeung pendopo ("paviliun") dina orientasi klasik.[5] Pendopo nyanghareup ka gunung Tangkuban Parahu, dipercaya boga pangaruh mistis.

Bandung salaku ibukota kolonial kadua, tata kotana diwangun nurutkeun pola kota Batavia. Husus padumukan kolonial Walanda, diwangun di Bandung kalér anu dibagi jadi dua wewengkon, dipatok ti gementee (balé kota). Di kuloneun gementee aya padumukan pikeun panganut Protestan, anu dicirian ku daérah pamisah dina bentuk Garéja Betel (di Jalan Wastukencana ayeuna). Sedengkeun di beulah wétan nyaéta wewengkon padumukan pikeun panganut agama Katolik, anu ditandaan ku hiji garéja katedral atawa St. Pieter (di Jalan Merdeka ayeuna). Teu jauh ti garéja diwangun ogé imah sakit jeung sakola Katolik atawa Protestan. Dua garéja ieu diwangun deukeut stasion karéta api, diapit balé kota jeung jalan raya, disambungkeun ka wangunan pamaréntah jeung militér.[6]

Dina taun 1880, jalan karéta api utama munggaran di Indonésia diadegkeun, ngahubungkeun Batavia jeung Bandung.[7] Ieu ngadorong industri leutik di Bandung. Migran ti Tiongkok ngariung pikeun milu ngajalankeun fasilitas, jasa, sareng mesin anu ngajual. Nepi ka ayeuna masih aya distrik leutik Chinatown anu lokasina aya di dekeut stasion karéta api.

Sajaba ti éta, karéta ogé dijalankeun salaku bagian tina sistem pertahanan kolonial Walanda atawa bénténg stelsel. Di wewengkon Bandung, operasi tentara Walanda anu ngagunakeun jasa karéta api minangka bénténg stelsel, angkat ti Cimahi, tuluy ngalangkungan gudang kalér (Jl. Gudang Utara) sareng gudang kidul (Jl. Gudang Selatan) kanggo ngeusian logistik. Tuluy angkat ka Stasion Karéta Api Cikudapateuh kéngingkeun dukungan minyak tina Tangki Minyak (di Jalan Samoja ayeuna).[8]

Pangwangunan ieu dimimitian dina taun 1914 barengan ku Departemen Perang, jeung dituluy ku pangwangunan Departemen Jalan sareng Angkutan dina taun 1921. Dina taun 1906, Bandung dibéré status gemeente tuluy jadi stadsgemeente dina taun 1926. Ti taun 1906 nepi ka 1949, Bandung tumuwuh tina hiji kota sedeng kalayan 38.000 jiwa jadi Kota katilu di Hindia-Walanda kalawan 590.000 jiwa. Taun 1929, Bandung nyatujuan 'Rancangan Rencana' tata kota, anu legana 12.758 ha, dibagi kana rencana utamana pikeun wewengkon Kalér- jeung sabagéan Kidul kota.[9]

Bandung lajeng ngembangkeun sorangan jadi hiji Resort Éropa ekslusif kalawan hotél, kafe jeung toko. Pamilik perkebunan anu beunghar datang dina sabtu minggu, kitu ogé awéwé sareng pangusaha ti ibukota, Batavia. Wewengkon pejalan kaki di Jalan Braga parantos janten daérah elit kafe, réstoran jeung toko butik. Dua hotél gaya art-deco, Savoy Homann sareng Preanger, janten dua akomodasi utama di dinya. Paguyuban Concordia (ayeuna katelah Gedung Merdeka) diwangun salaku imah klub jalma-jalma beunghar ieu, lengkep sareng balai ageung jeung téater,[7] nu ngajadikeun Bandung boga gelar "Parijs van Java" tea.

Ngaran Bandung

édit

Aya rupa-rupa pamadegan ngeunaanngaran Bandung, di antarana saperti kieu.

  • Istilah bandung aya nu nyebutkeun tina bendung, nyaéta Citarum Purba nu kabendung.
  • Ngaran Bandung minangka kabupatén ditulis dina peraturan tanggal 18 Lentemaand 1811 (18 Maret 1811), patali jeung parentah Gubernur Jénderal Daendéls pikeun meuli sato piaraan pikeun cadangan nyanghareupan serbuan tentara Inggris ka Pulau Jawa.
  • Dina peta Fr. Valentjn (1726) ngaran Bandung lokasina di kiduleun Gegerkalong ayeuna.
  • Tina katerangan Ibu Wiranatakusumah (istri Dalem Haji RHAA Wiranatakusumah V), ngaran Bandung disebut ku Bupati Wiranatakusumah II basa néangan lokasi anyar pikeun ibu kota kabupatén. Ngaranna dicokot tina parahu bandung, nyaéta dua parahu anu dihijikeun, ditalian pagigir-gigir. Eta parahu téh digunakeun ku Wiranatakusumah II pikeun lalayaran di Citarum.
  • Ceuk Atma, sesepuh Dayeuhkolot, Bandung téh tina leuwi Bandung, leuwi nu aya di walungan Citarum; Pandi, urut sipir bui Banceuy, nyebutkeun asal kecapna tina Sumur Bandung, dua sumur nu aya di sisi Cikapundung (di alun-alun jeung PLN ayeuna). Ceuk dongéng, di éta sumur téh aya karaton Putri Kentring Manik jeung dulurna Eyang Dipayasa.[10]
  • Kecap bandung téh tina kecap Banong, di Dago, tempat Andres de Wilde ngabangun vilana di awal abad XIX.[11]

Motto

édit

Motto Bandung kiwari nyaéta "Gemah Ripah Wibawa Mukti", sakumaha nu sok kabaca dina lambang Kota Bandung, nu hartina 'tanah subur rahayat makmur'.

Babagian wilayah

édit
 
babagian sub kacamatan di Kota Bandung aya tujuh, nyaeta Arcamanik, Cibeunying, Gedebage, ujungberung, Bojonagara, Kordon, jeung Tegalega

Kota Bandung dina taun 1906 ngabogaan lahan nu legana 19,22 kilométer pasagi (7,42 mil pasagi), dina taun 1987 geus dimekarkeun jadi 167,30 kilométer pasagi. Wewengkona dibagi kana 30 kacamatan, nu kabagi deui jadi 153 kalurahan. Pikeun kaperluan pangwanguna, tilu puluh kacamatan teh dikelompokeun deui jadi dalapan subkacamatan (sub wilayah kota) anu boga ciri has masing-masing. Di antarana nyaéta subkacamatan Arcamanik husus pikeun pangwangunan jeung ngabina potensi olahraga (Sportipolis), Cibeunying husus pangwangunan cagar budaya jeung puseur kuliner (Travelapolis) , Kerees husus ngembangkeun wewengkon kreatif terpadu (Karyapolis), Kordon husus ngembangkeun fasilitas pikeun paméran produk karya jeung jasa (Eksibisiopolis), Gedebage husus wewengkon pikeun atikan luhur, ékonomi kréatif, komérsial jeung puseur pamaréntah (Teknopolis), Ujungberung wewengkon husus pangembangan seni budaya berbasis masarakat (Sundapolis), Bojonagara husus wewengkon pikeun bandara jeung industri strategis (Aerobiopolis), hiji deui nyaéta Tegalega husus pangembangan industri kreatip (Mediapolis).[12] Kota ieu ayeuna dipingpin ku saurang walikota, nyaéta Yana Mulyana nu saméméhna ngajabat jadi wakil walikota, kulantaran walikota nu saméméhna Oded Muhammad Danial maot dina taun 2021.[13] Mulai ti 2008, walikota dipilih langsung ku warga Bandung.

Pangeusi

édit

Lolobana urang Bandung nyaeta katurunan Sunda. Urang Jawa jumlahna saeutik. Dina jumlah nu saeutik eta, lolobana ti bagian tengah jeung wétan Jawa. Pangeusi nu lainna nyaéta ti Minang, Minahasa, Cina, Batak, Malayu, Korea, India, jeung Jepang. Bandung ogé mibanda komunitas internasional anu signifikan dibandingkeun jeung kota-kota Indonésia séjénna. Taun 2005, populasi Bandung aya 2,29 juta urang kalayan kapadetanana 13.690 unggal kilométer pasagina (35.457/sq mi). Jumlah ieu nambahan jadi 2,395 juta urang dina sénsus Méi 2010, jeung 2.444 juta urang dina sénsus Méi 2020. Dumasar kana data Badan Pusat Statistik, jumlah pangeusi Bandung dina pertengahan taun 2021 nyaéta 2,453 juta urang, anu ngajadikeun Bandung minangka kota kaopat anu pangpadetna di Indonésia.[14]

Geografis

édit
 
Cekungan Bandung di cokot ti Gunung Batu, salasahiji wewengkon di Bandung Kaler

Bandung katelah dilingkung ku gunung, ku kituna wangun morfologi wilayahna katinggal sapertos cekungan atawa mangkok raksasa. Sacara geografis dataran Bandung aya di ±768 meter di luhur permukaan laut, kalawan titik pangluhurna di 1.050 meter sarta panghandapna di 675 meter. Lokasi Kota Bandung aya kira-kira 180 kilométer (110 mil) ti arah tenggara ibukota Jakarta jauhna, di sakurilingna aya dataran vulkanik Tersier jeung Kuarter Akhir dina saluhureun 2.400 méter (7.900 kaki).[15]

Legana Kota Bandung anu kurang leuwih 400 kilométer pasagi teh aya di tengah-tengah Cekungan Bandung anu legana 2.340,88 kilométer pasagi (903,82 sq mi). Sajaba ti Kota Bandung, ieu Cekungan ngawengku Kota Cimahi, sabagéan Kabupatén Bandung, sabagéan Kabupatén Bandung Kulon, jeung sabagéan deui Kabupatén Sumedang.[16]

 
Jembatan Cikapundung anu dicokot tina salasahiji jambatan leutik nu aya di Jalan Wastu Kencana

Tina Cekungan ieu kabentuk walungan Citarum anu jadi sumber cai utama pikeun wewengkon di sakitarna nu bisa diinum, dimangpaatkeun jadi sarana irigasi, perikanan, jeung cadangan cai taneuh 6.147 juta méter kubik.[16] Salasahiji cabangna nyaéta Cikapundung, anu ngabagi Bandung ti kaler ka kidul tuluy ngahiji deui jeung Citarum di Dayeuhkolot.[17]

Kota Bandung di beulah kalérna leuwih karasa pagununganana dibandingkeun wewengkon nu séjén. Didinya, aya gunung seuneuan nu puncakna datar, ngarana gunung Tangkuban Perahu (Tangkuban Perahu dina asal katana, hartina 'parahu tibalik'), anu bisa ditempo ti kota ka beulah kalér. Kusabab ayana aktivitas vulkanik ti jaman baheula, taneuh di dekeut gunung jadi subur, cocog jeung pepelakan, contohna paré, buah, entèh, bako, jeung kopi. Samentara, taneuh nu di beulah kidul jeung wetan lolobana dipinuhan ku taneuh aluvial akibat endapan ti walungan Cikapundung.[18]

Data ti ahli géologi nunjukkeun baheulana Cekungan Bandung teh kaasup ti hiji gunung seuneuan purba nu gedé nyaéta Gunung Sunda. Gunung nu luhurna nepi ka 3.000–4.000 méter (9.800–13.100 kaki) geus aya dina mangsa Pleistosin.[19] Dina prosés geologis salila rébuan taun, pernah aya dua kali letusan skala badag; akibat ti letusan kahiji ngabentuk hiji cekungan, tuluy letusan nu kaduana (kira-kira 55.000 SM) ngahalangan walungan Citarum jeung ngarobah éta cekungan jadi situ nu katelah "Danau Prasejarah Besar Bandung". Ngan ti kalangan ahli geologi, prosés eta didebatkeun kénéh nepi ka ayeuna.[20]

Iklim

édit

Bandung ngaliwatan ku iklim muson tropis (Am) numutkeun klasifikasi iklim Köppen, nyaéta total curah hujan di bulan pang keringna kurang ti 60 miliméter (2,4 in). Bulan nu pang baseuhna nyaéta Januari, kalayan total curah hujan 266 milimeter (10,04 inci), sedengkeun bulan anu pang keringna nyaéta Agustus, kalayan total curah hujan 37 milimeter (1,97 inci).[21] Hawa di Kota Bandung rata-rata unggal taun biasana leuwih tiis ti kalolobaan kota di Indonésia, jeung deui hawana teu loba variasina ku lantaran lokasina deukeut jeung garis hatulistiwa.[22]

Bandung sakapeung kawéntar ku mindeungna kajadian angin puting beliung. Dina hiji catetan, angin puting beliung anu munggaran di wewengkon ieu lumangsung di Rancaekek (jaman Panjajahan Walanda taun 1933 nu narajang kota. Akibatna aya saurang nu maot, tujuh belas imah hancur, jeung tilu puluh imah ruksak parah, loba tatangkalan nu tumbang.[23] Bencana sarupa lainna nyaéta dina tanggal 18 Désémber 2014 di Gedebage. Hiji angin puting beliung narajang éta wewengkon dina soré, nyebabkeun 85 hancur, pabrik-pabrik badag ogé ruksak parah, gedung perpustakaan hancur,[24] jeung aya saurang anu maot kusabab katuruban puing-puing tembok anu hancur.[25]

Perkara lingkungan

édit
 
Jalan ka arah Kampung Gajah

Kota Bandung bagian kalér anu kasohor ku cadangan cai taneuh anu loba pisan, ayeuna ngalaman pangwangunan perumahan. Salasahiji bongbolongan pikeun ngimbangan ieu pangwangunan téh nya éta nyieun cagar alam samisal Taman Hutan Raya Juanda jeung Kawasan Punclut. Sajaba ti éta, masalah lingkungan anu paling umum nyaéta banjir di Bandung bagian kidul.[26]

Musibah anu disababkeun ku kurangna atikan lingkungan anu jadi perhatian utama saprak pertengahan taun 2005 nyaéta longsoran sampah di wewengkon Kampung Gajah anu ngubur hiji désa sarta nelasan leuwih ti 100 jiwa.[27] Ngaronjatna jumlah runtah rumah tangga nyababkeun polusi udara parah, polusi cai, sareng panyebaran panyakit. pamaréntah propinsi dianggap malah kurang mampuh pikeun nungkulan masalah ieu. Sanajan kitu, Kota Bandung meunang gelar "Kota Paling Tidak Tercemar" saindonésiaeun dina taun 1997[28] jeung 2015.[29] Dua taun saterusna, Bandung meunang pangajén ti ASEAN salaku kota kalawan hawa bersih di antara kota-kota badag lianna di nagara ASEAN.[30]

Ciri lemah

édit

Bandung kawentar ku lobana wangunan warisan arsitéktur Walanda:

Ciri séjén:

  • Masjid Agung Bandung, di alun-alun Bandung
  • Babakan Siliwangi

Atikan

édit

Bandung ayeuna boga leuwi ti 50 instansi atika siga perguruan tinggi, anu kawentar di Indonesia. Numutkeu kana hiji data, aya genep belas universitas di Kota bandung, tilu diantarana man

Di Kota Bandung loba tempat pendidikan nu geus kasohor di antarana nyaéta :

Iwal ti éta aya ogé SMA nu baris dipidangkeun daptar ngaran sakola di Bandung saperti ieu di handap:

Ngaran SMA Ngaran SMA Ngaran SMA
  • SMA Negeri 1 Bandung
  • SMA Negeri 2 Bandung
  • SMA Negeri 3 Bandung
  • SMA Negeri 4 Bandung
  • SMA Negeri 5 Bandung
  • SMA Negeri 6 Bandung
  • SMA Negeri 7 Bandung
  • SMA Negeri 8 Bandung
  • SMA Negeri 9 Bandung
  • SMA Negeri 10 Bandung
  • SMA Negeri 11 Bandung
  • SMA Negeri 12 Bandung
  • SMA Negeri 13 Bandung
  • SMA Negeri 14 Bandung
  • SMA Negeri 15 Bandung
  • SMA Negeri 16 Bandung
  • SMA Negeri 17 Bandung
  • SMA Negeri 18 Bandung
  • SMA Negeri 19 Bandung
  • SMA Negeri 20 Bandung
  • SMA Negeri 21 Bandung
  • SMA Negeri 22 Bandung
  • SMA Negeri 23 Bandung
  • SMA Negeri 24 Bandung
  • SMA Negeri 25 Bandung
  • SMA Negeri 26 Bandung
  • SMA Negeri 27 Bandung

Ékonomi

édit

Ékonomi Kota Bandung diwangun ku rupa-rupa séktor, mimitian ti pariwisata, bisnis, industri kreatif, téknologi, industri manufaktur, lembaga atikan, jasa ritel, jasa keuangan, pausahaan farmasi jeung industri dahareun. Salah sahiji wewengkon anu katelah puseur bisnis jeung hiburan nyaéta Dago anu sumebar di sapanjang Jalan Dago. Disagigireun ti éta, aya ogé Jalan Cihampelas anu masih kawéntar ku puseur toko bajuna.[31]

Usaha-usaha leutik sarupa "distro" anu ngajual baju lokal, buku, rékaman label indie, majalah jeung asesoris sanésna ogé nyumbang kana pangwangunan ékonomi Bandung. Anu ngabedakeun antara distro jeung factory outlet nyaéta ari distro mah dieusian ku pangusaha-pangusaha ngora jeung desainer individu, sedengkeun factory outlet sacara umum asalna tina pabrik garmen skala gedé. Distro di Kota Bandung leuwih condong dipikaresep ku para nonoman.[32]

Pamaréntah Kota Bandung ngadukung usaha-usaha pangwangunan ieu ku cara mekarkeun tujuh kawasan industri jeung perdagangan pikeun produk has Bandung. Sababaraha di antarana nyaéta Sentar Industri jeung Perdagangan Rajut Jati Binong, Sentra Perdagangan Tekstil Cigondewah, Sentra Perdagangan Jeans Cihampelas, Sentar Industri Kaos Suci (T jeung Oblong), Sentra Industri Sapatu Cibaduyut, Sentra Industri Tahu jeung Tempe Cibuntu, jeung Sentra Industri Bonéka Sukamulya Sukajadi.[33]

Budaya

édit

Bandung nyaéta salasahiji puseur budaya di Indonésia. Lolobana masarakat di propinsi Jawa Kulon jeung sabudeureunana mangrupakeun étnis Sunda, kukitu na basa Sunda mindeng dipaké minangka basa kahiji nu pikeun ngomong di jalan, sakola, kantor, atawa pasar pasar, salian ti basa Indonésia.[34]

Arsitéktur

édit
 
Salasahij wangunan Institut Teknologi Bandung taun 1979

Loba wangunan di Bandung anu nyirian arsitéktur-arsitéktur kolonial Walanda, utamana Art Deco tropis atawa New Indies Style. Salahsahiji arsitékna, Henri Maclaine Pont boga pamadegan unggal gaya arsitéktur walanda teh kudu digabungkeun jeung tradisi budaya lokal atawa kudu bisa berinteraksi jeung sajarah lokal nu aya didinya.[35] Conto wangunan hasil rancangan jeung jieunan Henri Maclaine Pont nyaéta wangunan Technische Hogeschool te Bandung (Institut Téknologi Bandung kiwari) anu diwangun taun 1920. Kukituna anjeuna diangakat minangka Profesor Arsitéktur di éta universitas. Gaya hateup has Sunda anu mencolok katingal ngahias luhureun aula éta kampus.[35]

Di taun nu sarua, arsiték Walanda J Gerber ogé ngarancang wangunan pamaréntahan (Gouverments Bedrijven) anu keur harita pamaréntah kolonial Walanda arek mindahkeun wewengkon ibukota ti Batavia ka Bandung. Wangunan ieu katelah ku Gedong Saté, dingaranan tina tihang leutik siga saté diluhur atapna. Ayeuna wangunan ieu dijadikeun kantor puseur pamaréntahan propinsi Jawa Kulon jeung kantor DPR.[36] Wangunan ieu mangrupakeun conto campuran antara gaya arsitéktur Kulon jeung Wétan, utamana di bagean tengahna aya campuran gaya Renaissance Italia tina struktur lengkung dina jangjang jeung struktur siga pendopo nu biasana aya di Jawa.

Dina taun 1930-an, Bandung katelah laboratorium arsitéktur sabab loba arsiték Walanda anu ngayakeun ékspérimén pikeun ngadesain arsitéktur anyar. Albert Aalbers nambahkeun gaya semi modern kana Art Deco dina rancangan wangunan bank DENIS (1936) jeung renopasi Hotel Savoy Homann (1939). Charles Prosper Wolff Schoemaker mangrupakeun salasahiji ti saeutik arsiték anu pang saena, nambahkeun unsur asli kana karya senina, diantarana Villa Isola (1932), Hotél Preanger (1929), markas militér régional (1918), Gedong Merdeka (1921) jeung Gedong Réktorat ITB (1925).[35] Sanajan Bandung geus lila kawentar ku lobana wangunan arsitéktur Walanda ti baheula, wangunan jangkung karek diwangun anyar-anyar ieu. Aya leuwih ti 100 gedong luhur di kota, sarta loba deui anu keur diwangun atawa karek direncanakeun.[37]

Wisata

édit
 
Patung Ir. H. Djuanda di pintu asup Taman Hutan Raya

Bandung mangrupikeun salah sahiji tujuan liburan akhir minggu pikeun kota pangdeukeutna, Jakarta. Kota ieu dirojong ku iklim tiis, perkebunan di dataran luhur, rupa-rupa kadaharan, toko fashion anu terjangkau hargana (factory outlet jeung distro), kebon binatang, jeung lapangan golf. Bandung ogé jadi tujuan balanja pikeun wisatawan asing siga Malaysia jeung Singapura.[38] Sababaraha tempat wisata anu mindeng dikunjungan ku wisatawan di antarana; The Lodge Maribaya, Lémbang, Saung Angklung Udjo, Kawah Gunung Tangkuban Parahu di beulah kaléreun kota, Kawah Putih, jeung Situ Patenggang, hiji situ dikurilingan ku kebon enteh anu legana kira-kira 50 kilométer (31 mil) di kiduleun kota.[39]

Pikeun ningali cekungan Bandung sacara jelas di sakuriling gunungna, wisatawan bisa nganjang ka Kawasan hutan lindung Bongkor ti arah ka Caringin Tilu, anu asupna ti Padasuka jeung Cicaheum ka kaler.[40] Hutan ieu aya dina 1.500 méter dpl (4.900 ft) sarta ditutupan ku tangkal pinus anu dikokolakeun ku pausahaan pamaréntah Perhutani, kira-kira 30 menit ti puseur dayeuh.[41]

 
Musieum Sri Baduga nu lokasi na aya di Jalan BKR no 185. Koleksi di musieum ieu ngeunaan budaya jeung sajarah Sunda

Di kalér dayeuh ogé aya Ir. H. Djuanda nu bisa diaksés ngaliwatan Jalan Dago. Aya ogé Bukit Moko, tempat wisata anu kasohor ku pintonan sarta patung béntang baja raksasa anu disebut Puncak Bintang, anu bisa diaksés ngaliwatan arah Cicaheum. Bandung ogé mibanda sababaraha museum sajarah anu kasohor, saperti Musieum Géologi Bandung, Musieum Pos Indonésia, Musieum Sri Baduga, jeung Musieum Konferensi Asia Afrika. Pamaréntah kota ngarojong aksés ka wisata sajarah ieu ku operasi Bandros (beus wisata) saprak 2014.[42]

 
Wangunan Hotel Savoy Homan di Jalan Asia Afrika nu dicokot taun 1940

Bandung ogé kasohor ku outlet pakéannana, nu ngirut pangunjung ti kota-kota sabudeureunnana (hususna ti Jakarta), utamana nalika ahir minggu jeung poé libur. Dina taun 1990-an, désainer lokal muka outlet industri pakéan Denim di sapanjang Jalan Cihampelas kalayan harga anu leuwih murah, ku kituna sok narik pengunjung ti kota-kota gedé sanés pikeun mésér barang-barang busana lokal.[43] Ayeuna kasohor minangka "Kota Wisata Balanja", sabab loba factory outlet nu ngajual produk garmén ex-export.[44] Salian ti Jalan Cihampelas, loba factory outlet ogé dibuka di Jalan Riau, Jalan Setiabudi, jeung Jalan Djuanda (katelah Jalan Dago). Hal ieu anu ngajadikeun Bandung kasohor ku industri garménna, produk nu teu kaékspor dijula kalawan harga anu leuwih murah jeung alus keneh di factory outlet di Bandung, hususna di Jalan Ir. H. Juanda (Dago) jeung Jalan R.E. Martadinata (Riau). Sababaraha puseur balanja lainna anu kasohor di Bandung nyaéta Trans Studio Mall, Bandung Indah Plaza, Cihampelas Walk, Paris Van Java Mall jeung Paskal 23 Hyper Square. Aya ogé industri sapatu di Cibaduyut, beulah kidul Bandung.[45]

Loba kadaharan di Bandung. Bandung ogé kasohor ku dahareun hasna, saperti peuyeum. Bandung ngirut loba wisatawan ti Jakarta, nu kadang-kadang ngalantarankeun kamacétan lalu- lintas. Pangpangna nalika sakabéh warga Jakarta keur liburan alatan APEC Convention, lalu-lintas di Bandung macét total leuwih ti 8 jam.

Olahraga

édit
 
Logo Persib

Bandung nyaéta markas Persib Bandung, klub maén bal nasional anu ayeuna bersaing dina kompetisi maén bal pangluhurna Indonésia, Liga 1. Bandung ogé imah Prawira Bandung (urut Garuda Bandung), klub baskét nasional anu ayeuna bersaing dina Liga Baskét. , kalayan pertandingan kandang na di GOR Citra Arena. Salian ti éta, jalan ka Lémbang jeung Dago téh mangrupakeun jalur anu réa warga satempat anu mikaresep kana sapédahan dina sabtu-minggu.[46] Olahraga populér séjén di Bandung di antarana badminton jeung golf, kalawan sababaraha lapangan golf mindeng kapanggih di wewengkon kota.[47]

Media

édit

Bandung minangka salasahiji kota metropolitan, boga sababaraha koran harian lokal, di antarana nyaéta Pikiran Rakyat, Galamedia, jeung Tribun Jabar. Aya ogé sababaraha stasiun télévisi lokal nu beroperasi siga TVRI Jawa Kulon (stasiun régional umum anu nginfokeun sakitaran Jawa Kulon, anu kantor pusatna aya di tengah kota), Bandung TV, MQTV jeung PJTV.[48] Loba stasiun radio Bandung anu beroperasi keneh, misalna Ardan FM, KLCBS, MQFM jeung OZ Radio.[49]

Transportasi

édit

Sarana transportasi utama di Bandung nyaéta angkot (angkutan kota) kalawan rute-rute anu geus tangtu. Aya ogé taksi anu jumlahna kiwari beuki loba, tapi éta ogé henteu populér. Beus nyadiakeun rute transportasi pikeun di jalan gedé tur jarakna anu jauh.

Jalan karéta api ngahubungkeun Bandung ka Jakarta jeung Cianjur ka beulah kulonna, sarta Tasikmalaya, Yogyakarta jeung Surabaya ka beulah wétanna. Karéta ogé mangrupa transportasi utama pikeun wilayah tatangga kaasup Cimahi, Padalarang, Rancaékék jeung Cicaléngka nu perlu bulak-balik ka Bandung unggal poéna. Bandara utama di Bandung nyaéta Bandar Udara Internasional Huséin Sastranegara, nyadiakeun penerbangan ka kota-kota gedé di Indonésia. Sasak Pasupati diwangun pikeun ngahubungkeun beulah kulon jeung beulah wétan Bandung ngaliwatan lembah Cikapundung. Panjangna 2.8 km kalayan lébar 30-60 méter.

Aya dua stasion karéta api utama di Kota Bandung, nyaéta Stasion Bandung pikeun karéta api éksekutip jeung bisnis, sarta Stasion Kiaracondong pikeun karéta api ékonomi. Salian ti éta, aya stasion-stasion leutik anu ngalayanan KA lokal Bandung Raya, saperti Cimindi, Ciroyom jeung Cikudapateuh. Tuluy aya stasion husus peti kemas barang, nyaéta Stasion Gedébagé.

Jalan tol Padaleunyi ngahubungkeun Padalarang, Cimahi, beulah kidul Bandung jeung Cileunyi. Jalan tol nu ngahubungkun Padalarang jeung Purwakarta ogé geus bérés diwangun, disebut Cipularang (Cikampék-Purwakarta-Padalarang) nu mangrupa jalan panggancangna nuju ka Jakarta. Jalan tol Cileunyi-Sumedang-Dawuan ogé kiwari eukeur diwangun.

Darat

édit
 
Jalan Asia Afrika dekeut Alun-alun

Loba jalan raya ti luar kota nu bisa diaksés pikeun ulin ka kota ieu. Salasahijina aya jalan tol Tol Cipularang anu ngahubungkeun Jakarta, Karawang, Purwakarta, Padalarang jeung Bandung.[50] Proyek ieu réngsé dina bulan Méi 2005 jeung disebutkeun minangka jalan darat panggancangna nepi ka Bandung ti ibukota kalayan ukur merlukeun waktu kira-kira 1,5 jam.[51] Jalan lainna nu bisa diaksés nyaéta jalur Puncak (Jakarta-Cianjur/Sukabumi-Bandung), jalur Purwakarta (Jakarta-Cikampek-Purwakarta-Cikalong Wetan-Padalarang-Cimahi-Bandung) jeung jalur Subang (Jakarta-Cikampek-Subang-Lembang-Bandung). Ti wewengkon nu beulah wetan (Cirebon, Tasikmalaya jeung propinsi Jawa Tengah), Bandung bisa diaksés ngaliwatan Jalan utama propinsi, Jalan Nasional Rute 3 anu ngahubungkeun Bandung jeung Jawa ka arah Cilegon jeung Ketapang (Banyuwangi).

 
Jembatan Pasupati, nu ayeuna bakal diganti ngarana jadi Jembatan Layang Prof. Dr. Mochtar Kusumaatmadja

Jambatan Pasupati diwangun pikeun ngaleungitkeun kamacetan patalimarga di kota nu biasana sok dieusian ku angkutan wétan-kulon. Jambatan ieu kaasup jambatan kabel pancang sapanjang 2,8 kilométer (1,7 mil) perenahna ngaliwatan lebak Cikapundung. Lebarna aya 30 nepi ka 60 méter jeung karek beres dina Juni 2005, sanggeus meunang bantuan dana ti Kuwait. Jambatan ieu nyaéta bagian tina rencana jalan tol jero kota Bandung anu leuwi loba deui.[52]

Bandung boga dua terminal beus antarkota: Leuwipanjang (ngalayanan beus ti kulon) jeung Cicaheum (ngalayanan beus ti wétan. Dua terminal ieu sok mindeung ngajieun macet, ku kituna pamaréntah boga rencana dua terminal ieu bakal diganti ku terminal anyar di Gedebage anu geus nyiapkeun lahan 15 héktar. Mun geus jadi, dua terminal eta bakal alih fungsi minangka terminal jero kota. Terminal anyar ieu bakal diadegkeun di gigireun stasion karéta api Gedébage.[53]

Angkutan umum jeung transportasi massal

édit
 
Beus Trans Metro Bandung Koridor 3 nuju di Jalan P.H.H. Mostofa, samemeh parapatan Cikutra

Armada beus umumna di Kota Bandung jeung sabudeureunana dioperasikeun ku rupa-rupa stakeholder atawa operator, kalawan jumlahna aya 16 jalur beus nu ayeuna beroperasi. Beus DAMRI kungsi ngadominasi minangka operator beus utama ngalayanan kota jeung wewengkon métropolitan sabudeureunana, mimiti beroperasi dina taun 1970-an kalawan di sababaraha titik hungkul kalayan kurang leuwih ngan 10 rute. Tapina, éta beus runtuh dina Oktober 2021, nyésakeun 5 rute anu beroperasi keneh.[54][55] Nurutkeun conto TransJakarta, pamaréntah kota ngawanohkeun sistem BRT sorangan anu disebut Trans Metro Bandung dina 24 Séptémber 2009. Nepi ka 2022 proyek éta ngalayanan lima koridor utama jeung hiji koridor tambahan.[56] Boh Beus DAMRI atawa Trans Metro Bandung ngagunakeun beus dek nu leuwih jangkung, sarua jeung TransJakarta, tapi bisa dieureunkeun di mana waé sapanjang jalurna sarta henteu ngajalankeun misah ti patalimarga. Pamaréntah Propinsi Jawa Barat ogé ngoperasikeun jalur beus anu disebut Transit Rapid Beus Aman jeung Sehat (dipondokkeun Buratas), tapi ngan ngalayanan hiji jalur.[57] Salaku bagian tina program modernisasi jasa beus nasional anu disebut Teman Bus, sistem anu langkung disiplin anu dicap Trans Metro Pasundan diwanohkeun ku Kementrian Perhubungan pamaréntah pusat dina bulan Désémber 2021. Dua operator, Big Bird (bagian tina Blue Bird Group) jeung DAMRI beroperasi di lima rute urut rute DAMRI dina kontrak jeung Departemen Perhubungan.[58] Ngawanohkeun rute beus anyar di Bandung mindeng nyanghareupan panolakan tina supir-supir angkot jeung ayana upaya pamerasan ti pelanggan lokal ku alesan pandapatan maranéhanana dicokot (beus anyar jeung nu sejen). Hal ieu lila-lila ngarah kana blokade jeung ancaman verbal nu disangka ku supir beus.[59][60] Akibat misah-misah jalur, merek, jeung operator, panumpang kudu mayar deui nalika transit ka jalur BRT sanés atawa kana transportasi nu lain saperti karéta.

Rencana anu leuwih gede pikeun ngayakeun sistem beus baris dilaksanakeun dina taun 2024, ngalegaan ti proyék Trans Metro Pasundan. Proyek eta rencanana bakal ngahijikeun sadaya operator dina hiji sistem anu disebut BRT Bandung Raya, kalayan fitur Bus Rapid Transit anu nyaan sapertos jalur husus.[61] Sistem parencanaanana dimaksudkeun bakal ngagunakeun beus listrik, boh impor boh anu diproduksi sacara lokal.[62]

Aya tilu puluh dua halte beus Trans Metro Bandung (sarupa TransJakarta) sapanjang Jalan Soekarno-Hatta réngsé dina bulan Agustus 2011 kalayan waragad Rp 13,1 miliar ($1,54 juta). Tilu puluh beus tambahan ngagabung kana operasi tina sapuluh beus nu geus aya sanggeus kabeh eureun réngsé.[63] Dina tanggal 21 Juni 2011, Perum DAMRI ngaluncurkeun dua beus di Cibiru-Kebon Kelapa husus pikeun panumpang awéwé nu boga supir awéwé wungkul. Dina 5 Agustus 2011, Jusuf Kalla ngumumkeun yén anjeunna bakal ngawangun monorel di Bandung kalayan waragad Rp 4 triliun ($470 juta).[64]

Pamaréntah Kota Bandung ogé ngoperasikeun armada beus husus wisata kota anu disebut Bandung Tour on Bus (disinggetna Bandros). Aya oge Boseh, nyaéta sistem babagi sapédah dumasar darmaga nu disadiakeun ku Dinas Perhubungan Bandung.[65]

Karéta

édit

Bandung boga dua stasion karéta api anu gedé, nyaéta Stasion Bandung jeung Stasion Kiaracondong (Kircon). Stasion leutik lainna nyaéta Stasion Cimindi, Andir, Ciroyom, Cikudapateuh, jeung Gedébage (husus mawaan barang-barang). Jalur karéta api nu diwangun ti jaman pangjajahan Walanda, nyambungkeun Bandung ka Cianjur, Jakarta, Purwakarta, Bekasi, Karawang, jeung Cikampék di kulon, Surabaya, Malang, Yogyakarta, jeung Solo di wétan.[66] Dina taun 2012, direncanakeun ngawangun sistem rél komuter listrik Bandung fase 1 anu bakal ngahubungkeun Padalarang, Cimahi, Bandung jeung Cicalengka kalawan 13 koridor beus Trans Metro Bandung minangka feeder. Fase-2 bakal nyambungkeun Cicalengka ka Jatinangor.[67] Dina April 2012, proyék mobil kabel "Bandung Skybridge" ngahubungkeun Pasteur (Cihampelas) ka Sabuga (Taman Sari) cenah geus 90% réngsé sarta nungguan ijin resmi pikeun beroperasi.[68] Ngan, nepi ka 2016, proyék éta masih kudu direalisasikeun. Pikeun ngaréngsékeun kamacetan Cihampelas, Ridwan Kamil ngaresmikeun skywalk ukur pejalan kaki ti Cihampelas ka Tamansari tanggal 4 Pébruari 2017. Skywalk nu dingaranan Teras Cihampelas diwangun kalayan anggaran Rp 45 miliar.[69]

Udara

édit

Bandara Internasional Husein Sastranegara Bandung ngalayanan panerbangan domestik langsung ka Batam, Pekanbaru, Medan, Bandar Lampung, Surabaya, Yogyakarta, Semarang, Banjarmasin, jeung Makassar.[70] Bandara ieu lokasina deukeut jeung komplek pasawat Dirgantara jeung Dirgantara Fairground. Ayeuna geus mulai proyek mindahkeun Bandara Husein Sastranegara ka lokasi anyar nyaeta Bandara Internasional Kertajati di Kabupatén Majalengka.[71][72]

Daptar Walikota Bandung

édit
No Foto Wali Kota[73] Mimiti Jabatan Ahir Jabatan Periode Katerangan Wakil Wali Kota
Masa Penjajahan Belanda  
1
E.A. Maurenbrecher
1906
1907
1
Teu aya
2
R.E. Krijboom
1907
1908
2
3
J.A. van Der En
1909
1910
3
4
J.J. Verwijk
1910
1912
4
5
C.C.B. van Vlenier
1912
1913
5
6
B. van Bijveld
1913
1920
6
7
Bertus Coops
1920
1921
7
 
8
Steven Anne Reitsma
1921
1928
8
(7)
Bertus Coops
1928
1934
9
9
J.E.A. van Volsogen Kuhrt
1934
1936
10
10
J.M. Wesselink
1936
1942
11
Masa Penjajahan Jepang  
1
N. Beets
1942
1945
12
Teu aya
Masa Kemerdekaan Indonesia  
1
  R.A. Atmadinata
1945
1945
13
  Teu aya
2
  R. Syamsoerizal
1945
1947
14
3
  Ukar Bratakusumah
1947
1949
15
[74]
4
  R. Enoch
1949
1957
15
 
5
  R. Priatna Kusumah
1957
1966
16
 .
6
  R. Didi Djukardi
1966
1968
17
[75]
7
  R. Hidayat Sukarmadidjaja
1968
1971
18
 
8
  R. Otje Djoendjoenan
1971
1976
19
 
9
  Utju Djoenaedi
1976
1978
20
 
10
R. Husein Wangsaatmadja
1978
1983
21
 
11
H.
Ateng Wahyudi
1983
1988
22
1988
1993
23
Matin Burhan
(1990–95)
12
Wahyu Hamidjaja
1993
1998
24
 
E. Soedarsono
(1995–2000)
13
  H.
AA Tarmana
16 September 1998
16 September 2003
25
 
Lowong
14
  H.
Dada Rosada
S.H., M.Si.
16 September 2003
16 September 2008
26
Jusep Purwasuganda
(2003–04)
Lowong
16 September 2008
16 September 2013
27
Ayi Vivananda
15
  Mochamad Ridwan Kamil
S.T., MUD.
16 September 2013
4 September 2018
28
Oded Muhammad Danial
  Oded Muhammad Danial
(Pelaksana Tugas)
7 September 2018
16 September 2018
[77]
Dadang Supriatna
(Pelaksana Harian)
16 September 2018
20 September 2018
[79]
16
  Oded Muhammad Danial
20 September 2018
Petahana
29
Yana Mulyana

Rujukan

édit
  1. Data Sensus Penduduk 2010 - Badan Pusat Statistik Republik Indonesia <http://sp2010.bps.go.id/index.php/site/tabel?tid=321&wid=3200000000&lang=id Archived 2023-04-05 di Wayback Machine>
  2. Peter J. M., Nas; Pratiwo (2001). Java and De Groote Postweg, La Grande Route, The High Military Road. https://web.archive.org/web/20090327110211/http://www.leidenuniv.nl/fsw/nas/pdf/NasPratiwoPostweg30-10-2001.pdf. 
  3. Nas 2002, p. 718.
  4. Hardjasaputra 2003, p. 20.
  5. Kunto, Haryanto (1984). Wajah Bandung Tempoe Doeloe. Granesia. 
  6. Suryanegara 2018, p. 223.
  7. a b Soemardi, Ahmad Rida; Radjawali, Irendra (2004). "Creative culture and urban planning:The Bandung Experience". The 11th International Planning History Conference 2004. http://www-etsav.upc.es/personals/iphs2004/pdf/210_p.pdf. Diakses pada 2022.  Archived 2022-08-26 di Wayback Machine
  8. Suryanegara 2018, p. 228.
  9. Passchier, Cor. Bandung - A short history on Urban and architectural development (PDF).  Archived 2022-10-05 di Wayback Machine
  10. Ari, Alex. "NGALEUT BANDUNG: Riwayat Hantu Perkotaan di Bandung". Bandungbergerak. Diakses tanggal 28 Pebruari 2023.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  11. Ruhaliah. ([2010]). Sajarah Sunda samemeh taun 1945. [Bandung]: JPBD FPBS UPI. ISBN 978-602-8460-09-5. OCLC 708356930. 
  12. "Kecamatan". invest.bandung.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  13. Putri, Eka Alisa. "Yana Mulyana Dilantik Jadi Wali Kota Bandung Definitif Periode 2018-2023 Gantikan Oded M Danial". www.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  14. "10 Kota dengan Penduduk Terbanyak di Indonesia". InfoJabodetabek.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  15. van der Kaars, W. A.; Dam, M. A. C. (1995-08-01). "A 135,000-year record of vegetational and climatic change from the Bandung area, West-Java, Indonesia" (dalam bahasa en). Palaeogeography, Palaeoclimatology, Palaeoecology 117 (1): 55–72. doi:10.1016/0031-0182(94)00121-N. ISSN 0031-0182. https://www.sciencedirect.com/science/article/pii/003101829400121N. 
  16. a b Wangsaatmaja, Setiawan; Sutadian, Arief D; Prasetiati, Maria A.N. "Groundwater Resource Management in Bandung". web.archive.org. Sustainable Groundwater Management in Asian Cities. Diakses tanggal 2023-02-27. 
  17. "Mengenal Lebih Dekat Sungai Cikapundung, Anak Sungai Citarum Terpanjang di Kota Bandung". Citaurm Harum Juara.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  18. "Kondisi Geografi Kota Bandung". Geografi.org (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  19. Kartadinaka, Mochamad Nugraha; Okuno, Mitsuru; Nakamura, Toshio; Kobayashi, Tetsuo (Eruptive History of Tangkuban Perahu Volcano, West Java, Indonesia: A Preliminary Report). "Eruptive History of Tangkuban Perahu Volcano, West Java, Indonesia". Journal of Geography. doi:10.5026/jgeography.111.3_404. https://www.jstage.jst.go.jp/article/jgeography1889/111/3/111_3_404/_article. Diakses pada 27 Februari 2023.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  20. "Sangiangtikoro bukan Tempat Bobolnya Danau Bandung Purba". Pikiran Rakyat. Pikiran Rakyat. Diakses tanggal 2023-02-27. 
  21. "Iklim, Cuaca Menurut Bulan, Suhu Rata-Rata Kota Bandung (Indonesia)". Weather Spark (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  22. Sudrajat, Ajat (4 Agustus 2018). Purnamawati, Desi, ed. "Suhu dingin landa Kota Bandung". Antara News. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  23. "Sejarah Bandung - Ingat kejadian Puting Beliung di Rancaekek, tempo hari? Ternyata, kejadian tsb juga pernah terjadi di tahun 1933. Kejadian tsb menewaskan seorang penduduk dan membuat 17 rumah rusak berat. . . . . #Sejarah #sejarahbandung #Rancaekek #HindiaBelanda | Facebook". www.facebook.com. Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-04-05 di Wayback Machine
  24. "Puting Beliung Hancurkan Atap Perpustakaan UIN Bandung". detiknews (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  25. "Bandung Porak-poranda karena Puting Beliung, 1 Tewas". Dream.co.id. Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  26. "Banjir Rendam 3 Kecamatan Bandung Selatan, Puluhan Warga Mengungsi". CNN Indonesia (dalam id-ID). 3 Nopember 2021. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  27. Pradana, Whisnu (19 Pebruari 2020). "Mengenang Tragedi Longsor Sampah di TPA Leuwigajah". detiknews (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  28. "Bandung Raih Adipura 12 Tahun Lalu". detiknews (dalam id-ID). 17 Februari 2009. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  29. Rosadi, Dian (20 Nopember 2015). "Setelah 17 tahun, Kota Bandung raih penghargaan Adipura 2015". merdeka.com. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  30. Firmansyah, Asep (13 September 2017). "Bandung raih penghargaan ASEAN sebagai kota berudara bersih". Antara News. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  31. Gifar, Abdalah (22 Juli 2015). "Menengok Dulu dan Kini Kawasan Wisata Belanja Cihampelas Bandung". Bisnis.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  32. "Dari Indie Jadi Sakti - Jumat, 22 Agustus 2003". Kompas. Diakses tanggal 2023-02-27. 
  33. "Revitalisasi 7 Kawasan Industri dan Perdagangan Kota Bandung Terganjal Akses". BandungBisnis. 1 Juni 2012. Diakses tanggal 26 Pebruari 2023.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  34. Warsudi, Agus (6 Januari 2023). "Kota yang Menggunakan Bahasa Sunda, Mayoritas di Priangan Barat dan Timur". iNews.ID (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  35. a b c Wangsadinata, W; Djajasudarma, T.K. (1995). "Architectural Design Consideration for Modern Buildings in Indonesia" (PDF). Building Construction Technology for the Future: Construction Technology for Highrises & Intelligence Buildings. Jakarta: INDOBEX Conf. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  36. "#HJKB212 Mengenal Gedung Sate, Oh Ternyata Ini Asal Usul Namanya". bandung.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  37. "Bandung | EMPORIS". web.archive.org. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  38. Post, The Jakarta. "Malaysians flock to Bandung to shop". The Jakarta Post. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  39. "Situ Patengan, Danau Legendaris nan Romantis". Indonesia Kaya. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-03-20 di Wayback Machine
  40. Mulia, Prima. "The Wind Breeze of Bongkor Forest". Tempo. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  41. "Pinus yang Mengiurkan". Perum Perhutani. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  42. "Kota Bandung resmi operasikan bus wisata "Bandros"". Antara News. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  43. "ASIA TRAVEL - BANDUNG TRAVEL INFORMATION". web.archive.org. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  44. "The Lively Pulse of Bandung". ThingsAsian Article. 27 April 2006. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  45. Abdulsalam, Aris (ed.). "Sejarah Cibaduyut Jadi Sentra Kerajinan Sepatu di Bandung Raya". Ayo Bandung (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  46. "Car Free Day Dago". Bandung View. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  47. "4 Rekomendasi Tempat Main Golf di Bandung". kumparan (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  48. "Berikut Daftar Channel TV Digital Area Bandung dan Sekitarnya | infobdg.com" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  49. "Daftar Radio di Kota Bandung" (PDF). bandunng.go.id.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  50. Media, Kompas Cyber. "Tarif Tol Jakarta-Bandung 2022". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  51. Andryanto, S. Dian. "Hari ini, 16 Tahun Lalu Tol Cipularang Diresmikan SBY, Jalan Tol Rp 1,6 Triliun". Tempo. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  52. Bandung, Website Resmi Kota. "Jembatan Pasupati merupakan salah satu ikon Kota Bandung yang terkenal". https://www.bandung.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  53. "Bappeda Targetkan Studi Kelaikan Terminal Gedebage Selesai Tahun Ini | Pikiran Rakyat Online". Pikiran Rakyat. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  54. "Di Tengah Ancaman Bangkrut, Karyawan Damri Bandung Jadi Tersangka Korupsi Rp 1,2 M". Tribunjabar.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  55. "DAMRI Tak Beroperasi, Dishub Siagakan 60 Armada Trans Metro Bandung". SINDOnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  56. Putra, Wisma. "TMB Jurusan St Hall-Gunung Batu Mulai Mengaspal di Jalanan Bandung". detiknews (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  57. "Hore, Ada 10 Bus BRT Layani Leuwipanjang-Majalaya". Pikiran Rakyat.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  58. Pratama, M. Bayu. "5 Rute Terbaru dan Tarif Bus Trans Metro Pasundan, Resmi Beroperasi untuk Warga Bandung Raya". www.pikiran-rakyat.com.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  59. Media, Kompas Cyber. "Lima Bus Jadi Korban Amuk Massa". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  60. "Bus Trans Metro Pasundan di Bandung Dicegat dan Diancam Oknum Sopir Angkot, Videonya Viral". suara.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  61. PRMN 03, Tim. "Ditargetkan 2023 Selesai, BRT Bandung Akan Lintasi 5 Daerah Bandung Raya". www.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  62. Syarif, Mohar (22 Juni 2022). "VKTR-BUMD Jasa Sarana Kerja Sama Elektrifikasi Bus". Neraca.co.id. Diakses tanggal 28 Pebruari 2023.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  63. "Shelter Trans Metro Bandung Ditargetkan Rampung Akhir Agustus 2011 | Pikiran Rakyat Online". web.archive.org. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  64. "Jusuf Kalla Siapkan Rp 4 Triliun untuk Monorel Bandung". Tribunnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  65. Fahmi, Rifki Abdul. "Mau Pakai Sepeda 'Boseh' Kota Bandung? Berikut Cara Daftarnya". prfmnews.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  66. "Daftar Stasiun Kereta Api di Bandung Raya". bandungklik.com.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  67. "KRL Komuter Bandung Dibangun". web.archive.org. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  68. ""Bandung Skybridge" akan Direalisasikan | Pikiran Rakyat Online". web.archive.org. Diakses tanggal 2023-02-28. 
  69. "Bandung Skywalk Tahap Pertama Dibangun di Cihampelas". Tribunjabar.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  70. "Bandara Husein Sastranegara Kembali Beroperasi untuk Rute Pesawat Bermesin Jet - Indonesia Travel". www.indonesia.travel (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  71. "Angkasa Pura II Named Kertajati Airport Operator". Tempo. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  72. "Angkasa Pura II to Operate Kertajati, West Java's Biggest Airport". Jakarta Globe. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  73. "Walikota dan Wakil Walikota Bandung dari masa ke masa". Portal Bandung. Dinas Komunikasi dan Informasi Pemerintah Kota Bandung. 12 Agustus 2016. Diakses tanggal 29 November 2017.  Archived 8 Juli 2017 di Wayback Machine
  74. 1948 s/d 1949 Merangkap Gubernur Jawa Barat
  75. Pada Agustus 1968, R. Didi Djukardi ditangkap karena diduga terlibat G 30 S/PKI
  76. Jaya, Utara (Citakan:ISO date/en). "Oded Danial Naik Tahta Lebih Awal". Kumparan.com. https://kumparan.com/bandungkiwari/oded-danial-naik-tahta-lebih-awal-1536279025906623892. Diakses pada 21 September 2018  Archived 21 Séptémber 2018 di Wayback Machine
  77. Diangkat menjadi pelaksana tugas setelah Ridwan Kamil dilantik sebagai Gubernur Jawa Barat[76]
  78. Nurul (Citakan:ISO date/en). "Dadang Supriatna Jadi Pelaksana Harian Wali Kota Bandung". Humas Kota Bandung. http://humas.bandung.go.id/humas/berita/2018-09-16/dadang-supriatna-jadi-pelaksana-harian-wali-kota-b. Diakses pada 21 September 2018  Archived 16 Méi 2021 di Wayback Machine
  79. Masa Jabatan berakhir, sementara itu Wali Kota dan Wakil Wali Kota Bandung terpilih baru dilantik pada 20 September 2018[78]

Daptar pustaka

édit

Tempo ogé

édit

Tumbu kaluar

édit