Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis (Basa Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪) nyaéta kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibu kotana téh Kacamatan Ciamis. Ieu kabupatén aya di beulah kidul wétan Jawa Kulon, watesna Kabupatén Majaléngka jeung Kabupatén Kuningan di beulah kalér, Kabupatén Cilacap, Jawa Tengah jeung Kota Banjar di beulah wétan, Kabupatén Pangandaran di beulah kidul, sarta Kota Tasikmalaya, jeung Kabupatén Tasikmalaya di beulah kuloneunana.
![]() ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪ | |
![]() ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪ | |
Motto | Mahayunan Ayuna Kadatuan |
Propinsi | Jawa Kulon |
Ibukota | Ciamis |
Lega Wilayah | 2.556,75 km² |
Kordinat | 7°19′36″S 108°21′07″E / 7.3266°S 108.3519°EKoordinat: 7°19′36″S 108°21′07″E / 7.3266°S 108.3519°E |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
1.523.000 (2003) 1.768.532 jiwa Sabada pamekaran Pangandaran (2014)[1] 596 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
20 - |
Dasar hukum | UU No. 11/1950 (ngadegna Kab. Ciamis) UU No. 27/2002 (Pamekaran Kota Banjar) UU 21 Taun 2012 (Pamekaran Kabupatén Pangandaran) |
Tanggal | - |
Bupati | Herdiat Sunarya |
Wakil Bupati | Yana D. Putra[2] |
Kode aréa | 0265 |
DAU | Rp. 1.303.907.527.000.(2013)[3] |
Ramatloka: ciamiskab |
Kabupatén Ciamis ngawengku 20 kacamatan, nu kabagi deui kana 346 désa jeung 7 kalurahan. Puseur pamaréntahan Kabupatén Ciamis nyaéta di Kacamatan Ciamis.
SajarahÉdit
Nurutkeun sajarawan W.J Van der Meulen, Pusat Asli Daérah (kerajaan) Galuh, nyaéta di Kawali (Kabupatén Ciamis ayeuna). Satuluyna W.J Van der Meulen nyebutkeun yén kecap "galuh", asalna tina kecap "sakaloh" anu hartina "ti walungan asalna", jeung dina létah Banyumas jadi "segaluh". Dina Basa Sansekerta, kecap "galuh" nunjukkeun batu permata, jeung biasa dipaké nyebut puteri raja (anu keur maréntah) turta can lakirabi.
Riwayat lolobanaana asal usul kabupatén di Jawa Barat, dumasar umumna kaasup historiografi tradisional anu ngandung unsur-unsur mitos, dongeng atawa legenda disagigireun unsur anu sifatna historis. Naskah-naskah ieu di antarana Carios Wiwitan Raja-raja di Pulo Jawa, Wawacan Sajarah Galuh, dan juga naskah Sejarah Galuh bareng Galunggung, Ciung Wanara, Carita Waruga Guru, Sajarah Bogor, tur Naskah Wangsakerta. Naskah-naskah ieu umumna ditulis dina abad ka-17 dugi abad ka-19. Aya ogé naskah-naskah anu sa zaman atawa leuwih deukeut zaman Kerajaan Galuh contona naskah Sanghyang Siksakanda ‘Ng Karesian, ditulis taun 1518, nalika Karajaan Sunda masih ngadeg jeung Carita Parahyangan, ditulis taun 1580.
Galuh ngadeg minangka karajaan, nurutkeun naskah-naskah kelompok kahiji teu leupas ti tokoh Ratu Galuh mimiti. Dina laporan nu ditulis Tim Panaliti Sajarah Galuh (1972), aya sababaraha ngaran karajaan Galuh, nyaéta:
- Karajaan Galuh Sindula ( atawa sumber séjén Karajaan Bojong Galuh) di Lakbok jeung ibukotana Medang Gili (taun 78 Maséhi?);
- Karajaan Galuh Rahyang di Brebes ibukotana Medang Pangramesan;
- Galuh Kalangon di Roban ibukotana Medang Pangramesan;
- Galuh Lalean di Cilacap ibukotana di Medang Kamulan;
- Galuh Pataruman di Banjarsari ibukotana Banjar Pataruman;
- Galuh Kalingga di Bojong ibukotana Karangkamulyan;
- Galuh Tanduran atawa Pangauban di Pananjung ibukotana Bagolo;
- Galuh Kumara di Tegal ibukota di Medangkamulyan;
- Galuh Pakuan ibukotana di Kawali;
- Pajajaran di Bogor ibukotana Pakuan;
- Galuh Pataka di Nanggalacah ibukota Pataka;
- Kabupaten Galuh Nagara Tengah di Cineam ibukota Bojonglopang terus Gunungtanjung;
- Kabupaten Galuh Imbanagara di Barunay (Pabuaran) ibukota di Imbanagara jeung Kabupaten Galuh di Cibatu ibukota di Ciamis (mimiti taun 1812).
Panalitian historis, iraha karajaan Galuh ngadeg, bisa kapanggih tina sumber-sumber anu sazaman anu aya nulis kecap "Galuh". Prasasti angka taun 910, Raja Dyah Balitung disebut minangka "Rakéan Galuh". Dina Prasasti Siman angka taun 943 M, disebutkeun yén "kadatwan rahyangta I mdang I bhumi mataram ingwatu galuh". (Prasasti Anjuk Ladang) nunjukkeun tempat di Watugaluh, heung Megaluh, Jawa Timur.[4][5] Dina Piagam Calcutta disebutkeun nu nyerang Airlangga lumpat ka Galuh di Jawa Kulon, taun 1031 Masehi. Dina prasasti di Jawa Timur jeung Kitab Pararaton (ditulis abad ka-15), disebutkeun hiji tempat "Hujung Galuh" deukeut walungan Kali Brantas. Kecap Galuh minangka ibukota disebut dina prasasti Canggal angka taun 732, di Percandian Gunung Wukir di Dukuh Canggal (deukeut Muntilan kiwari).
Dina carita Parahyangan, disebutkeun bahwa Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357) lungguh di Kawali ngawasa Karajaan Sunda Galuh.[6][7] Jumeneng raja tujuh taun, indit ka Jawa gugur di Majapahit. Sumber séjén Prabu Hayam Wuruk, ngadeg raja 1350, ngalamar Puteri Prabu Maharaja Linggabuanawisésa pikeun jadi isterina. Ngan Patih Gajah Mada hayang ménta Puteri minangka upeti. Raja Sunda teu tarima sikep Majapahit jeung milih perang maju jurit gugur di Palagan Bubat. Puterana Niskala Wastu Kancana (1371-1475) waktu kakara umur 9 taun karajaan dicekel ku Prabu Hyang Bunisora (1357-1371) terus diserahkeun ka Niskala Wastu Kancana nalika geus sawawa. Prabu Niskala Wastu Kancana, ngadeg buktina ayana Prasasti Kawali jeung Prasasti Batutulis sarta Kebantenan.
Sabada Prabu Wastu Kancana, karajaan dibagi dua di antara putra-putrana, nyaéta Prabu Susuk Tunggal nu ngadeg di Pakuan (Sunda), Bogor jeung Prabu Dewa Niskala nu kumawasa di Kawali (Galuh), Ciamis. Sri Baduga Maharaja (1482-1521) putra Prabu Dewa Niskala, jadi minantu Prabu Susuk Tunggal ngahijikeun Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Sageus runtuhna Sunda Galuh ku Kasultanan Banten, Karajaan ieu disebut Pakuan Pajajaran.[8]
Taun 1595, Galuh ditalukeun ku Mataram. Pangawasa Galuh jadi kadipatén bagéan ti Karajaan Mataram. Adipati Panaékan, diangkat jadi Wadana Bupati (ngabawahan bupati di Pasundan). Adipati Panaékan jogol tiwas jeung Dipati Kertabumi, Bupati di Bojonglopang, anak Prabu Dimuntur katurunan Sumedanglarang taun 1625, gara-gara pasalingsingan perkara nyerang ka Batavia nu di kawasa VOC (Walanda). Diganti puterana Mas Dipati Imbanagara.
Taun 1915, Kabupatén Galuh asup wilayah Karésidénan Priangan, diganti ngarana jadi Kabupaten Ciamis zaman Bupati Sastrawinata.
Daftar Bupati CiamisÉdit
Ieu daftar pajabat Daftar Bupati Ciamis ti mimiti kabupatén Galuh dugi bupati kiwari, nyaéta Drs. H. Iing Syam Arifin, M.M minangka Bupati Ciamis période 2014-2019.
TopografiÉdit
lolobana wilayah Kabupatén Ciamis mangrupa pagunungan jeung dataran luhur, kajaba di wawatesan jeung Jawa Tengah beulah kidul, sarta sawaréh wilayah basisir. Basisir kidul Ciamis bagian wétan mangrupa jojontor, di antarana Teluk Pangandaran, Teluk Parigi, jeung Teluk Pananjung. Basisir Pangandaran mangrupa salah sahiji tujuan wisata utama di Kabupatén Ciamis. Tanggal 17 Juli 2006, Basisir Pangandaran jeung lolobana wilayah basisir laut kidul katimpa ku musibah lini jeung tsunami.
TransportasiÉdit
Ibukota kabupatén Ciamis aya di jalan nagara jalur (Bandung-Yogyakarta-Surabaya). Kabupatén ieu ogé diliwatan ku jalur karéta api lintas kidul, kalayan stasiun panggedéna aya di Kota Ciamis.
Tingali ogéÉdit
- Kabupatén Pangandaran, dimekarkeun ti Kabupatén Ciamis dumasar Undang-Undang Indonésia Nomor 21 taun 2012
Daftar paguron luhur di CiamisÉdit
- Universitas Galuh Ciamis (Unigal) Ciamis di Jalan R. E. Martadinata nomor 150 Ciamis 46251, Jawa Barat. Link internét: [1].
- Institut Agama Islam Darussalam Ciamis atawa IAID Ciamis. Kampusna di Pesantren Darussalam Kotak Pos 02 Ciamis Jawa Barat 46271. Link internét: [2].
Tokoh CiamisÉdit
- K.H. Irfan Hielmy, Sesepuh Pondok Pasantrén Darussalam Ciamis, nu ngadegkeun jeung rektor ka-1 Institut Agama Islam Darussalam Ciamis/ IAID Ciamis, Tokoh kalahiran Ciamis 25 Désémbér 1933 pernah jadi Ketua MUI Kabupaten Ciamis mangrupa ulama kasohor saangkatan K.H. Muhammad Ilyas Ruhiyat [9] Sesepuh Pondok Pasantrén Cipasung Tasikmalaya tur K.H. Siddiq Amin (Pangurus Pusat Persatuan Islam).
- Prof. Dr. Endang Soetari Ad, M.Si, kalahiran Ciamis, 11 Agustus 1945 mangrupa Réktor IAIN kiwari UIN Sunan Gunung Djati période (1995 - 2003).[10]
- Iwa Koesoemasoemantri (lahir di Ciamis, 31 Méi 1899 – maot 27 Novémber 1971 umur 72 taun) pernah jadi Menteri Pertahanan Indonésia, Menteri Sosial Indonésia jeung taun 2002 Iwa dilélér Pahlawan Nasional Indonésia.
- Prof. Dr. A. Sobana Hardjasaputra, M.A.,[11] (gumelar di Désa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupatén Ciamis, Jawa Barat, 4 Séptémber 1944; umur 77 taun) adalah intéléktual Sunda, sajarawan sénior, guru besar Fakultas Sastra jeung pengelola Pusat panalungtikan Kasajarahan & Kebudayaan Universitas Pajajaran, sarta Universitas Galuh nu asal ti Galuh, Ciamis, Tatar Pasundan.[12][13]
- Prof. Dr. H Dede Rosyada, MA., mangrupa Réktor Universitas Islam Negeri Syarif Hidayatullah Jakarta mimiti taun 2015. Lahir Ciamis, 05 Oktober 1957 pernah ngajabat Direktur Pendidikan Tinggi Islam dina Direktorat Jenderal Pendidikan Islam Kamenterian Agama RI période (2011-2015).[14].
- Prof. Dr. H. Sunaryo Kartadinata, M.Pd.[15] (gumelar di Ciamis, Jawa Barat, 21 Maret 1950; umur 72 taun), mangrupa guru besar[16] UPI kiwari ngajabat Ketua Umum ISPI[17] période 2014-2019 dan Rektor UPI selama dua périodeu, 2005-2010 dan 2010-2015.[18]
RujukanÉdit
- ↑ http://jabar.bps.go.id/Tabel/penduduk/JumlahPenduduk.html/ Jumlah panduduk Kabupatén Ciamis taun 2007 vérsi BPS Provinsi Jawa Barat
- ↑ https://ciamiskab.go.id/pimpinan-daerah/ diaksés 21 Januari 2020
- ↑ http://www.djpk.depkeu.go.id/regulation/27/tahun/2013/bulan/02/tanggal/04/id/873/ "Perpres No. 10 Tahun 2013". 2013-02-04. Diakses tanggal 2013-02-15.
- ↑ http://imarestu.blogspot.co.id/2014/12/wangsa-isana.html
- ↑ http://www.kompasiana.com/lintangwetan/ujung-galuh-bukan-surabaya_54f4108f7455137d2b6c85d1
- ↑ Ekajati, Edi S. (2005). Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran. Yayasan Cipta Loka Caraka.
- ↑ Noorduyn, J. (2005). Three Old Sundanese poem. KITLV Press.
- ↑ Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran, Jilid 2, Edi S. Ekajati, Pustaka Jaya, 2005
- ↑ http://www.uinsgd.ac.id/front/detail/fokus/kh-irfan-hielmy-ulama-teladan
- ↑ https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=UIN_Sunan_Gunung_Djati&stable=0#Rektor
- ↑ http://sobhar.blogspot.co.id/2013/06/a-sobana-hardjasaputra-bersama-sultan.html#
- ↑ http://www.pelita.or.id/cetakartikel.php?id=54818%7Ctitle=Demi Pendidikan Sejarah Nasional
- ↑ http://blogs.unpad.ac.id/kklsastraindonesiaunpad/author/kklsastraindonesiaunpad/%7Ctitle=Kkl Sastra Indonesia Unpad|authors=Blogs.unpad.ac.id|publisher=Blogs.unpad.ac.id
- ↑ https://id.wikipedia.org/wiki/Daftar_Rektor_UIN_Syarif_Hidayatullah_Jakarta
- ↑ http://file.upi.edu/Direktori/FIP/JUR._PSIKOLOGI_PEND_DAN_BIMBINGAN/195003211974121-SUNARYO_KARTADINATA/CV_Prof._Sunaryo.pdf
- ↑ http://gurubesar.upi.edu/sunaryo-kartadinata
- ↑ http://www.ispi.or.id/2014/12/09/prof-sunaryo-kartadinata-m-pd-terpilih-kembali-menjadi-ketua-umum-ispi/
- ↑ http://kampus.okezone.com/read/2010/06/18/373/344395/sunaryo-kartadinata-kembali-pimpin-upi