Ahmad Taufik nyaéta salah saurang wartawan senior Témpo sarta kawentar ku artikel-artikelna anu kritis kana kapamingpinan ala diktator Soeharto.[2] Ahmad Taufik cekel gawé di majalah Témpo nepi ka ayana larangan ti Menteri Penerangan, Harmoko dina jaman orde baru, dina taun 1994.[2] Ku ayana larangan ieu mincing kajadian demo nasional sarta jadi sorotan internasional.[2] Témpo nyaéta salah sahiji tina tilu berita mingguan anu dilarang ku rezim Soeharto dina taun 1994.[2] Présidén terus nahan unggal kamekaran pers anu independén, sarta diwenangkeun ngayakeun kakerasan ka wartawan.[2] Sanggeus majalah Témpo dibubarkeun, Ahmad Taufik satuluyna ngadegkeun AJI (Aliansi Jurnalis Indepénden) sarta jadi pupuhuna ti 1995 nepi ka taun 1997[2][3]

Ahmad Taufik Al-Jufri
GumelarAhmad Taufik Al-Jufri
12 Juli 1965
Jakarta, Indonesia
Tilar dunya23 Maret 2017 (yuswa 51)
Jakarta
KabangsaanIndonesian
Ngaran landianAte
AtikanB.A, Bandung Islamic University
M.A in International Relations, University of Indonesia
PagawéanJournalist
Taun aktip1986 - 2017
PasanganSyafai'liyin
AnugrahTasrief Award - Indonésia Press Freedom award (1995), Digul Award-Indonesia NGO's Human Rights Award (1996), International Press Freedom Award (1995), Hellmann/ Hammet Award from American Writer, New York (1998)[1]

Riwayat Hirup édit

Ahmad Taufik atawa sok dilandih AT atawa Até lahir di Jakarta, katurunan ti Hadrami, dina tanggal 12 Juli 1965. Sakola di SMAN 24, dituluykeun kuliah di Bandung, Universitas Islam Bandung, kalayan lulus salaku sarjana hukum. Ahmad Taufik, di kampusna aktip dina sababaraha protés mahasiswa kana kasus Tanah Badéga.[4] Saméméh tilar dunya, Ahmad Taufik neruskeun magister di Universitas Padjajaran, jurusan Hubungan Internasional.[5] Pamajikan Taufik katelah Syafai'liyin sarta anakna dingaranan Alianzi Muntazhar.[5] Taufik cekel gawé di majalah Témpo, anu satuluyna dibubarkeun ku pamaréntah. Sabada Témpo dibubarkeun, Taufik ngadegkeun Aliansi Jurnaslis Indepénden (AJI).[2] Dina tanggal 1 Séptémber 1995, Ahmad Taufik anu ngajabat salaku ketua Aliansi Jurnalis Indepéden (AJI), keuna hukuman salila 2 taun 8 bulan panjara.[5] Taufik unggah balé watangan di Pengadilan Negeri Jakarta lantaran dianggap ngarémpak pasal 154 KUHP nyaéta nyebarkeun perasaan kangéwa jeung mumusuhan ka pamaréntah ngaliwatan terbitna "indepéden".[5] Harita umur Taufik kakara 30 taun sarta ditangkep dina acara halal-bihalal anu diayakeun ku AJI di Hotél Wisata-Jakarta. Sajaba ti Taufik, dua urang aktivis AJI ogé babarengan ditangep, nyaéta Eko Maryadi jeung Danang Kukuh Waluyo anu ngajabat salaku kepala rumah tangga AJI.[5][6] Ku ayana hukuman panjara ka Taufik, jadi puseur perhatian pers jeung para jurnalis, lantaran dianggap salaku hiji catetan mundur pikeun kabéasan pérs.[7] Taufik jadi gambaran perlawanan ti satukangeun panjara anu kawani jeung rasa tabahna tan watesan.[6] Salila nandangan hukuman, Taufik dipindah-pindahkeun ti panjara hiji ka panjara séjénna, mimitina ditahan di Polda Metro Jaya salila 57 poé, terus dipindahkeun ka Salemba salila sataun.[5] Ti Salemba dipindahkeun deui ka Lapas Cipinang, babarengan jeung kaburna Eddy Tansil dina tanggal 6 Mei 1996.[5] Saterusna dipindahkeun deui ka Lapas Cirebon, dina tanggal 16 Maret 1996 tengah peuting, DIpindahkeun anu pamungkas, ka Lapas Kuningan, Jawa Barat.[5] Ku ayana diindah-pindahkeun ti lapas hiji ka lapas séjénna, Taufik jadi loba pangalan, élmu jeung wawuh jeung rupa-rupa tahanan séjénna, ti mimiti tukang bunuh, tukang tipu, tukang malsu solar, jeung sabana.[5] Malah, di Lapas Cipinang, Taufik wawuh jeung Xanana Gusmao. Kitu deui Taufik ditahan téh diajar basa Portugis jeung diajar ngalikis sagala. Salila nandangan hukuman, Taufik meunang sababaraha panglélér, di antarana panghargaan Suardi Tasrif dina tanggal 22 Juni taun 1995, panghargaan CPJ Award, ti Committe to Protect Journalist anu markasna di New York dina taun 1995, sarta panghargaan Digul Award dina tanggal 10 Désémber 1996.[5] Dina bulan November 1997 bébas tina hukuman.[5] Ahmad Taufik tilar dunya dina poé Kemis tanggal 23 Maret 2017, sabada kungsi di rawat di Rumah Sakit Médistra Jakarta, alatan panyakit kanker paru-paru.[7][4]

Prinsip Jurnalisme Ahmad Taufik édit

Kontéks jurnalisme Ahmad Taufik nyaéta upama hayang jadi jurnalis barisan panghareupna pikeun nungtut kabébasan pérs kudu siap dipenjara.[8] Sabab prinsipna nyaéta "Méré inpormasi luyu jeung paktana nyaéta kawajiban kuring, sarta hak masarakat pikeun meunangkeun inpormasi éta".[8] Taufik jihad ngaliwatan pulpén jeung mangsina, términologi anu dipakéna kacida sakralna nyaéta "hak" jeung "kawajiban".[8] Pikeun Taufik nulis téh hiji hal anu sakral, sarta ibadah. Kitu ogé nalika dipanjara dina mangsa Orde Baru, boro-boro boga niat ngeureunan perjuangan, Taufik malah saolah-olah panggih jeung lahan tempat manéhna neruskeun jeung nyeukeutan perjuangan, sabab di jero bui, Taufik nyaksian kadoliman anu asup ka jerona. Taufik ngagugat kateuadilan jeung kadoliman éta ku cara nulis dina wangun buku.[8]

Buku édit

Salila di hukum di lapas, Ahmad Taufik ngabagikeun pangalamanna dina buku Penjara The Untold Stories.[4] Ahmad Taufik nulis ieu buku téh merlukeun waktu ukur dua minggu, bahanna anu geus dikumpulkeun ti basa keur di panjara kénéh.[9] Bahan buku téh kungsi ditulis ulang lantaran pihak penerbit, ménta sangkan ngurangan porsi séks dina naskah mimiti.[9] Buku anu kandelna 189 kaca ieu sering dibedah, upamana kungsi diayakeun di kampus Universitas Paramadina Jakarta, anu dihadiran kurang leuwih ti 200 tamu ti rupa-rupa kasang tukang masarakat.[9] Buku ieu ditulis ku Taufik téh tujuanna sangkan masarakat, petugas lembaga kamasarakatan di penjara, para manten narapidana, atawa patugas mafia hukum, meunang gambaran sacara kompréhénsip ngeunaan hirup di panjara jeung naon anu perlu disiapkeun saupama narapidana ninggalkeun panjara.[9]

Eusi Buku édit

Isi buku:

Prolog

1. Melarikan diri

2. Sipir

3. Judi

4. Narkoba

5. Modus kongkalikong

6. Seks dalam kerangkeng

7. Rumah sementara Salemba

8. Seks di Rutan Salemba

9. Yang khas dan “oleh-oleh”

10. Cipinang, Cirebon, sampai Kuningan

11. Terkenang sesame penghuni

12. Mencari solusi dalam jeruji

Epilog[10]

Wartawan Sénior édit

AT kawentar ogé salaku wartwan sénior sabab sajaba ti jembarna pangalaman di dunya pérs sarta jadi pelopor dina ngadegna AJI AT ogé nulis sababraha buku, sarta pernah ngaliput di tapelwates Pakistan-Afganistan (Tribat Area) mangsa harita Amérika keur nyerang pamaréntahan Taliban di Afganistan dina taun 2001.[11] Sajaba ti éa, pernah ogé ngaliput pemilihan umum di Irah, dina tanggal 24 Janwari nepi ka 1 Maret 2005.[11]

Rujukan édit

  1. "Jurnalis Senior Ahmad Taufik Meninggal Dunia" (dalam bahasa id). https://www.dream.co.id/news/tokoh-pers-indonesia-ahmad-taufik-meninggal-dunia-170323n.html. Diakses pada 24 March 2017 
  2. a b c d e f g "Pacific Media Watch". web.archive.org. Diakses tanggal 2020-02-25. 
  3. "Jurnalis Senior Ahmad Taufik Meninggal Dunia". Dream.co.id. Diakses tanggal 2020-02-25. 
  4. a b c "Mengenang Ahmad Taufik, jurnalis Tempo pernah dibui rezim Soeharto". merdeka.com. Diakses tanggal 2020-02-26. 
  5. a b c d e f g h i j k "Wawancara Ahmad Taufik". web.archive.org. Diakses tanggal 2020-02-25. 
  6. a b Radio, Kantor Berita. "[Obituarium] Ahmad Taufik, Jurnalis Tempo: Dari Rumah Susun Tanah Abang". kbr.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-02-26. 
  7. a b Akbar, Wishnugroho. "Jurnalis Penentang Orde Baru Ahmad Taufik Meninggal Dunia". nasional (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-02-26. 
  8. a b c d Hadar, Husein Ja'far Al. "Mengenang Ahmad "Ate" Taufik". GEOTIMES (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-02-26.  Archived 2019-12-22 di Wayback Machine
  9. a b c d "The Untold Stories: Wartawan Tempo di Empat Penjara". Tempo. Diakses tanggal 2020-02-26. 
  10. Taufik;, Ahmad (2010). Penjara the Untold Stories: Kisah Nyata Mantan Napi yang Menguak Skandal Penyimpangan dalam Penjara (dalam Indonesia). Ufuk Press. ISBN 978-602-8224-89-5. [tumbu nonaktif]
  11. a b Jitunews.com. "KABAR DUKA: Ahmad Taufik, Jurnalis Senior Sekaligus Pendiri AJI Tutup Usia". Jitunews.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-02-26.  Archived 2020-02-26 di Wayback Machine