Amitriptilin
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina. |
|
Artikel ieu masihan informasi dasar dina bidang kesehatan. Informasi dina artikel ieu ngan meunang digunakeun kanggo informasi ilmiah, teu bisa ngaganti diagnosis medis. Perhatosan: Wikipédia lain dokter, sagala informasi anu aya dina ieu énsiklopédi dumasar rujukan anu aya. Saupama anjeun aya keluhan, konsultasikeun jeung tenaga kaséhatan langsung |
Amitriptilin
| |
Ngaran sistimatik (IUPAC) | |
3-(10,11-dihydro-5H-dibenzo[a,d]cycloheptene-5-ylidene)-N,N-dimethylpropan-1-amine | |
Identifiers | |
Nomer CAS | 549-18-8 (hydrochloride) 17086-03-2 (embonate) |
Sandi ATC | N06 |
PubChem | |
DrugBank | |
ChemSpider | |
Data kimia | |
Rumus | C20H23N |
Mass. mol. | 277.403 g/mol |
Synonyms | Amitryptyline; Amytriptyline; Amitryptiline; Amitriptiline; MK-230; N-750; Ro 4-1575 |
Data fisika | |
Titik lééh | 188 °C (370 °F) |
Data farmakokinetik | |
Bioavailabilitas | 30–60% |
Ikatan protein | 96% |
Metabolisme | Liver (CYP2D6, CYP2C19) |
Waktu paruh | 10–50 hours |
Eksresi | Urine |
Therapeutic considerations | |
Licence data |
|
Kat. kehamilan | |
Legal status | |
Jalur | Ngaliwatan baham, injeksi intramuskular |
Amitripilin nyaéta ubar pikeun ngungkulan masalah kaséhatan kayaning déprési, miboga struktur kimia C20H23N.[1][2] Ubar ieu bisa ningkatkeun suasana haté jeung ngarasakeun katentreman, nurukeun rasa kahariwang nu kaleuleuwihi sarta kategangan, ngaronjatkeun kualitas saré, sarta ningkatkeun énergi. Ubar ieu kaasup kana kelas ubar nu biasa disebut antidéprésan trisiklik.[3] [4]
Kagunaan
éditAmitriptilin nyaéta ubar antidéprésan kelas trisklik dipaké pikeun ngubaran masalah kaséhatan méntal atawa kajiwaan kayaning parobahan suasana haté sacara drastis sarta déprési.[3] Ubar ieu nulungan ngaronjatkeun suasana haté atawa mood jeung rasa bagéa, ngurangan karingrang jeung kategangan, sarta bisa ngaronjatkeun kualitas saré. Fungsi lianna tina amitriptilin nyaéta pikeun ngubaran nyeri saraf (misalna neuropati perifer, postherpetic neuralgia), gangguan hésé dahar (bulimia), masalah kajiwaan atawa suasana haté lianna (kayaning miboga tingkat karingrang nu gedé atawa gangguan karingrang lianna) atawa pikeun ngungkulan nyeri sirah migrén.[5] Amitriptilin gawé kucara ngajaga kasaimbangan kadar sérotonin jeung norepinephrine dina saraf puseur. Ku kituna, gawé otak bisa leuwih alus sarta gejala déprési saeutik-saeutik ngurangan.[6]
Cara maké
éditSaacan maké ubar ieu, konsultasikeun heula ka dokter atawa ka apotéker. Inum ubar ieu ngaliwatan baham, biasana sakali nepi ka opat kali dina sapoé saluyu jeung aturan nu dibéré ku dokter, usahakeun inum dina wanci nu sarua dina unggal poé na. Mun diinum sakali dina sapoé, bisa diinum saacan saré pikeun ngabantuan ngurangan rasa tunduh ditengah poé.[3] Amitriptilin bisa diinum saacan atawa sanggeus dahar. Pikeun ngurangan résiko éfék samping kayaning tunduh, biwir gararing, lieur, dokter biasana méré resép pikeun resép nu ngamimitian kucara dibéré dosis leutik sarta sacara lalaunan ditaékkeun dosisna saeutik-saeutik. Inum ubar ieu sacara taratur, ulah eureun sanajan ngarasa awak geus séhat.[5] Sababaraha kaayaan bisa leuwih goréng mun ubar ieu dieureunkeun pamakéanna, salian ti éta bisa ngarandapan gejala kayaning parobahan suasana haté, nyeri sirah, kacapéan, sarta parobahan pola saré. Biasana dokter bakal ngurangan dosis ubarna saeutik-saeutik pikeun ngeureunan ubar ieu. Ubar ieu bisa jadi teu langsung gawé sangeus diinum, bisa jadi dina waktu saminggu, bisa ogé nepi ka opat minggu saacan anjeun ngarasakeun éfék nu sapinuhna.[4]
Ngaran lian
éditIeu di handap aya sababaraha ngaran lian ti ubar amitriptilin:[2]
- Amitriptilina
- Amitriptylin
- Amitriptyline
- Amitriptylinum
Éfék samping
éditEfek samping nu bisa karasa sanggeus nginum amitriptilin nyaéta:
Éfek samping nu geus ilahar
édit- Tunduh
- Lieur
- Biwir garing
- Karasa mules jeung diaré
- Beurat awak nambahan
- Hésé kahampangan
- Titinggalian teu jelas
Éfék nu leuwih parna
édit- Serangan jantung. Gejalana kayaning nyeri dada, hésé rénghap, rasa nyeri atawa ngarasa aya nu neken dina bagéan dada.
- Struk. Gejalana kayaning kalémahan di hiji bagéan atawa sisi awak, hésé ngomong
- Awak babari gareuneuk memar atawa pendarahan
- mules
- ngadegdég
- kejang otot
- nyeri beuteung nu parna
- Nuruna hasrat séksual
- Utah nu ciga bubuk kopi
- Pingsan
- Linglung
Réaksi alérgi nu leuwih parna tina ubar ieu jarang karasa. Lamun éta gejala karasa, geura panggihan dokter pikeun ngungkulan gejala nu karasa. Teu sakabéh jalma nu nginum ieu ubar ngalaman gejala nu geus disebutkeun di handap.
Interaksi Amitriptilin
éditNginum amitriptilin jeung ubar séjén bisa ningkatkeun résiko éfék négatip. Conto ubar nu kaasup nyaéta: [4][6]
- Topiramate. Nginum ubar ieu jeung amitriptilin bisa ningkatkeun jumlah amitriptilin dina awak. Ieu bisa nyababkeun ningkatkeun résiko éfék samping
- Sertralin, fluoxetin, jeung paroxetin. Ubar ieu bisa ningkatkeun éfék samping amitriptilin nu leuwih bahaya
- Cimetidin, nginum ubar ieu jeung amitriptilin bisa ningkatkeun jumlah amitriptilin dia awak ku sabab bisa ngaronjatkeun éfék samping nu aya.
- Ubar antikolinergik. Contona kaasup diphenhydramin, oxybutynin, solifenacin, jeung olanzapin. Nginum ubar ieu jeung amitriptilin ningkatkeun résiko éfék samping kayaning panas awak, utamana mun keur halodo.
- Ubar neuroleptik. Contona kaasup clozapine, risperidone, jeung haloperidol.
- Ningkatkeun résiko sindrom sérotonin nu nyababkeun ngaronjatna sél saraf jeung bisa ngancam pati nu nginumna mun diinum jeung linezolid, fentanyl, lithium, tramadol, atawa antidepresan llianna.
- Ningkatkeun kadar obat dina getih mun diinum jeung methylphenidate, cimetidine, antipsikotik, jeung antagonis kalsium.
- Ngurangan kadar ubar dina getih mun diinum jeung barbiturat, rifampicin, sarta antikonvulsan.
- Miboga résiko ngurangan éfék ubar clonidine
- Ningkatkeun résiko artimia mun diinum jeung ubar antiaritmia (kayaning amiodarone), antihistamin, terfenadine, hormon tiroid, dan cisapride.
- Pamakéan amitriptiline jeung sababaha ubar ieu: amiodarone[7], amisulpride[8], anagrelide[9] bisa ningkatkeub résiko ratug jantung nu bisa miboga poténsi ngancam pati pasén nu ngonsumsi, sanajan kitu éfék smaping lianna kaitung jarang narajang.
Tutumbu kaluar
édit
Rujukan
édit- ↑ "Chemical Identifier Search | Amitriptyline". www.chemspider.com. Diakses tanggal 2020-06-02.
- ↑ a b "Amitriptyline". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-02.
- ↑ a b c "Drugs & Medications". www.webmd.com. Diakses tanggal 2020-06-02.
- ↑ a b c "Amitriptyline (Elavil) Uses, Dosage, Side Effects". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-02.
- ↑ a b "Amitriptyline : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-02.
- ↑ a b "Amitriptyline". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-02.
- ↑ "Amiodarone and amitriptyline Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10.
- ↑ "Amisulpride and amitriptyline Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10.
- ↑ "Amitriptyline and anagrelide Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10.