Arca nyaéta patung anu dijieun pikeun tujuan utamana minangka média kaagamaa dina muja tuhan atawa déwa-déwina.[1] Arca mah béda jeung umumna patung, anu mangrupa hasil seni kalawan maksudna minangka hiji ajén kaéndahan.[1] Alatan kitu, arca mah dijieunna teu sabasajan patung.[1]

Arca Prajnaparamita, salah sahiji arca Jawa kuna di Indonesia.

Dina agama Hindu, arca téh sarua jeung Murti (Dewanagari: मूर्ति), atawa murthi, anu ngarujuk kana citra anu ngagambarkeun Roh atawa jiwa katuhanan (murta).[1] Hartina "panubuhan", murti nyaéta janggélékna aspék katuhanan (déwa-déwi), biasana dijieun tina batu, kai, atawa logam, anu pungsina minangka sarana jeung sasaran konséntrasi ka tuhan dina pamujaan.[2] Numutkeun kapercayaan Hindu, murti pantes dipuja minangka fokus pamujaan ka Tuhan sabada roh suci dikemat jeung nyangkaruk di jerona kalawan tujuanana pikeun méré persembahan atawa sasajén.[3] Janggélékna déwa atawa déwi, boh sikep awakna, rarangkén, atawa proporsina' kudu tumut kana tradisi kéagamaan nu dimaksud.[2]

Murti ogé dimuliakeun dina agama Budha utamana mazhab Mahayana nalika aranjeunna ibadah minangka sasaran pamujaan atawa puseur méditasi. Pamujaan murti téh dianjurkeun pisan dina agama Hindu jeung Budha, hususna dina mangsa Dwapara Yuga,[4] saperti disebutkeun dina naskah Pañcaratra.

Arca teu salawasna kapanggih di deukeut candi. Candi bisa waé mibanda hiji arca, tapi hiji arca can tangtu aya dina jero candi.[5] Aya tilu rupa arca dumasar kuantitas pamujana, nyaéta:

  • Arca Istadewata, nyaéta arca anu dipimilik ku saurang, antukna bisa dibabawa ka mamana.
  • Arca Kuladewata, nyaéta arca anu dipimilik ku hiji kulawarga, biasana aya di imah-imah.
  • Arca Garbadewata, nyaéta arca anu dipuja ku réa jalma, atawa masarakat.

Di Indonésia dipikawanoh tilu rupa arca, nyaéta arca agama Hindu, arca agama Budha, jeun arca agama Kristen.[5] Dina agama Islam mah teu dipikawanoh arca téh, ku sabab ajaranana ngalarang pikeun nyembah berhala atawa sagala rupa jirimna Tuhan.[5]

Tingali Ogé

édit

Catatan suku

édit
  1. a b c d Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 33. ISBN 9793631937. Diakses tanggal 9 Desember 2019. 
  2. a b Klostermaier, Klaus K. A Survey of Hinduism. 1989 page293-5
  3. Kumar Singh, Nagendra. Encyclopaedia of Hinduism, Volume 7. 1997, page 739-43
  4. Garuḍa Purāṇa 1.223.37, 1.228.18
  5. a b c Soekmono, Soekmono (2019). Pengantar Sejarah Kebudayaan Indonésia 2. University of Minnesota: Grasindo. p. 102. ISBN 9789794132906. Diakses tanggal 7 Desember 2019.