Bénsin atawa béngsin nyaéta minyak nu saperti cai fungsina pikeun ngahirupan jeung ngajalankeun mobil, motor, jeung sajabana.[1] Bensin asalna tina minyak tanah.[1] Bensin wangunna cairan, hampang, gampang robah jadi saab, sarta gampang kabeuleum.[2] Bensin nyaéta campuran tina hidrokarbon, nyaéta sanyawa anu diwangun tina karbon sarta hidrogen.[2] Ngaran gasoline (bénsin), asalna tina "gas".[2] Bénsin dipaké alatan bénsin éncér, jadi gampang dirobah jadi gas di jero silinder.[2] Sanggeus bénsin dibeuleum, zat éta ngabeuleum ampir sacara tuntas sarta ninggalkeun saeutik pisan limbah.[2] Dina ngabeuleumna, bénsin ngahasilkeun leuwih loba panas ti bahan beuleum éncér séjénna dina jumlah anu sarua.[2]

Pom Bénsin
Bénsin dina Toplés

Bensin asalna ti sawatara hal, tapi anu pangpentingna nyaéta minyak alam nu atah, atawa minyak taneuh, anu kapanggih di jero cadangan-cadangan di handapeun taneuh.[2] Bénsin dipisahkeun tina minyak tanah ku hiji prosés anu dingaranan distilasi. Minyak éncér disimpen di jero tempat-tempat badag, anu dingaranan "still", sarta dipanaskeun nepi ka suhu kira-kira 400 derajat Fahrenheit.[2] Panas ieu cukup keur nguapkeun kira-kira saparapat minyak taneuh anu ngandung hidrokarbon-hidrokarbon anu ngagolak dina suhu anu panghandapna.[2]

Saab dialirkeun ngaliwatan pipa-pipa anu ditiiskeun ti luar ku kituna jadi cairan deui (dipadatkan).[2] Distilasi diulang, sarta bénsin dimurnikeun atawa disuling.[2] Nilai bénsin gumantung dina hasilna, nyaéta sabaraha mil jarak anu ditempuh mobil pér galon bénsin atawa sabaraha mil jarak anu ditempuh kapal udara dina kecepatan luhur.[2] Ku bénsin basajan nu geus disuling, kadéngé sora ngetok-ngetok di jero mesin.[2] Lamun bénsin ngabalukarkeun sora ngetrokan, hasilna goréng, alatan bénsin éta ngabeuleum kalayan goréng.[2] Jadi unsur-unsur "anti ketok" nu tangtu ditambahkeun sangkan sora mesin jadi leuwih alus.[2] Hal éta dingaranan bénsin "oktan luhur". Kiwari, geus dihasilkeun tingkat-tingkat bénsin oktan luhur anu beuki alus sangkan mobil urang bisa leumpang kalayan leuwih alus.[2]

Rujukan

édit
  1. a b Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press