Batu Rosetta mangrupa hiji batu granodiorit nu ngabantu panalungtikan modérn dina panarjamahan téks kuna dina aksara démotik basa Mesir, basa Yunani, jeung hiroglif Mesir. Batu ieu dijieun dina taun 196 SM jeung dipanggih dina taun 1799. Lantaran basa Yunani katelah wanci éta, janten batu ieu minangka konci pikeun "narjamahkeun" hiroglif dina taun 1822 ku Jean-François Champollion, jeung dina 1823 ku Thomas Young. Pamanggihan ieu ngabantu panarjamahan téks hiroglif nu séjén. Batu Rosetta mangrupa pamanggihan arkéologi nu teu kaduga muncul kitu wéh. Dina Juli 1799, aya hiji laporan nu nyebutkeun yén batu ieu ngagolépak dina taneuh, aya ogé laporan nu nyebutkeun yén batu ieu aya di jeroeun témbok nu kolot pisan nu diparéntahkeun ku kompi pasukan Perancis pikeun ngabérésihkeun jalan nu rék dipaké ngalegakeun bénténg tatahanan nu keur étu katelah salaku Bénténg St. Julien.

Batu ieu dipanggih dina 15 Juli 1799 dina hiji kota nu ngaranna Rashid (Rosetta) di Mesir ku Pierre Bouchard jeung geus disimpen di Museum Britania (British Museum) ti taun 1802.

Tumbu kaluar

édit