Binih nyaéta sisikian atawa pepetéan pelakaneun.[1] Salah sahiji cara pepelakan ngahasilkeun hiji pepelakan anyar ti jenisna anu sarua nyaéta kalayan perantara binih.[2] Matak bisa kaluarna binih diperlukeun cai, oksigén sarta panas.[2] Cahya panonpoé loba mantuan sajumlah binih pepelakan sangkan gancang bisa tumuwuh.[2] Lamun binih éta henteu geura-giru boga kasempetan pikeun tumuwuh dina wates waktu nu tangtu, mangka manéhna bakal paéh.[2] Lamun jelema hayang nunda binih kasebut pikeun sasadiaan dina jangka waktu nu panjang, mangka binih éta kudu ditunda di tempat anu garing dina kisaran suhu anu tangtu ogé. Binih téh rupa-rupa pisan corakna, boh dina ukuran, wangun, pola susunan bahan sarta warnana.[2] Kitu ogé saban jenis pepelakan boga ciri pangsoranganna ogé dina ngembangbiakkkeun binih éta.[2] Lamun hiji binih geus asak, geus ngaliwatan mangsa reureuh, sarta geus narima dina jumlah anu cukup luyu jeung beueusna hawa, oksigen, sarta cahya panonpoé, mangka manéhna baris tumuwuh.[2] Peristiwa ieu bisa disebut "tumuwuh sirung atawa berkacambah".[2] Wangun binih bisa leutik tapi bisa ogé badag.[2] Siki kembang begonia contona leutikna pisan, ku kituna katempona kawas kekebul. Buah kalapa mangrupa binih anu beuratna bisa ngahontal 40 pon.[2] Sajumlah pepelakan nu tangtu ngan mibanda binih kawates pisan, teu leuwih ti hiji atawa dua lusin siki.[2] Di pihak séjén aya pepelakan anu miboga binih anu loba pisan contona kawas tangkal mapel.[2]

Rujukan

édit
  1. Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Kamus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Suda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Kaca 505
  2. a b c d e f g h i j k l Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1979. Apa dan Mengapa?. Jakarta: CV Pelita Indonesia. Kaca 128-129
 



Tutumbu ka luar

édit
  1. Siki mimiti sirungan