Birokrasi nyaéta sistem pamaréntahan anu dijalankeun ku pagawé pamaréntah (birokrat) kalayan nyekelan dina hiérarki sarta jenjang kalungguhan.[1] Birokrasi mangrupa konsép idéal ngeunaan sistem administrasi atawa pamaréntahan anu ngarahkeun sarta ngoordinasikeun pancén organisasi nu badag sacara rasional.[2] Dina kahirupan sosial-politik, birokrasi mindeng dipeunteun négatif.[2] Tetempoan négatif ieu umumna didasarkeun kana ayana tata cara nu hésé, lila, sarta henteu écés pikeun ngurus hiji perijinan atawa dokumén resmi nu tangtu, contona Katu Tanda Penduduk (KTP).[2] Padahal, tujuan utama diwangunna birokrasi pikeun ngabagi pancén, tanggung jawab, sarta wewenang sacara écés di antara para pagawé ku kituna pakasaban bisa dipungkas sacara gancang sarta rapih.[2] Birokrasi ngasupkeun runtuyan aturan anu patali jeung hiji prosés gawé anu éféktifsarta efisien (sistematis) pikeun ngajalankeun fungsi organisasi.[2]

Bush encourages renewal of Patriot Act 2005.jpg

Birokrasi sarta OrganisasiÉdit

Birokrasi mecenghul sarta ngembang dina hiji organisasi badag anu umumna mibanda ratusan atawa rébuan pagawé.[2] Birokrasi teu ukur aya dina organisasi pamaréntahan, tapi ogé aya dina organisasi kamasarakatan, contona organisasi atikan (kawas sakola), organisasi kaagamaan, sarta organisasi pulitik. Dina organisasi badag kawas ieu, kahadiran birokrasi jadi ajén penting alatan ayana kaperluan efisiensi.[2]

Masarakat ModérnÉdit

Nurutkeun sosiolog kasohor asal Jerman, Max Waber (1864-1920), sistem birokrasi aya dina masarakat modérn anu rasional, lain dina masarakat tradisional.[2] Dina masarakat tradisonal, hiji pakasaban bisa dipungkas kalayan ngandelkeun pengabdian, kapatuhan, sarta hubungan kakulawargaan.[2] Sabalikna masarakat modérn nungtut saban pakasaban bisa dilaksanakeun sacara efisien, transparan, kakontrol, sarta bisa dipertanggungjawabkeun.[2]

DébirokratisasiÉdit

Organisasi anu birokrasi teuing (loba aturan,prosedur, sarta lénglé ogé statis) bisa ngabalukarkeun masalah.[2] Sagala rupa prakték birokrasi dina pamaréntahan di sajumlah nagara ngembang dianggap nyimpang tujuan anu sabenerna.[2] Para birokrat leuwih ngudag fungsi kakawasaan batan ngajalankeun fungsi pangladén umum.[2] Balukarna birokrasi mecenghulkeun hiji gambaran atawa kaayaan anu dipikawanoh kalayan istilah red tape. Istilah ieu nunjuk dina kaayaan birokratis anu mindeng pisan bulat-beulit sarta palanggaran ka peraturan anu resmi pikeun bisa ngabéréskeun hiji pakasaban.[2] Ngingetkeun yén birokrasi mangrupa hiji kaperluan, kiwari mecenghul gagasan debirokratisasi.[2] Debirokratisasi nyaéta usaha ngabenerkeun birokrasi sacara terus-terusan sarta kakontrol ku kituna kapercayaan masarakat (umum) ka hiji organisasi atawa pamaréntahan tetep kajaga sarta pangladén ka masarakat jadi leuwih alus.[2] Ku kituna birokrat ditungtut sanggup ngaréspon parobahan anu lumangsung di luar organisasi anu mangaruhan kana kinerja sarta tujuan organisasi.[2]

RujukanÉdit

  1. (id) [1]
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve