Bunraku (文楽) nyaéta sandiwara boneka tradisional Jepang anu mangrupa salah sahiji jenis ningyo johruri (人形浄瑠璃).[1] Bunraku mimiti diwanohkeun di Osaka dina taun 1684.[2] Kasenian ieu sakapeung ogé disebut ningyou joururi.[2] Ningyou nyaéta boneka, sedengkeun joururi nyaéta carita narasi anu dibawakeun ku cara dinyanyikeun sarta dipirig ku petikan shamisen.[2] Kasenian ieu saméméhna disebut ayatsuri joururi shibai sandiwara joururi ayatsuri tuluy nu akhirna dingaranan bunraku di ahir jaman Meiji.[2] Ngaran bunraku sorangan dicokot ti ngaran seniman Uemura Bunrakuken I, saurang seniman ningyou joururi anu asalna ti Osaka.[2]

Gedung Pintonan Bunraku

Sajarah

édit

Kasenian ningyou joururi diciptakeun ti gabungan sandiwara boneka jeung musik shamisen di mimiti jaman Edo.[2] Pintonan ieu awalna diciptakeun ku Takemoto Gidayu, saurang tayuu kalayan naskah nu dijieun ku Chikamatsu Monzaemon jeung Ki No Kaion.[2] Ningyou joururi dina jaman harita mampuh ngéléhkeun kapopuleran kabuki, ku kituna pintonan kabuki akhirna loba maké naskah carita ningyou joururi.[2] Tapi mimiti abad 19 kaayaan jadi tibalik, ku kituna pamingpin kasenian ningyou joururi anu ngaranna Uemura Bunrakuken I narékahan sangkan ngahirupkeun deui kasenian ieu ku cara ngadegkeun hiji gedong pintonan husus ningyou joururi di Kouzubashi [ayeuna Osaka] sarta saterusna dipindahkeun ka Matsushima ku Uemura Bunrakuken III.[2] Ngaran gedong pintonanna ogé dirobah jadi buranku-za (téater bunraku).[2] Lokasi bunraku-za pernah kaduruk nalika perang dunya II.[2] Ngaran bunraku-za digantian jadi Asahi-za, sarta posisi Shochiku salaku nu ngajaga kasenian bunraku digantikeun ku organisasi nirlaba Bunraku Kyoukai anu disponsoran ku Perfektur Osaka, dayeuh Osaka, Departemen Pendidikan Jepang sarta NHK.[2] Sajaba ti éta, pikeun nungkulan masalah regenerasi di dunya bunraku dina taun 1973 dijieun hiji kawijakan yén masarakat awam ogé bisa diajar kasenian ieu.[2]

Ningyou

édit

Hulu bonéka anu dipaké dina bunraku aya sababaraha macem, nyaéta: lalaki atawa awéwé, kolot atawa ngora, sagala rupa sipat, pakasaban, jeung status sosial.[2] Satengah hulu bonéka éta aya anu bisa ganti peran sacara fleksibel ngan ukur ku ngaganti wig anu dipakéna.[2] Wig anu dijieun ti buuk manusa anu dicampur bulu sato éta ditémpélkeun ka bagian huluna maké lém anu dijieun ti cai jeung lilin sangkan henteu copot.[2] Awak boneka ogé dibéré pakéan anu luyu jeung perana.[2] Lamun baris mintonkeun peran wanoja bangsawan, mangka bonéka éta didangdanan maké kimono lengkep jeung jubon (baju jero), uchikake (mantel), haori (mantel luar), jeung obi.[2] Jenis hulu bonéka anu dipaké dina bunraku:[2]

Boneka Lalaki

édit

a. Bunshichi: lalaki kasep tapi sangsara, lalakon utama dina carita.[2]

b. Darasuke: hulu bonéka kalayan mimik ngécé pikeun peran jalma jahat.[2]

c. Matahei: hulu bonéka kalayan mimik rahayat anu jujur.[2]

Boneka Awéwé

édit

a. Musume: hulu bonéka rumaja umur 14-15 taun.[2]

b. Keisei: hulu bonéka pikeun peran wanoja panghibur.[2]

c. Ofuku: hulu bonéka pikeun wanoja anu wajahna buleud kalayan peran komikal.[2]


 



Rujukan

édit
  1. Pengertian (Diakses tanggal 11 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y Bunraku (Diakses tanggal 11 november 2011)