Calonarang
Calonarang atawa Calon Arang nyaéta salah sahiji lalakon drama tari nu sipatna magis sarta nyokot sumber carita ti carita Calonarang.[1] Carita semi-historis nu asalna nalika jaman pamaréntahan Raja Airlangga di Karajaan Kahuripan (Jawa beulah Wétan) mangsa abad ka-12.[1] Dina lakon ieu aya Matah Gedé minangka wujud Calonarang saméméh diajar élmu hideung.[2] Asal carita ieu nyaéta ayana Calonarang minangka janda pangawasa élmu hideung di désa Girah.[3] Dina dipintonkeuna, Calonarang biasana nyanghareupan Barong atawa Airlangga.[4] Dina pintonana, gamelan nu dipaké nyaéta Gamelan Semar Pagulingan, Gamelan Babarongan jeung Gong Kebyar sedengkeun gendingna boga husus nyaéta Gending Panyalonarangan.[5] Disebut yén nu bisa mateni Calonarang nyaéta Keris Weling Sakti nu asal informasina ti kitab pusaka boga Calonarangna sorangan.[6]
Lakon Calonarang
éditCalonarang nyaéta randa sakti nu kungsi nyieun kaanéhan di mangsa Karajaan Kadiri.[7] Manéhna cicing di désa Girah jeung budak awéwéna nyaéta Ratna Manggali.[7] Masarakat sieun ka kasaktian Calonarang nepi ka euweuh lalaki nu wani ngalamar budakna.[7] Ku kituna, Calonarang tuluy ambek sarta nyebarkeun musibah di Kediri.[7] Ngaliwatan ritualna di hiji astana, turun Déwi Bhagawati atawa Déwi Durga ngabulkeun kahayangna.[7] Ku kituna, pageblug tuluy sumebar jeung ngalantarankeun loba jalma nu isukna gering, soréna maot atawa soréna gering, isukna maot.[7]
Nempo lobana korban, Raja Erlangga tuluy néangan cara sangkan nyingkahan wabah éta tur néangan sabab ti kajadian éta.[7] Sanggeus nyaho yén pageblug téh kalakuana Calonarang, dikirim pasukan ka désa Girah sangkan maéhan Calonarang.[7] Tapi Calonarang leuwih sakti ti batan prajurit nu dikirim ku raja.[7] Sabalikna Calonarang beuki ambek tur beuki kuat nyebarkeun santét nepi ka korbanna leuwih loba.[7] Tuluy raja ngadu'a dibarengan ku pandita jeung resi di istana.[7] Teu lila turun piunjuk yén nu bisa ngeureunkeun pageblug téh Mpu Bharadah ti désa Lemah Tulis.[7] Teu lila raja ménta tulung, Mpu Bharadah tuluy ngirimkeun muridna nu ngarana Bahula pikeun nikah jeung Ratna Manggali.[7] Tugas Bahula nyaéta nyurutkeun ambek mitohana tur jadi mata-mata pikeun kapentingan karajaan.[7]
Sanggeus nikah jeung cicing di tempat mitohana, Bahula nyaho yén kasaktian mitohana ti hiji kitab nu unggal peuting dibaca ku Calonarang nalika upacara di astana.[7] Bahula gancang manggihan guruna tuluy mawa kitab sarta nyaritakeun kabiasaan mitohana.[7] Nalika Bahula balik deui ka Girah, Mpu Bharadah ogé nyusul ka Girah tur ngubaran nu gering sarta ngahirupkeun deui mayit nu jasadna utuh kénéh.[7] Di astana désa Girah, Mpu Bharadah panggih jeung Calonarang tuluy Mpu Bharadah ngéling-ngéling Calonarang sangkan ngeureunkeun santétna.[7] Calonarang daék nurutan papatah ti Mpu Bharada asal manéhna diruwat jeung dilebur dosana.[7] Sedengkeun Mpu Bharadah nu ngawasa dosa Calonarang geus gedé pisan, nolak ngaruwatna.[7]
Mpu Bharadah jeung Calonarang gelut ku cara Calonarang nyemburkeun seuneu nu kaluar tina panonna.[7] Tapi Mpu Baradah leuwih sakti.[7] Dina perang tanding, Calonarang paéh dina posisi nangtung.[7] Tuluy Mpu Bharadah ngahirupkeun deui Calonarang pikeun dibéré ajaran ngeunaan hirup nu hadé sangkan moksa.[7]
Réferénsi
édit- ↑ a b Senen, I Wayan. 2005. Perempuan dalam Seni Pertunjukan di Bali. Yogyakarta: BP ISI Yogyakarta
- ↑ Margono. 2007. Seni Rupa & Seni Pertunjukan. Jakarta: Ghalia Indonésia Printing
- ↑ Zamidra. 2012. Makhluk Mitologi Sedunia. Depok: Penebar Swadaya Grup
- ↑ Tim Pustaka Horor. 2012. 666 Misteri Paling Heboh Indonésia & Dunia. Jakarta: KAWAHmedia
- ↑ Tempo: Indonesia's Weekly News Magazine, Volume 6, Issue 39-47. 2006. the University of Michigan: Arsa Raya Perdania.
- ↑ Reza, Marina Asril. 2013. 108 Cerita Rakyat Terbaik Asli Nusantara. Jakarta: Transmedia Pustaka
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Masruri, A. 2010. The Secret of Santet. Jakarta: Transmedia Pustaka