Drama nu asal kecapna téh ti bahasa Yunani, nyaéta dramoi, nu hartina téh salah sahiji wangun kasenian anu ngebréhkeun bubudén jalma ku tingkah laku, ucap réngkak, tata peta anu bobodoan. Drama sok dipaénkeun di panggung. Drama ku M.A Salmun digolongkeun kana Kasenian Mindocipta (herschepping), maksudna léngkah kadua sanggeus ayana naskah drama.[1]

Ikon drama nu mangrupa topéng

Sajarah Drama

édit

Zaman Mesir

édit

Mimiti aya drama téh lain ukur pikeun hiburan atawa entertainment, nanging drama (leuwih tepatna seni peran) téh dipake keur nyaritakeun Sang Panyipta ku pendéta zaman Mesir baheula. Buktosna tiasa dipanggihan dina piramida Mesir, di dinya aya ukiran nu bentukna siga pendéta nu keur ngadeg di hareupeun jamaahna, maké topéng, jeung sigana, ti gerak-gerik awakna, keur nepikeun hutbah maké seni peran.[2]

 
Ilustrasi Piramida Mesir

Zaman Yunani Kuno

édit

Bentuk drama teater mimiti muncul dina zaman Yunani Kuno, nyaéta dina taun 1000 SM. Seni teater ieu dijieun pintonan di hiji wangunan nu ngaranna amphitheatre.[3] Amphiteatre ieu bentukna buleud, dina bahasa Yunani amphitheatre hartina "tempat teater nu tempat diukna ngurilingan wangunana". Pintonan di zaman Yunani téh mangrupa tragedi kuno, drama komedi, nepi ka pintonan balet.[4]

Drama nu lengkep ogé aya dina zaman Yunani dina taun 534 SM. Pintonan drama dijadikeun susuhunan ka Dewa Dionisius, dewa kesuburan jeung dewa anggur.[5] Pintonan drama susuhunan ieu dijeun sayembara jeung diayakeun di Athena, salah sahiji kota di Yunani. Salah sahiji jeung pinunjul kahiji dina éta sayembara téh Thespis, aktor jeung pangarang tragedi. Thepsis dijadikeun legenda ku masarakat Yunani, nepi ka ayeuna aya waé nu nyebut aktor make istilah thepian.[5]

 
Amphitheater di Yunani

Bentuk Drama dina Yunani Kuno:

édit
  • Tragedi, drama anu pikasediheun.
  • Komedi, drama anu moyok ngeunaan kasombongan orang-orang nu berkuasa
  • Satir, drama anu moyok tokoh tragedi

Drama Sunda

édit

Dina kabudayaan Sunda mah drama dina lingkungan kasusasteraan téh kawilang barang anyar. Nu mimiti naratasna téh dina wangun gending karesmén, meunang nyusun: R.Machyar Anggakusumadinata, R. Memed Sastrahadiprawira, M.A. Salmun, R. Djajaatmadja, jeung D. Suriasaputra.

Conto-conto nu kawengku seni drama (théater) di Sunda di antarana:

  1. Gending Karesmén
  2. Sandiwara
  3. Longsér
  4. Langenswara, jsté

Rujukan

édit
  1. Suwondo, Dodo (2018). Pangajaran Basa Jeung Sastra Sunda: Panuyun Sangkan Bisa Ngajarkeun Basa Sunda Pikeun Mahasiswa jeung Guru PAUD/TIK. Jakarta: Penerbit YNHW. p. 39. ISBN 9786025069314. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). 
  2. Kosasih, E. (2008). Apresiasi Sastra Indonesia. Jakarta: Nobel Edumedia. p. 82. ISBN 978-602-8219-57-0. 
  3. "Kumpulan Berita SEJARAH TEATER: Mulai Zaman Yunani Kuno, ini Sejarah Teater dari Seluruh Dunia". suara.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-02-25. 
  4. "Enjoy a Show at an Ancient Greek Amphitheatre". www.greekboston.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2022-02-25. 
  5. a b http://repository.iainkudus.ac.id/2898/5/5.%20BAB%202.pdf
  • Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastan (Citakan ka-II), Bandung: GANACO.manéhna asalna ti bandung