Calung Gambang atawa calung rantay anu watangna diruntuykeun ku tali kulit waru (lulub) ti anu pangbadagna nepi ka anu pangleutikna, jumlahna 7 wilahan (7 ruas awi) atawa leuwih. [1] Komposisi pakakasna aya anu hiji deretan sarta aya ogé anu dua deretan (calung indung sarta calung anak/calung rincik).[1] Cara maénkeun calung gambang ditakol ku dua leungeun bari diuk sila, biasana calung kasebut ditalian dina tangkal atawa bilik imah (calung gambang Banjaran-Bandung), aya ogé anu dijieun ancak "dudukan" husus ti awi/kayu, contona calung tarawangsa di Cibalong sarta Cipatujah, Tasikmalaya, calung gambang di Banjaran sarta Kanekes/Baduy.[1] Babagan gambang ngawengku wilahan-wilahan wadah gema nu biasa disebut ancak anu ngawengku tina pongpok, papalayu, awak, gelung purupus gambang, lelemah pongpok.[2] Jumlah nada dina gambang loba gumantung kana kabutuhan téknik nabeuhna kira-kira antara 18 nepi ka 20 bilah.[2] Pikeun anu 20 bilah nada anu pangluhurna biasana maké sora barang alit, anu pikeun panghandapna maké singgul ageng, sedengkeun pikeun nu 18 bilah biasana ti nada loloran alit nepi ka nada galimer ageng.[2]



Rujukan édit

  1. a b c (id)kesenian daerah Archived 2016-05-31 di Wayback Machine (diaksés tanggal 9 November 2011)
  2. a b c Atik Supandi BA .Khasanah Kesenian Daerah Jawa Barat. Pelita Masa 1977. Bandung.