Cimulya, Cimahi, Kuningan

désa di Kuningan, Jawa Barat

Cimulya nyaéta salah sahiji désa di kacamatan Cimahi, Kabupatén Kuningan, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.

Désa Cimulya
Kalurahan/Désa
Peta
Peta lokasi Kalurahan Cimulya
NagaraBandéra Indonésia Indonésia
PropinsiJawa Barat
KabupaténKuningan
KacamatanCimahi

Sajarah

édit

Cimulya kapungkurna mangrupa hiji kampung nu namina Girangcimuncang, lebet ka désa Gunungsari. Dina taun 1942, kampung Girangcimuncang katarajang wabah panyakit nu katelah botoleun, katambih deui kaayaan kampungna kaancam ku longsor. Ahirna para tokoh kampung ngayakeun musawarah, hasilna nyaéta supaya kampung Girangcimuncang pindah lokasi ka tempat nu tiasa kakeunaan ku cahaya panonpoe enjing-enjing. Tempat nu kapilih nyaéta di handapeun Gunung Puncakmanik palih wetan nu aya tanda kapungkur mangrupi kuburan tongkat Sunan Kalijogo nu katelah Buyut Dukuh. Jumlah masarakat kampung Cimuncang dina danget éta kirang langkung 100 jalmi.

Di pakampungan nu enggal ieu, para tokoh muda musawarah nangtukeun nami kampung. Ahirna diputuskeun nami kampung enggal ieu nyaéta Kampung Cimulya nu ngandung harti Ci = Cai/Air, Mulya = kamulyaan/kabahagiaan. Cimulya hartosna kampung nu bisa ngamulyakeun. Dasar pamikiran ieu nyaéta ku calageurna para warga nu kasorang panyakit botoleun. Saterasna di kampung Cimulya diangkat pamingpin kampung nyaéta lurah Dongkol. Kampung Cimulya rame didongkapan ku jalmi-jalmi ti manca désa sapertos Gebang, Cibeureum, Dodog, Cirebon, Luragung, jeung nu sanesna. Para pengunjung loba nu netep jadi warga malih mah aya katurunan ti Cina dongkap. Dasar hukum nu nguatkeun posisi Kampung Cimulya nyaéta taun 1945 nalika Indonésia merdeka teras Presiden Soekarno mengumandangkeun maklumat hadiah kamerdekaan ka masarakatna mangrupi bébas nangtukeun tempat tinggal. Taun 1988 kampung Cimulya dimekarkeun janten Désa Cimulya. Kaayaan désa Cimulya dugi ka danget ieu masih sangketa sareng tanah kahutanan, padahal nurutkeun sejarah ngalihna kampung Girangcimuncang ka désa Cimulya dina taun 1942 sateuacana merdeka, dupi kahutanan (Perumperhutani) diresmikeun taun 1970-an.

Pangwangunan désa Cimulya pesat pisan malihmah kiwari tos aya SMP Satu Atap. Di sabeulah kulon désa Cimulya aya gunung nu bentukna jiga parahu tibalik. Konon gunung ieu kaasup legenda Sangkuriang ti daerah Cirebon. Gunung Tangkuban Parahu nu aya di Cimulya namina gunung Puncakmanik nu dina Babad Cirebon dikenal Gunung Cupumanik. Gunung Puncakmanik ngagaduhan sagudang carita jeung riwayat nu aya patula-patalina sareng Kasultanan Cirebon, Adipati Kuningan, Raden Kiansantang, Raden Walangsungsang, Ratu Larasantang, sareng Pangeran Gebang.

Perjuangan masyarakat désa Cimulya kanggo ngesahkeun désana supados gaduh pangakuan nu syah ti pamaréntah pusat tos dugi ka meja DPR pusat mudah-mudahan tiasa enggal kenging pangakuan ti Bapak présidén RI. Désa Cimulya palih kidul berbatesan sareng désa Sukadana, palih kaler désa Gunungsari atawa désa induk asal, palih wetan désa Cisaat kacamatan Cibingbin, palih kulon désa Margamukti. Kapala désa nu kantus mimpin nyate Bapak Suyatno (alm), Bapak Dastam Sanusi sampe danget kiwari. Kaayaan pendudukna ramah, rukun, jeung makmur ku pertanian sareng peternakan. Nurutkeun carita rakyat Cimulya luluhur asalna nyaéta ti Puncakmanik katurunan Buyut Odog sareng Buyut Jaksa.

Profil Pamaréntahan

édit

Profil Daérah

édit

Wates Wilayah

édit

Géografis

édit

Démografi

édit

Atikan

édit

Poténsi

édit

Pertanian

édit

Pakebonan

édit

Tumbu Luar

édit