Kabupatén Kuningan
Kabupatén Kuningan (aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮊᮥᮔᮤᮀᮃᮔ᮪) nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana téh nyaéta Kacamatan Kuningan. Kabupatén Kuningan aya di antara 108°23 - 108° 47 Bujur Wétan jeung 6°45 - 7°13 Lintang Kidul. Kabupatén Kuningan aya di tungtung wétan Jawa Kulon, wawatesan jeung Kabupatén Cirebon di beulah kalér, Kabupatén Brebes, Jawa Tengah di beulah wétan, Kabupatén Ciamis di beulah kidul, sarta Kabupatén Majalengka di beulah kuloneunana.
Jawa Jawa Kulon | |
Puseur Dayeuh | Kuningan |
Lega Wilayah | 1.110,56 km² |
Kordinat | 108°23 - 108° 47 BT dan 6°45 - 7°13 LS |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
1.258.010 Jiwa 911 (2003) jiwa/km² |
Démografi · Séké Sélér |
Sunda, Jawa |
Agama |
Islam, Kristen, Katolik |
Basa |
Sunda, Indonésia, Jawa |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
32 375 |
Dasar hukum | |
Milangkala | 1 Séptémber 1498 |
Bupati | Hj. Utje Ch. Hamid Suganda, S.Sos., M.AP. |
Zona Waktu Kode telepon |
WIB 0232 |
DAU | Rp. 1.127.612.951,- |
Tutuwuhan Idéntitas Sato Idéntitas |
|
Situs web resmi: www.kuningankab.go.id |
Babagian Administratif
éditKabupatén Kuningan kawengku ku 32 kacamatan, nu kabagi deui kana 361 désa jeung 15 kalurahan. Puseur pamaréntahanna aya di Kacamatan Kuningan.
Topografi
éditBeulah wétan wilayah kabupatén ieu mangrupa daratan handap, sedengkeun di beulah Kulonna mangrupa pagunungan, kalayan ponclotna Gunung Ciremay (3.076 m) kalayan wawatesan jeung Kabupatén Majaléngka. Gunung Ciremay mangrupa gunung pangluhurna di Jawa Kulon.[1]
Géografis
éditKabupatén Kuningan aya dina titik koordinat 108° 23′ – 108° 47′ Bujur Timur jeung 6° 47′ – 7° 12′ Lintang Selatan. Sedengkeun puseur dayeuhna aya dina titik koordinat 6° 45′ – 7° 50′ Lintang Selatan dan 105° 20′ – 108° 40′ Bujur Timur.[2]
Ditilik tina posisi géografisna, aya di belah Wétaneun Jawa Barat, kalayan aya dina lintasan jalan régional anu nyambungkeun kota Cirebon jeung wewengkon Priangan Timur jeung salaku jalan alternatip jalur tengah anu nyambungkeun Bandung-Majaléngka jeung Jawa Tengah. Sacara administratip, ieu di handap wates-wates Kabupatén Kuningan.
Beulah Kalér : Kabupatén Cirebon
Beulah Wétan : Kabupatén Brebes (Jawa Tengah)
Beulah Kidul : Kabupatén Ciamis dan Kabupaten Cilacap (Jawa Tengah)
Beuelah Kulon : Kabupatén Majaléngka
Kabupatén Kuningan diwengku ku 32 Kecamatan, 15 Kelurahan jeung 361 Désa.[3]
Ma'na Lambang Kabupatén Kuningan
éditHarti Unsur-unsur Lambang Daérah
éditDasar
éditPerisai bentukna lambang Nagara Kasatuan Républik Indonésia anu hartina tenang, penegak kaamanan Pancasila jeung UUD 1945, sarta lambang kaayaan anu teu weléh aman, tengtrem jeung raharja.[4][5]
Kuda Jalu
éditNgalambangkeun sipat masarakat Kuningan anu dinamis, konstruktif, kréatif, sportif, sumanget dina nanjeurkeun kaadilan jeung ngaleungitkeun kagoréngan. Dina sajarah luluhur Kuningan jeung mangsa gerilya di Kabupatén Kuningan, kuda digunakeun pikeun sarana kandaraan jeung digunakeun alat perjangan.[4] Leutik-leutik kuda Kuningan.
Gunung Cireméi
éditNuduhkeun Kuningan aya di suku gunung Cireméi, gunung anu pangjangkungna di Jawa Barat. Taneuhna subur hawana tiis.[4]
Cai Walungan Lima Gelombang
éditCai walungan ngagambarkeun yén Kuningan miboga lima walungan gedé nyaéta Cisanggarung, Cijolang, Cisadané, Cijangkélok, jeung CItaal.[4]
Paré
éditNgalambangkeun kasuburan dina widang pangan.[4]
Kapas
éditNgalambangkeun kasuburan dina widang sandang.[4]
Harti Warna
éditHéjo
éditNgalambangkeun kamamuran, sejuk, tenang jeung pinuh harepan.[4]
Bodas
éditAjeg, kuat, bebeneran, ampuh jeung teguh.[4]
Biru
éditKasatiaan, kataatan, patuh, gedé haté, lega wawasan, soméah.[4]
Konéng Emas
éditKasejahtraan, kaagamaan, kaagungan jeung kaluhungan.[4]
Sajarah Kuningan
éditPériode Pra Sajarah
éditCeuk carita kira-kira dina taun 3500 SM, di daérah nu ayeuna ngaranna Kuningan, aya tanda nu méré nyaho geus aya pamukiman masarakat manusa.[6][7] Paninggalan-paninggalan kapanggih di suku jeung lamping Wétan Gunung Ciremai sarta hampir di unggal kacamatan.[6] Paninggalan éta mangrupa tanda-tanda kabudayaan nu ngagambarkeun kahirupan masarakat manusa dina jaman purbakala anu geus nepi ka tingkat kabudayaan anu relatip luhur.[6][8] salah sahiji conto urut tempat cicing masarakat manusa dina jaman purbakala éta aya di Kampung Taman Purbakala, Kalurahan Cigugur nu ayeuna geus diwangun Taman Purbakala minangka salah sahiji wangun rékonstruksi kayaan pamukiman masarakat manusa nu boga kabudayaan dina jaman purbakala.[6][8]
Période Hindu
éditKabudayaan masarakat manusa Kuningan éta tuluy meunang pangaruh jeung nyerep kabudayaaan Hindu, anu titinggalna aya di Bukit Sangiang, Désa Sagarahérang Kacamatan Kadugedé.[6] Dina mangsa éta, di dinya geus aya hiji kakuatan politik dina wangun nagara nu ngarana Kuningan anu lahir dina kira-kira awal abad ka-8 M.[6] Tepatna dina tanggal 11 April 732 Masehi.[6] Nagara/karajaan Kuningan ngadeg dina tangan pingpinan Seuweukarma, anu boga gelar Rahiang Tangkuku, ogé disebut Sangkuku jeung cicing di Arile ogéSaunggalah.[6][8] Saméméhna Seuweukarma téh raja Galuh, tuluy ku Dangiang Guru diistrénan jadi raja Kuningan.[6] Seuweukarma asalna ti katurunan Galuh.[6] Keur leutik kénéh mah ngarana téh Demuwarman.[6] Anjeunna ngagem Agama Sangiang (agama Hindu) jeung boga ajian Dangiang Kuning, sarta bisa ngamalkeun kalawan hadé.[6] Ku pangaruh ajian éta pamaréntahan Kuningan jadi ngawengku wilayah Malayu.[6] Ajian Dangiang Kuning éta eusina ngeunaan ajaran Kaparamartaan nyaéta bebeneran pangluhurna anu dihontal dina widang karohanian atawa kabatinan ngeunaan silih asih jeung papada manusa.[6] Seuweukarma kasohor salaku raja anu jadi sumber cacaang pikeun jalma réa.[6] Di bawah pamaréntahanana rahayat ngarasa aman jeung bagja.[6] Salian ajian Dangiang Kuning, anjeunna ogé nyekel pageuh kana ajaran Sanghiang Siksa jeung Sanghiang Darma (Ajaran Kitab-kitab Suci).[6] Sanghiang Siksa méré 10 (sapuluh) papagon hirup nyaéta:
- teu maéhan mahluk hirup;
- teu maling;
- teu jinah;
- teu dusta;
- teu mabok;
- teu dahar lain dina waktuna;
- teu nongton, jogéd, nembang, jeung maénkeun musik;
- teu kaleuleuwihi dina papakéan;
- teu saré dina tempat anu empuk;
- teu narima emas jeung perak [6]
Seuweukarma jadi raja nepi ka umur nu pangluhurna.[6] Tuluy timbul persaingan Seuweukarma jeung Sanjaya nu nyekel kakuasaan di daérah karajaan Galuh beulah wétan.[6] Saenggeus Sanjaya maréntah ngawasa Kuningan salila 9 taun, anjeunna digantikeun ku anakna nu ngarana Rahiang Tamperan.[6] Rahiang Tamperan boga dua anak, nyaéta Sang Manarah jeung Rahiang Banga.[6] Dua anak raja ieu sanggeus dewasa saling merebutkeun kakuasaan kolotna.[6] Ahirna karajaan di bagi dua, Sang Manarah jadi raja di beulah wetan, sedengkeun Rahiang Banga ngawasa Kuningan baheula nu di kawasa k Rahiang Tangkuku.[6] Saengges Rahiang Banga, Kuningan dina tanggal 22 Juli 175 Masehi jadi puseur pamaréntahan karajaan Sunda di bawah kakuasaan Rakean Darma Siksa, anak kaduawelas ti Rahiang Banga.[6] Saengges bertahta salila 12 taun di Sanggalah Kuningan, karaton dipindahkeun ku Rakéan Darma Siksa ka Pakuan Pajajaran.[6] Anjeunna nyekel tahta salila 110 taun. Saterusna Kuningan kaasup kana bagian Karajaan Pajajaran nu ngaranna diganti jadi Kajéné nu aya di bawah kakawasaan Aria Kamuning.[6] Kajéné hartina konéng atawa emas.[6] Ngaran Kuningan dicokot tina ngaran ajian Dangiang Kuning.[6] Ditilik tina makna salaku lambang, ngaran Kuningan hartina ,’koneng anu agung’ nu dipikahormat jeung dimulyakeun.[6] Ngaran Kuningan geus dipaké ti tanggal 11 April 732 M nepi ka pamaréntahan Kuningan di bawah Aria Kamuning anu gelarna Pangeran Aria Kamuning.[6] Ngaran Kuningan salaku ngaran daérah saenyana geus digunakeun dina mangsa mimiti sumebarna agama Islam di daerah Kuningan.[6]
Atikan di Kabupatén Kuningan
éditSakola SMK
éditJumlah sakola SMK anu aya di Kabupatén Kuningan cukup loba. Ieu di handap ditataan ngaran-ngaran sakola SMK di Kabupatén Kuningan.[9][10]
Kacamatan Darma
éditKacamatan Kadugede
éditKecatan Selajambe
éditKacamatan Cibingbin
éditKacamatan Luragung
éditKacamatan Ciawigebang
édit- SMK Al Ihya Ciawigebang
- SMK Model Patriot IV Ciawigebang
- SMKN 5 Kuningan
- SMK PGRI Ciawigebang
- SMK Taufiq Mubarok
- SMK TI Fatahilah[15]
Kacamatan Lebakwangi
éditKacamatan Kuningan
édit- SMK Bhakti Husada Kuningan
- SMK Bina Kuningan
- SMK Broadcast TV Tirta Kencana
- SMK Darul Ulum Karangtawang
- SMK Korpri Kuningan
- SMKN 3 Kuningan
- SMK Teknologi Manufaktur Indonesia Kuningan
- SMK Yamsik Kuningan[17]
Kacamatan Kramatmulya
éditKacamatan Jalaksana
éditKacamatan Cilimus
éditKacamatan Mandirancan
éditKacamatan Pancalang
éditKacamatan Garawnagi
éditKacamatan Japara
éditKacamatan Sindangagung
éditKacamatan Malébér
éditKacamatan Cidahu
éditKacamatan Cigugur
édit- SMK Karya Nasional Kuningan
- SMK Muhammadiyah 2 Kuningan
- SMKN 1 Kuningan
- SMKN 2 Kuningan
- SMK Plus Pertiwi Sukamulya[28]
Obyék Wisata Kuningan
éditTalaga Remis
éditTalaga Remis téh ayana di Désa Kaduéla, Kacamatan Mandirancan, Kabupatén Kuningan.[29] Talaga nu éndah, nyuguhan katenangan kalayan kaayaan nu masih kénéh alami. Talaga Remis jad tempat wisata anu panglobana didatangan dina taun 1980-1990-an.[30] Legana ieu talaga téh kurang leuwih 3,32 héktar.[31] Harga tikétna 10.000-15.000 rupiah, sarta bisa ogé ngéndong di sabudeureun talaga, harga pangéndonganna kurang leuwih 250.000 rupiah.[32]
Gedong Perundingan Linggarjati
éditGedong Perudingan Linggarjati téh ayana di Dusun Cipaku, Kalurahan Linggajati, Kacamatan Cilimus.[33] Gedong Linggarjati nyaéta hiji imah anu kungsi jadi tempat lumangsungna perundingan anu ngahasilkeun Perjanjian Linggarjati antara Indonésia jeung Walanda (11-12 Novémber 1946).[34] Bangunan ieu jadi saksi sajarah hiji perundingan nu nangtukeun nasib bangsa indonésia.[35] Kiwari wangunan ieu jadi Museum Lingarjati. Jam bukana ti jam 08.00-17.00 WIK, ti poé Senén nepi ka poé Minggu.[36]
Linggarjati Indah
éditLinggarjati Indah nyaéta salah sahiji tempat ulin di Désa Linggarjati, Kacamatan Cilimus, Kabupatén Kuningan. Legana kurang leuwih 11, 5 héktar.[2] Di tempat wisata ieu kacida kumplitina, di antarana aya kolam renang barudak jeung déwasa anu geus standar nasional. Aya tempat nguseup, villa, autbond, jeung wahana kaulinan barudak. Sajaba ti éta, cocok ogé pikeun kagiatan kémping.[3] Jadi Linggarjati Indah ieu kaasup tempat wisata alam anu kumplit. Nu wisata bisa nyaksian rupa-rupa flora jeung fauna oé di sabudeureunna.( )[5] Jam oprasionalna ti jam 08.00 isuk-isuk nepi ka jam 17.00 burit, ti poé Senén nepi ka poé Minggu. ()[9] Harga tikétna 9.000 rupiah pikeun barudak sarta 10.000 rupiah pikeun déwasa.([11])
- Pamandian cipanas sangkanhurip, ayana di Désa Sangkanhuril, Kacamatan Cigandamekar, Kabupatén Kuningan. Ieu téh mangrupa cai panas alami nu dipercaya busa nyageurkeun rematik, pegel-pegel nyeri satulang sandi.(https://www.panasbuminews.com/pemandian-air-panas-sangkanhurip-kuningan-segar-dan-menyehatkan/) Fasilitas di jerona ogé cukup lengkep di antarana tempat sosorodotan nu bentukna siga naga, balong cipanas, balong cai tiis, tempat bebersih, toilét umum, musola, tempat dahar, gazébo, tempat diuk jeung panggung hiburan. (https://www.tempatwisata.pro/wisata/Pemandian-Air-Panas-Sangkanurip) Harga tikétna barudak 7.000 rupiah, déwasa 8.000 rupiah. Jam oprasionalna ti jam 07.30 nepi ka jam 17.00 WIK. Buka ti Senén nepi ka Minggu. (https://jejakpiknik.com/pemandian-air-panas-sangkanurip-kuningan/)
- Désa Sitonjul Obyék wisata Désa Sitonjul téh ayana di Sangkanhurip, Cigandamekar, Kabupatén Kuningan, anu miboga daya tarik kaéndahan anu luar biasa. (https://ihategreenjello.com/daya-tarik-obyek-wisata-desa-sitonju/) Désa Sitonjul téh kagolong kana tempat wisata budaya, anu disuguhkeunna salah sahijina nyaéta sédratari. (https://www.harapanrakyat.com/2022/09/objek-wisata-desa-sitonjul-kuningan-jawa-barat/) Di dieu ogé bisa ngararasakeun nimatna suasana piemburan anu masih kénéh asri jeung hawana eger. Umumna masarakat di dieu téh pakasabanna kana tani, upamana melak paré, ngebon jeung palawija. (https://merahputih.com/post/read/desa-wisata-sitonjul-tawarkan-suasana-dan-keaslian-budaya) Harga tikétna kurang leuwih 10.000 rupiah. Buka duapulopat jam. Hadéna mah upama hayang datang ka Désa Sitonjul konfirmasi heula ka call centerna. Ulin di Désa Sitonjul bisa jadi pangalaman anu moal bisa dipohokeun ku barudak, sabab urang bisa wisata alam bari mapay-mapay lembur anu kacida éndahna. Malah ceuk nu rahul mah disebutna gé “Neverland-na” Jawa Barat. (https://sky-adventure.com/artikel/keindahan-wisata-desa-sitonjul-kuningan)
- Cibulan Obyék wisata Cibulan téh obyék wisata anu kaitung unik, sabab urang bisa ngojay babarengan jeung lauk déwa. Lauk déwa téh mangrupa lauk éndemi anu dianggap sakral ku masarakat Kuningan. (https://travelspromo.com/htm-wisata/objek-wisata-cibulan-kuningan/) Cibulan dianggap salah sahiji obyék wisata anu pangkolotna anu aya di Kuningan, ku sabab diresmikeun dina tanggal 27 Agustus 1939 ku Bupati Kuningan mangsa harita, nyaéta R. A. A. Mohamad Achmad. (https://desa-maniskidul.kuningankab.go.id/obyek-wisata-cibulan) Lokasi obyék wisata Cibulan aya di Désa Maniskidul, Kacamatan Jalaksana, kabupatén Kuningan, Jawa Barat. Jarak ti kota Kuningan mah, kurang leuwih 10 KM. Lokasina cukup stratégis sabab aksés jalanna bisa diliwatan ku rupa-rupa kandaraan. (https://sikidang.com/wisata-cibulan/) Harga tikétna 12.000 rupiah pikeun barudak, 17.000 rupiah pikeun déwasa, jam oprasionalna ti jam 08.00 nepi ka jam 17.00 WIK. Wangunan di Cibulan masih kentel kénéh ku nuansa sajarah, utamana ngeinaan asal-usul lokasi. (https://jejakpiknik.com/cibulan-kuningan/) Pamandian Cibulan aya dua balong utama. Masing-masing balong miboga ukuran jero anu béda. Balong anu kahiji jerona 2 méter, balong nu kadua jerona 60-120 cm. (https://indonesiakaya.com/pustaka-indonesia/berenang-bersama-ikan-dewa-di-pemandian-cibulan/)
- Taman Purbakala Cipari Taman Purbakala Cipari téh ayana di Kelurahan Cipari, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Kuningan. Di ieu taman aya situs titinggal jaman mégalitikum atawa jaman batu. Upamana peti kubur. (https://travel.detik.com/domestic-destination/d-5152879/taman-purbakala-di-cipari-kuningan-dan-koleksi-zaman-megalitikumnya) Taman Purbakala Cipari sering jadi tujuan wisata édukasi anu aya di Kuningan. Nurtkeun para ahli, Taman Purbakala Cipari diperkirakeun geus ngaliwatan mangsa permukiman, nyaéta ahir jaman néolitik jeung awal jaman perunggu. (https://www.nativeindonesia.com/taman-purbakala-cipari/) Taman Purbakala Cipari kapnggih dina taun 1972, sarta dilakukeun panalungtikan dina taun 1975 anu dipingpin ku teguh Asmar, sarta ngahasilkeun penemuan mangrupa pakakas dapur, gerabah, perunggu jeung sésa-sésa pondasi bangunan imah. Situs ieu kaasup kana situs anu lengkep kalayan ngagambarkeun kahirupan masarakat dina mangsa éta. (https://www.tempatwisata.pro/wisata/Situs-Purbakala-Cipari). Ku ayana situs ieu ngagambarkeun sarta jadi bukti yén manusa purba anu caricing di Cipari téh miboga kabudayaan anu uhur. (https://disporapar.kuningankab.go.id/web/2017/05/31/taman-purbakala-cipari/) Harga tikét asup ka Taman Purbakala Cipari nyaéta 5.000 rupiah, jam oprasionalna ti jam 08.00 nepi ka jam 16.00, ti poé Senén nepi ka poé Minggu. (https://direktori-wisata.com/taman-purbakala-cipari-tempat-berlibur-sekalian-belajar-di-kuningan/) Legana kawasan CIpari téh kurnag leuwih 7.000 méter pasagi, anu di éskavasi arkéolog ti taun 1971-1976. Tim éskavasi teu manggihan jasad manusa, arkéolog nyangka yén tingkat keasaman taneuhna luhur, ku kituna ngabalukarkeun jasad ancur. (https://www.kompas.id/baca/nusantara/2022/12/20/taman-purbakala-cipari-di-kuningan-belajar-musyawarah-hingga-bekal-kubur)
- Cigugur Cigugur nyaéta salah sahiji tempat anu ngabogaan cagar budaya, nu ngadeg dina taun 1840. Masarakat di sabudeureunana nyebutna téh Paséban Tri Panca Tunggal. Wangunan ieu téh hateupna sababaraha umpak sarta tungtungna aya beusi anu bentukna siga kembang. (https://indonesiakaya.com/pustaka-indonesia/paseban-tri-panca-tunggal-bangunan-cagar-budaya-di-kuningan/) Cigugur teu bisa leupas tina idéntikna kagiatan sérén taun anu rutin dilaksanakeun sataun sakali. Puncak kagiatan sérén taun téh dilaksanakuen di palataran wangunan Paséban Tri Pancatunggal, sarta disaksian ku warga masarakat boh lokal atawa mancanagara. (https://matapantura.republika.co.id/posts/167148/seren-taun-cigugur-kuningan-merawat-meruwat-pusaka-budaya-nusantara-)
- Balong Karamat Darmaloka Balong karamat Darmaloka ayana di Désa jeung Kacmatan Darma, Kabupatén Kuningan, padeukeut jeung Waduk Darma, legana kira-kira 4.200 méter pasagi.(https://www.kabaralam.com/wisata-alam/pr-5936151642/sejarah-dan-kisah-mistis-di-balik-pesona-balong-keramat-darmaloka-kuningan) Nurutkeun kapercayaan masarakat satempat, di Balong Keramat Darmaloka téh aya lauk ajaib anu ti hulu nepi ka awak téh rangkana wungkul, tapi masih hirup jeung ulin di balong sakumaha lauk umumna. (https://visitkuningan.co.id/detailpost/balong-keramat-darmaloka) Balong Karamat Darmaloka mangrupa dano leutik nu bisa jadi pilihan pikeun liburan. Pasilitasnya di antarana aya kamer mandi umum, mushola, tempat parkir, warung jajanan di sabudeuruenna, tempat parkir, ogé balong anu caina ti tilu sumber. (https://www.tempatwisata.pro/wisata/Balong-Keramat-Darmaloka) Sababaraha balong anu aya di Balong karamat Darmaloka nyaéta Balong Ageung, Balong Bangsal, Balong Beunteur, Balé Kambang, jeung Balong Sumber Cai Cibinuang. (https://www.nativeindonesia.com/balong-keramat-darmaloka/)
- Wisata Leuweung Monyét Wisata Leuweung Monyét téh ayana di Désa Cibeureum, Kacamatan CIlimus, Kuningan. Ieu tempat téh jadi langganan pra potografer ti sabudeureun Cirebon. Ieu tempat téh kasohor u satwa monyét buntut panjang anu bageur ka wisatawan. (https://www.radarcirebon.tv/2021/03/14/objek-wisata-leuweung-monyet-kuningan/)
Situs di Kabupatén Kuningan
édit1. Adipati Éwangga – Kuningan
2. Aria Kamuning – Kuningan
3. Éyang Weri – Kuningan
4. Cangkuang – Kuningan
5. Hasan Éyang Maolani – Kuningan
6. Taman Purbakala – Cipari
7. Pasanggrahan Dipati Éwangga – Cigugur
8. Gedung Paséban Tri Panca Tunggal – Cigugur
9. Komplék Arca – Palutungan
10. Batu Tilu – Cigugur
11. Gedung Perundingan Linggarjati – Cilimus
12. Lingga Sagarahiyang – Darma
13. Untap-Untap Sanghiyang Pantén – Darma
14. Darmaloka – Darma
15. Balong Kagungan – Ragawacana Karamatmulya
16. Monumén Tentara Pelajar – Bababakanmulya Jalaksana
17. Patilasan Prabu Siliwangi – Cibulan Jalaksana
18. Batu Yoni – Ciawigebang
19. Guha Indrakila – Karangkancana
20. Gunung Gentong – Legokhérang Subang.[1]
Seni Budaya di Kabupatén Kuningan
édit1. Sapton
éditSeni budaya Sapton dipagelarkeun dina unggal milangkana Kabupatén Kuningan, dilaksanakeun sabada upacara milangkala. Para pajabat jeung tamu uleman dihaturanan pikeun nongton sacara langsung ieu kagiatan. Demi kagiatan ieu téh nyaéta kaulinan kaparigelan naék kuda anu pamilonna para demang atawa kapala désa, atawa kuwu.[1]
2. Sérén Taun
éditSérén taun mangrupa upacara adat panén di masarakat Sunda, hususna di Cigugur Kabupatén Kuningan, anu biasa silakukeun unggal taun.[37] Kagitan téh dimimitian ku upacara ngajarak (mapag) dina tanggal 18 Rayagung, satuluyna diteruskeun dinatanggal 22 Rayagung bulan pamungkas dina sistem pananggalan Sunda.[38] Sakumaha biasa kagiatan dipuseurkeun di Pandopo Paséban Tri Panca Tunggal, tempat cicingna Pangéran Djatikusumah, anu diadegkeun dinataun 1840. Sakumaha mistina sesembahan usum panén, ornamén paré sarta hasl bumi jadi hal anu diutamakeun dina runtuyan ieu kagiatan, kalayan upacara nutu paré jadi kagiatan puncak acara, sarta dibarengan ku rupa-rupa kasenian tradisional masarakat agraris Sunda dina jaman baheula.[1]
3. Sintrén
éditSintrén nyaéta salah sahiji kasenian tradisional anu nuduhkeun ayana aktipitas ibingan nu dipirig ku alat musik. Alat musikna di antarana aya kendang, jeung kendi, sarta biasana aya sindén anu ngahaleuangkeun lagu-lagu Sulasih Sulandana jeung lagu Turun Sintrén. Ieu tatabeuhan jeung lalaguan téh marengan anu ngibing tadi. Kasenian sintrén digunakeun salaku hiburan di masarakat, biasana di antara kagiatan sarta dilaksanakeun wanci burit. Sajaba ti éta ieu kasenian téh biasana dijadikeun ritual pikeun ménta hujan, jeung kaberkahan.[39]
4. Kawin Cai
éditKawin cai téh kaasup kana salah sahiji seni budaya anu aya di désa Babakan Mulya jeung Maniskidul, Kacamatan Jalaksana. Kawin cai digelar sanggeus panén paré di masarakat satempat, salaku wujud atawa tanda sukuran kana hasilna tatanén jeung ngolah lahan tani, sarta ayana cai subur. eu tradisi dilaksanakeun biasana dina poé Juma'ah Kaliwon.[1]
5. Pésta Dadung
éditPésta Dadung téh asalna ti Désa Cilebak, Kacamatan Cilebak, kabupatén Kunungan. Seni ieu mangrupa wujud tanda sukur para patani ka nu aha Kawasa, sabab geus dibéré kalancaran salila tatanén sarta hasilna anu nyugemakeun.[1]
6. Cingcowong
éditCingcowong nyaéta seni Budaya ti wewengkon beulah wétaneun Luragung -Kuningan.[40] Kasenian ieu dipagelarkeun dina usum halodo panjang atawa dina mangsa kagaringan, sabab tujuan tina ieu kasenian téh nyaéta pikeun ménta hujan, sarta ieu kagiatan téh biasana ngandung unsur magis. [1] [41]Di jaman baheula, cingcowong dikomandoan ku salah sahiji awéwé anu ngaranna Rantasih. Inyana ngajak warga sabudeureun pikeun usaha ngungkulan kaayaan halodo panjang.[42] Cingcowong mangrupa ngaran bonéka sawah (bebegig).[43] Ari bentuk bonéka cingcowong téh mirupakeun awéwé anu geulis.[44]
7. Babarit Désa
éditTradisi atau upacara Babarit di Kabupatén Kuningan téh jadi agénda taunan anu dilakukeun pikeun ngaramékeun kagiatan milangkalana Kabupatén Kuningan sarta jadi kagiatan ngadoa.[45] Tradisi Babarit sacara filosofis hartina wujud rasa sukur, ngajaga alam, babagi jeung ngadoakeun para luluhur. Biasana dipirig ku gamelan jeung ibingan, sarta ayana ciri kadaharan khas nyaéta tumpeng.[46] Upacara Babarit dilaksanakeun ku sakabéh masarakat Desa Sagarahiang.[47]
8. Tari Buyung
éditTari Buyung téh tarian nu dilakukeun ku wanoja, ngagunakeun pakéan tradisional khas Kacamatan Cigugur. Bari ngibing téh, para penari némbongkeun kamonésanna utamana kamonésan dina sirahna anu mawa buyung. Tari Buyung biasana jadi penglengkep dina kagiatan tradisi sérén taun.[48] Buyung nyaéta alat ngala cai tradisional nu dijieun tina tambaga.[49] Ieu tarian ogé saolah-olah ngagambarkeun kahirupan para wanoja pilemburan anu keur ngala cai ka wahangan.[50] Tari Buyung jadi simbul tina ni'mat nu dipaparinkeun ku Gusti ngenaan alam semesta anu éndah tur subur, utamana mangrupa cai.[51]
9. Goong Rénténg
éditGoong Rénténg nyaéta kasenian tradisiona anu muncul nalika acara-acara nu tangtu, biasana pikeun ngaramékeun acara tradisi.[52] Goong rénténg disebut-sebut geus umu 200 taun, nyaéta milik Abah Raksajaya ti Kalurahan Sukamulya, Kacamatan Kuningan.[52] Ari anu disebut Goong Rénténg téh nyaéta sajumlah gamelan anu dijieun tina perunggu, anu ngawengku bonang, salukat, gangsa (gambang), goong gedé jeung dua goong leutik.[53] Goong Rénténg baheulana mangrupa média pieun siar Islam anu dilakukeun ku Sunan Gunung Djati.[54]
10. Gemyung
éditGembyung mangrupa salah sahiji seni musik tradisional anu nepi ka kiwari masaih hirup di Jawa Barat, hususna di Kabupatén Kuningan.[55] Kasenian gembyung biasana dipintonkeun dina upacara-upacara kagiatan agama Islam, upamana muludan, rajaban, suroan jeung sajabana. [56]
11. Tayub
éditTayub biasana dilaksanakeun dina kagiatan-kagiatan hajatan, acara sérémoni jeung sajabana. Tayub muncul ti jaman Sunan Kalijaga nepi ka mangsa penjajahan Belanda.[57]
12. Kuda Lumping
éditDi antara parade seni budaya anu dipiboga ku masarakat Kuningan, kuda lumping mangrupa budaya anu masih kénéh hirup, salah sahijina di wewengkon belah Wétan kota Kuningan, nyata Désa Panyosogan, Kacamatan Luaragung.[58] Kuda lumping pikeun masarakat awam kasohor salaku atraksi hiburan anu ngadahar beling, dilakukeun ku pamaénna, padahal aya carita jeung niléy pilosopis di jerona.[59] Biasana kuda lumping nyuguhkeun adegan tarian prajurit berkuda, atraksi kekebalan, kasurupan jeung unsur-undur magis upamana dipecut jeung ngadaghar beling.[60]
13. Seni Buroq
éditSeni burok mangrupa salah sahiji seni arak-arakan anu hirup di daérah Cirebon, sarta paling sering digunakeun pikeun sarana upacara sunatan.[61] Kasenian burok lahir di Cirebon téh kira-kira taun 1920, di Désa Kalimaro, Kacamatan Babakan.[62] Burok satuluyna sumebar ka Majaléngka jeung Kuningan. Malah nepi ogé ka Jawa Tengah.[61] Conto grup seni burok anu aya di Kacamatan Cibingbin Kuningan nyaéta grup Cahaya Nada pingpinan Pa Eman Sudarman.[63]
Panjang jimat rutin dilaksanakeun unggal taun di Kabupatén Kuningan. Acara ieu biasana dilaksanakeun di masjid, utamana di Masjid Désa Pamulihan anu dilaksanakeun nalika muludan.[64] Panjang jimat miboga ma'na pikeun ngahormat para luluhur di Désa Pamulihan.[65] Tadisi anu dimaksud nyaéta ritual meresihan barang pusaka.[66]
Kadaharan Has Kuningan
édit1. Peyeum ketan
2. Gemblong / Ketempling
3. Keupeut / Koecang
4. Kripik Gadung
5. Beuleum Opak
6. Kripik Sampeu
7. Cuhcur
8. Angling
9. Papais Monyong
10. Wajit Subang
11. Emping Kiripik Tangkil
12. Ranginang
13. Kupat tahu (Hucap)
14. Gémét (Dagé Semét)
15. Sop Tutut
16. Rujak Kangkung[1]
Inuman Has Kuningan
édit1. Jeruk Nipis
2. Wédang Jahé
3. Wédang Konéng
4. Cuwing
5. Sirop Limus[1]
Asésoris Has Kuningan
édit1. Peti Antik
2. Céngcéléngan
3. Batu Cingcin
4. Kerang Lukis
5. Timah Putih
6. Pernak-pernik
7. Anyaman Awi
8. Karajinan kai[1]
Galéri
édit-
Gapura Batas Kuningan
-
Gunung Ciremai
Rujukan
édit- ↑ a b c d e f g h i j k https://badan-penghubung.jabarprov.go.id/potensi-kabupaten-kuningan/. Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
- ↑ a b "Letak dan Keadaan Geografis". Pemerintah Kabupaten Kuningan (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-01-28 di Wayback Machine
- ↑ a b https://badan-penghubung.jabarprov.go.id/potensi-kabupaten-kuningan/. Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j "Lambang Daerah". Pemerintah Kabupaten Kuningan (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2022-12-08 di Wayback Machine
- ↑ a b Bagaskara, Bima. "Makna Logo Kabupaten Kuningan: Subur Tentram di Kota Kuda". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af Hermawan, Wawan. 2000.Kuningan Menembus Waktu. Jakarta:PT Martindo Gilang Pratama. Halaman 30
- ↑ Kilas Sejarah Kuningan Archived 2014-06-20 di Wayback Machine diakses tanggal 16 Oktober 2011
- ↑ a b c S.Ekadjati,Edi. 2003. Sejarah Kuningan. Bandung:PT.Kiblat Buku Utama
- ↑ a b "SMK di Kab. Kuningan - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ https://www.umm.ac.id/id/pages/jawa-barat/data-sma-dan-smk-kab-kuningan.html. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ a b "SMK di Kec. Darma - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Selajambe - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Cibingbin - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Luragung - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Ciawigebang - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Garawangi - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Kuningan - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Kramatmulya - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Jalaksana - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Cilimus - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Mandirancan - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Pancalang - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Garawangi - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Japara - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Sindangagung - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Maleber - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Cidahu - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "SMK di Kec. Cigugur - Data Sekolah". data.sekolah-kita.net. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "Keindahan Telaga Remis dan Dibalik Cerita Mitosnya". Indonesia Kaya. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2021-11-17 di Wayback Machine
- ↑ "Telaga Remis, Tempat Wisata Paling Romantis - NativeIndonesia.com". www.nativeindonesia.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ Media, Kompas Cyber. "Telaga Remis Kuningan, Daya Tarik, Harga Tiket, dan Rute Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "Telaga Remis yang masih Terjaga Keasriannya di Kuningan Jawa Barat - Jawa Barat". ksmtour.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "Sejarah Gedung Perundingan Linggarjati, Pernah Jadi 'Gubuk Janda' hingga Hotel". merdeka.com. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "museumindonesia.com - Gedung Perundingan Linggarjati". www.museumindonesia.com. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ "Museum Linggarjati, Gedung Bersejarah Perjuangan Diplomatik Indonesia". Indonesia Kaya. Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2021-08-02 di Wayback Machine
- ↑ "Gedung Perundingan Linggarjati, Mesin Waktu Perjuangan Pahlawan Di Kuningan - NativeIndonesia.com". www.nativeindonesia.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27. Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
- ↑ (PDF) https://lib.ui.ac.id/file?file=digital/122708-T%2025941-Cingcowong%20di%20Kuningan%20Pendahuluan.pdf. Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
- ↑ "Upacara Seren Taun". Pemerintah Kabupaten Kuningan (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2022-12-08 di Wayback Machine
- ↑ https://journal.uhamka.ac.id/index.php/jhe/article/view/4732. Archived 2022-08-09 di Wayback Machine
- ↑ Admin_BPK_Wil_IX. "Cingcowong Ritual Meminta Hujan". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-24. Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
- ↑ Afrillia, Dian. "Cingcowong, Ritual Memanggil Hujan dengan Boneka Serupa Jelangkung". www.goodnewsfromindonesia.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-24. Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
- ↑ "Cingcowong, Ritual Memanggil Hujan ala Warga Kuningan yang Gunakan Boneka Cantik". merdeka.com. Diakses tanggal 2023-02-24. Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
- ↑ Hidayat, Lina Marliana (2015-11-01). "CINGCOWONG: UPACARA RITUAL MEMINTA HUJAN DI DESA LURAGUNG LANDEUH KECAMATAN LURAGUNG KABUPATEN KUNINGAN" (dalam bahasa en). Ekspresi Seni : Jurnal Ilmu Pengetahuan dan Karya Seni 17 (2): 230–243. doi:10.26887/ekse.v17i2.105. ISSN 2580-2208. https://journal.isi-padangpanjang.ac.id/index.php/Ekspresi/article/view/105. Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
- ↑ PT, Koropak Media Parahyangan. "Cingcowong, Ritual Masyarakat Kuningan Memanggil Hujan". koropak.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-24. Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
- ↑ Kuningan, Disporapar. "Tradisi Budaya Babarit Kuningan Harus di Lestarikan – DISPORAPAR Kabupaten Kuningan" (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ "Babarit, Tradisi yang menjadi Ciri Milangkala Kuningan". Pemerintah Kabupaten Kuningan (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ Admin_BPK_Wil_IX. "Upacara Tradisional Babarit di Kabupaten Kuningan". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ "Tari Buyung dari Kuningan Ini Unik Banget, Simbolkan Harmonisasi Manusia dan Air". merdeka.com. Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ Gunawan, Iwan. "Mengenal Tari Buyung Kuningan yang Sarat Makna, Wujud Rasa Syukur Musim Panen". Turisian.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ "Tari Buyung, Seni Tari dari Kuningan Sebagai Ungkapan Rasa Syukur" (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ Rifa'i, Slamet. "√ Mengenal Tari Buyung Kuningan Jawa Barat, Sejarah, Pola Lantai". Riverspace (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ a b "Goong Renteng". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ DJKI. "GOONG RENTENG | KI Komunal | DJKI". covid19.go.id. Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ "Kuningan Media | Goong Renteng, Media Syiar Islam". kuninganmedia.com. Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ Admin_BPK_Wil_IX. "Gembyung, Seni Musik Tradisional Jawa Provinsi Barat". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ "PELESTARIAN KESENIAN GEMBYUNG (TERBANGAN) TERKENDALA REGENERASI". Kuningan Religi | Berita Kuningan Hari Ini (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ "Tayub Tuban Dikepung Budaya Modern". Surya.co.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-25. Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
- ↑ "Kuda Lumping Panyosogan". saegaleri.com. Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ Akhmad, Irwan. "Kuda Lumping Tak Sekadar Makan Beling". Bandung Klik (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ Ananda. "Tari Kuda Lumping: Sejarah, Makna, Jenis, dan Properti yang Digunakan". Gramedia Literasi (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-04 di Wayback Machine
- ↑ a b (PDF) https://media.neliti.com/media/publications/357798-seni-burok-cirebon-simbol-dan-makna-f66abefe.pdf. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "BUROQ". Suara Jabar Satu (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "Organisasi Kesenian". Pemerintah Kabupaten Kuningan (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2022-12-08 di Wayback Machine
- ↑ Mustawan, Agus. "Tradisi Panjang Jimat Diperingatan Maulid Nabi". Kuningan Mass (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ https://tabloidlintaspena.com/bupati-kuningan-hadiri-acara-panjang-jimat-di-desa-pamulihan/. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
- ↑ "Kuningan Media | "Panjang Jimat" Warnai Maulid Nabi di Pamulihan". kuninganmedia.com. Diakses tanggal 2023-02-26. Archived 2023-02-26 di Wayback Machine