Longsér
Longsér nyaéta salah sahiji kasenian nu méntaskeun carita nu miboga nilai-nilai luhur nu raket jeung kahirupan masarakat.[1] Nilai-nilai nu aya dina carita longsér téh bakal dipangaruhan ku jejer nu geus ditangtukeun.[1] Longsér diwangun ku sababaraha bagian penting nu jadi ciri tina kasenian éta.[1] Pagelaran longsér téh biasana dibarung ku nayaga, pamaén, jeung bodoran nu miboga daya tarik sorangan keur panongton.[2] Salian ti éta, pagelaran longsér ilaharna mineng dipidangkeun peuting-peuting.[1] Lamun pagelaran nu dipidangkeunna siang disebutna lontang.[3] Longsér mangrupa salah sahiji téater rahayat Tatar Sunda nu hirup di daérah Priangan, pernahna di Bandung Kidul Daérah Ranca Manyar Kacamatan Pameungpeuk.[4]
Pakakas pikeun nyaanganana disebut oncor nu miboga sumbu tilu atawa lima. Disimpen di tengah-tangah, sedengkeun gamelan disimpen di tukang sakalian pikeun tempat para anggota rombongan ngaganti raksukanana.
Raksukan Awéwé jeung Lalaki
éditPara pamaén nu awéwé disebut Ronggéng anu salah sahijina disebut Sripanggung. Raksukan Ronggéng ilaharna nyaéta dikabaya, dikarémbong (selendang), disanggul anu dipakékeun manglé, tuluy maké hiasan saperti subang, kalung, gelang, cincin, jeung bros. Sedengkeun pamaén lalaki ngagunakeun raksukan jawara saperti sarung, kamprét, iket barangbangsémpak bari mawa golok anu diselipkeun kana sabuk kulit anu lébar, mamaké gelang akar bahar, batu ali nu gararedé.[5]
Prak-Prakan Pintonan
éditBiasana dina prak-prakan pagelan longsér téh sok dimimitian ku wawayangan atawa mamarung, para ronggéng ngibing bari hahaleuangan pikeun ngirut ati panongton. Biasana éta ronggéng-ronggéng téh sok maké ngaran-ngaran lauk saperti Si Jelér, Si Tawés, Si Sepat, Si Kumpay, jsb. Para panongton anu bisa makékeun sarung, kopéah, arloji, kacamata, saputangan, jsb ka ronggéng anu dipilihna. Saréngséna ngibing, éta barang-barang téh dibalikeun deui ka nu bogana tur dibarengan ku tebusan duit. Ti dinya, kakara wéh muncul banyolna, anu dipingpin ku éta rombongan nu ngucapkeun hatur nuhun ka para panongton bari ngawanohkeun rombongan jeung Sripanggung sarta ronggéng-ronggéng bari ngabanyol. Acara dituluykeun ku ngibing sacara papasangan antara sripanggung jeung jawara, tuluy diturantan ku para ronggéng.[6]
Struktur Longsér
édit- Tatalu jeung lagu Gonjing, minangka béwara yén pintonan Longsér dimimitian.[4]
- Kidung, minangka bubuka anu dianggap mibanda kakuatan magis pikeun usaha pintonan lancar ogé dipaké lagu persembahan dina arwah karuhun, kidung biasana dinyanyikan ku ronggéng anu dina kamekaranna dinyanyikan ku Sindén.[4]
- Ronggéng anu dimimitian ku wawayangan.( kalayan ngawanohkeun para ronggéng maké landian kawas si Batrési Oray, Si Asoy,si Géboy. Tari anu dibawakeun nyaéta ketuk tilu / Cikeruhan).[4]
- Bobodoran jeung musik sarta tarian, biasana bodor nurutan tarian ronggéng.[4]
- Penclut pintonan Longsér mintonkeun hiji lakon anu dicokot tina kahirupan sapopoé.[4]
Referensi
édit- ↑ a b c d http://lss.unit.itb.ac.id/index.php?option=com_content&view=article&id=33&Itemid=26(Diaksés[tumbu nonaktif] kaping 8 Oktober 2011)
- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.
- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.
- ↑ a b c d e f (id) http://www.bandungkab.go.id/index.php?option=com_content&task=view&id=318&Itemid=212(Diaksés[tumbu nonaktif] kaping 8 Oktober 2011)
- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.
- ↑ Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.
Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |