Dulang
Dulang nyaéta parabot tradisional tina kai, dipaké pikeun wadah dina prosés masak sangu ku cara diseupan. Mimitina dulang dipaké paranti ngarih, satuluyna paranti wadah ngakeul jeung paranti wadah sangu.[1]
Gambaran
éditDulang dijieun tina kai golondongan ku cara diliangan tapi teu parat (ngalogak), wujudna liangna kawas aseupan anu tibalik.[1] Garis tengahna bagian luhur nyaéta kira-kira 30–45 cm (gumantung kana kai anu dipaké).[1] Jerona liang moal jauh jeung ukuran garis-garis sisina liang.[1] Kandelna sisi liang dulang antara 3,5–5 cm.[1][2]
Dulang tambaga
éditDumasar kana tutupna aya dua nyaéta aya anu tutupan jeung aya anu euweuh tutupan.[3] Dumasar kana ukuran aya nu gedé aya nu leutik.[3] Dumasar kana gunana aya anu kusus paranti nendeun kadaharan samodél baki.[3] Biasana dulang éta sok dipaké di kalangan Raja anu sok disenut pahar.[3] Wangunna ogé béda jeung dulang anu lainna.[3] Dumasar kana jenisna aya anu sukuan aya anu henteu.[3] Dulang anu aya sukuan biasana dipaké di karajaan.[3] Ukuran diaméterna antara 15–25 cm, jerona 4 cm.[3] Sisina biasana aya ukiran, di tengah-tengahna aya suku dulang anu panjangna antara 3–7 cm.[3] Bagian handap biasana leuwih gedé ti batan anu luhurjeung tengah, diaméterna 10 cm.[3] Sedengkeun dulang anu euweuh sukuan wangunna buleud diaméterna antara 10–20 cm kalayan jerona 4 cm.[3]
Kagunaan Dulang
éditSalain wadah pikeun ngarih keur nyangu dulang ogé dipaké paranti nutu béas ketan jadi ulén, opak, jeung paranti ngalemeskeun kulub sampeu jadi ulén sampeu atawa gegetuk.[1] Dulang dijieun tina awi tina tangkal kalapa, nangka atawa tangkal lainna. Bahan anu alus nyaéta tina tangkal nangka ku sabab ngahasilkeun dulang anu lemes jeung warnana ka konéng-konéngan. Sedengkeun lamun tina tangkal kalapa mah kurang alus ku sasab dulangna bakal kasar.
Dulang dina kabudayaan Sunda
éditDina kabudayaan Sunda, aya babasan jeung paribasa nu ngandung kecap dulang nyaéta Awéwé téh dulang tinandé, Keur meujeuhna bilatung dulang, Nyaah dulang, salain ti éta aya kekecapan dulang dina wawangsalan.[1]
catetan
édit- ↑ a b c d e f g Rosidi,Ajip Spk. 2000.Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Kaca 203-204
- ↑ Luthfiyani, Lulu (2016). BUDIDAYA IKAN GABUSLuthfiyani. Jakarta: Frasa Lingua. p. 23. ISBN 9786026475275. Disungsi16 Mei 2024
- ↑ a b c d e f g h i j k Dulang Tembaga Archived 2011-11-20 di Wayback Machine